:

Lukas 19

1

Yesus lebet ka kota Yeriho, sarta angkat-Na terus ngalangkungan eta kota.

2

Di dinya aya hiji kapala tukang mulung pajeg, ngaranna Sakeus, jelema beunghar.

3

Manehna ihtiar hayangeun nenjo saha Yesus teh. Tapi ku sabab kahalangan ku jalma loba tur awakna pendek, ihtiarna teu hasil.

4

Tuluy lumpat miheulaan jalma loba, terekel naek kana hiji tangkal rek megat Yesus anu baris ngalangkung ka dinya.

5

Sumping ka lebah dinya Yesus tanggah sarta ngalahir, "Sakeus, geuwat turun! Poe ieu Kami rek nganjang ka maneh."

6

Sakeus turun tuturubun, tuluy ngamanggakeun ka Yesus bangun kacida atoheunana.

7

Tapi jelema-jelema jadi gegelendeng, pokna, "Kumaha Anjeunna teh? Bet kersa calik ka jelema anu doraka kitu!"

8

Sakeus unjukan ka Yesus, nangtung ajeg, "Juragan, harta banda abdi satengahna bade dihajatkeun ka nu mariskin. Sareng upami harta abdi aya anu kenging nipu, bade dipulangkeun opat kalieun."

9

Pilahir Yesus, "Poe ieu, ieu imah geus didatangan ku kasalametan, sabab ieu jelema teh turunan Ibrahim keneh.

10

Putra Manusa pang sumping teh rek neangan jeung nyalametkeun jelema nu leungit."

11

Sabot jalma-jalma ngabarandungan keneh, Yesus terus nyarioskeun hiji misil. Harita Anjeunna geus deukeut pisan ka Yerusalem, sarta jalma-jalma nyarangka yen Karajaan Allah geus tereh ngawujud.

12

Ku sabab kitu, kieu saur-Na, "Aya hiji jalma bangsawan, angkat ka hiji nagri jauh arek diangkat dijenengkeun raja, sarta sabadana seja mulih deui.

13

Memeh angkat, anjeunna ngumpulkeun sapuluh gandekna tuluy dititipan duit masing-masing sagebleg uang emas. Saurna, ‘Golangkeun ku maraneh sabot kami indit.’

14

Tapi urang dinya teu raresepeun ka anjeunna. Ku sabab kitu sanggeus anjeunna angkat, maranehna ngirim utusan nepikeun piunjuk, ‘Sim kuring sadaya teu suka dirajaan ku anjeunna!’

15

Tapi eta bangsawan teh jadi dijenengkeunana raja, tuluy mulih. Geuwat nimbalan supaya gandek-gandek anu dititipan duit teh ngadareuheus, hoyongeun uninga kauntungan masing-masing.

16

Piunjuk nu ngadeuheus pangheulana, ‘Juragan, tina artos emas Juragan anu sagebleg teh kenging untung sapuluh artos emas.’

17

‘Alus,’ walerna, ‘maneh gandek anu hade gawe! Ku sabab maneh gumati ka nu saeutik, ku kami rek dibere nyekel sapuluh kota.’

18

Ngadeuheus anu kadua, unjukan, ‘Juragan, tina artos emas Juragan anu sagebleg teh kenging untung lima artos emas.’

19

Walerna ka nu ieu, ‘Maneh rek dibere nyekel lima kota.’

20

Ari gandek nu saurang deui kieu unjukanana, ‘Juragan, artos kagungan teh ieu, ku abdi dibungkus ku saputangan.

21

Abdi sieun, reh terang Juragan bengis, sareng sok nyandak sanes kagungan ku anjeun, ngala sanes pelak ku anjeun.’

22

Walerna, ‘Gandek goreng hate! Saomong maneh bieu ku kami rek dipake ngahukum ka maneh! Ceuk maneh kami jelema bengis, sok nyokot anu batur, sok ngala pepelakan batur.

23

Nyaho kitu ku naon duit kami ku maneh teu digolangkeun, supaya ari kami datang eta duit katarima deui jeung batina?’

24

Raja ngalahir ka nu araya di dinya, saurna, ‘Cokot duit kami ti eta jelema, bikeun ka gandek anu meunang sapuluh uang emas.’

25

Jawab anu diparentah, ‘Juragan, manehna parantos gaduh sapuluh uang emas.’

26

Waler raja, ‘Sing nyaraho, nu geus boga bakal dibere deui, sabalikna nu can boga, naon nu aya di manehna keur saeutik teh bakal dicokot pisan.

27

Ayeuna kari musuh-musuh kami, anu arembungeun dirajaan ku kami. Seredan ka dieu, paraehan hareupeun kami!’"

28

Sanggeus sasauran kitu, Yesus ngalajengkeun angkat-Na ka Yerusalem, angkat-Na di payun.

29

Deukeut kota Betpage jeung Betania, deukeut Gunung Jetun, Anjeunna miwarangan dua murid,

30

saur-Na, "Terus ka ditu ka kampung beh hareup. Sasupna ka ditu maraneh bakal manggih anak kalde keur dicangcang, tacan kungsi aya anu numpakan. Buka talina terus bawa ka dieu.

31

Lamun ditanya ku naon dileupaskeun, bejakeun yen diperlukeun ku Juragan."

32

Dua murid tuluy arindit, ti heula, enya bae manggih anak kalde sakumaha pilahir-Na.

33

Keur diudaran talina, nu bogana nanyakeun, "Ku naon eta kalde dileupaskeun?"

34

Dijawab, "Diperlukeun ku Juragan."

35

Kalde disanggakeun ka Yesus, geus ditilaman ku jubah maranehanana. Yesus dibarantuan nitih kana kalde.

36

Sanggeus Yesus majeng, jalma-jalma ngalamparkeun papakeanana di jalan.

37

Di pupudunan Gunung Jetun, geus deukeut ka Yerusalem, jelema-jelema nu ngariringkeun mimiti surak ngamulyakeun jeung nganuhunkeun ka Allah lantaran geus dipareng narenjo sagala perkara anu aragung.

38

Pokna, "Mugia diberkahan, Raja anu sumping kalayan pajenengan Pangeran! Kerta di sawarga, mulyakeun Allah!"

39

Urang Parisi anu araya campur jeung nu loba mihatur ka Yesus, "Guru, repehkeun eta para panganut Guru teh!"

40

Waler Yesus, "Lamun maranehna repeh, sing percaya, batu-batu anu bakal surak."

41

Anjeunna beuki deukeut ka Yerusalem. Sanggeus eta kota katingalieun, Anjeunna ngalimba,

42

saur-Na, "Tada teuing hadena upama heug maneh poe ieu nyaho ka nu rek ngadatangkeun kakertaan. Hanjakal eta ku maneh ayeuna henteu katenjo!

43

Maneh bakal nyorang mangsa dikepung ku musuh, sakurilingna rekep dijaga dipegatan ku panghalang, didesek ti unggal juru.

44

Maneh jeung sakumna rahayat di jeroeun kuta tangtu lebur ku musuh; kabeh adegan batuna geus moal aya hiji-hiji acan anu nyusun sakumaha tadina, lantaran waktu Allah sumping nyandak pitulung ku maneh teu dipalire."

45

Ti dinya Yesus lebet ka Bait Allah; padagang-padagang anu keur daragang di dinya diusiran,

46

sarta saur-Na, "Geus ditulis dina Kitab Suci yen Allah ngandika, dawuhana-Na, ‘Bait Kami bakal disarebut tempat paragi sembahyang.’ Ari ku maraneh geus dijieun sayang begal!"

47

Saban poe Yesus ngawulang di Bait Allah. Imam-imam kapala, guru-guru agama, jeung para pamingpin urang Yahudi geus harayangeun maehan ka Anjeunna,

48

ngan teu manggih jalan, lantaran jalma-jalma taronggoy bae ngadarengekeun ka Anjeunna semu anu parogot kana saucap-ucap kasaurana-Na.

Link: