Lukas 18
Geus kitu Yesus nyarioskeun ieu misil ka murid-murid, pikeun ngajar supaya maranehna salawasna rajin neneda jeung ulah leutik hate.
Kieu saur-Na, "Di hiji kota aya hiji hakim anu teu sieuneun ku Allah jeung teu padulian ka batur.
Di kota eta keneh aya hiji randa anu ngan pulang-anting bae ka eta hakim, menta dibelaan perkarana, pokna, ‘Tulungan abdi mayunan lawan!’
Lila eta hakim teh embungeun ngadenge pamentana, tapi tungtungna ceuk hatena, ‘Najan aing teu sieun ku Allah jeung teu padulian ka batur ge,
tapi ku sabab ieu randa kacida ngagangguna, keun ku aing rek dibela, sabab lamun henteu manehna bakal datang deui, datang deui, musingkeun aing!’"
Saur-Na deui, "Tengetan omongan eta hakim anu teu bener teh!
Ku sabab kitu, naha enya Allah moal kersaeun ngabelaan ka umat-Na ku manten anu beurang peuting nyambat pitulung-Na? Naha enya bakal talangke nulungan ka umat-Na?
Sing percaya: Mantenna bakal gancang ngabela perkara maranehna. Tapi engke dina waktu Putra Manusa sumping, naha bakal mendak jelema anu percaya di ieu bumi?"
Yesus nyarioskeun deui ieu misil, pikeun jelema-jelema anu ngarasa dirina sorangan jelema hade, ari ka nu lian ngahandapkeun.
Kieu misil-Na: "Hiji mangsa aya dua jelema arindit ka Bait Allah rek neneda; nu saurang urang Parisi, nu saurang deui tukang mulung pajeg.
Urang Parisi nangtungna misah, nenedana kieu, ‘Nun Allah, sim kuring muji sukur ka Anjeun, dumeh sim kuring henteu sami sareng jalmi sanes, anu sararakah, anu teu jalujur, anu sok jarinah. Sim kuring muji sukur lantaran henteu sapertos itu, tukang mulung pajeg.
Sim kuring mah sok puasa saminggu dua kali, sareng sok nyanggakeun perpuluhan tina sagala pangasilan sim kuring.’
Ari tukang mulung pajeg nangtungna di nu jauh, jeung nenedana mani ngeluk teu wani tanggah, bari ngusap-ngusap dadana. Kieu nenedana, ‘Nun Allah, sim abdi nyuhunkeun piwelas, rumaos jalmi doraka!’
Sing percaya," saur Yesus, "waktu maranehna balik ka imah, anu bakal dibenerkeun ku Allah teh tukang mulung pajeg, lain urang Parisi. Sabab saha-saha anu ngagulkeun diri sorangan bakal dikahandapkeun, saha-saha anu ngahandapkeun diri sorangan bakal dijungjung."
Aya anu daratang marawa anakna anu laleutik keneh ka Yesus, supaya ku Anjeunna dicabak. Ku murid-murid dicarekan teu meunang karitu.
Tapi barudak teh ku Yesus disalaur. "Ingkeun ieu barudak teh sina ka Kami," saur-Na, "ulah dihalang-halang. Sabab nya jelema anu hatena kawas ieu barudak anu bakal jadi umat Karajaan Allah teh.
Saha-saha anu hatena henteu cara hate barudak leutik, moal bisa jadi umat Karajaan Allah."
Aya hiji pamingpin urang Yahudi naros ka Yesus, "Pa Guru nu sae manah, sim kuring teh kedah kumaha supaya tiasa nampi hirup anu langgeng?"
Waler Yesus, "Ku naon Kami disebut hade hate? Anu sae manah mah teu aya deui ngan Allah.
Anjeun terang kana timbalan-timbalan anu kieu: ‘Maneh ulah jinah; maneh ulah maehan; maneh ulah maling; maneh ulah nuduh teu karana nyata; sing hormat ka bapa jeung ka indung.’"
Jawabna, "Sumuhun, eta parantos dilakonan ti ngongora."
Lahiran Yesus, "Aya saperkara deui anu kudu dilakonan. Jualan kabeh babandaan, duitna sidekahkeun ka nu mariskin, supaya meunangkeun harta anu di sawarga, tuluy ka dieu anut ka Kami."
Dilahiran kitu eta jelema mani ngaheruk, kawantu kacida beungharna.
Ningali kanalangsaan manehna Yesus ngalahir, "Kacida banggana jelema beunghar asup ka Karajaan Allah teh!
Babari keneh onta moncor kana liang jarum ti batan nu beunghar asup ka Karajaan Allah."
Ngadarenge saur-Na kitu jelema-jelema naranya, "Upami kitu, atuh saha nu pisalameteun?"
Waler Yesus, "Perkara anu mustahil di jelema, Allah mah iasaeun bae."
Piunjuk Petrus, "Tingali! Abdi-abdi parantos ngantunkeun saniskanten, ngiring ka Bapa."
"Bener," waler Yesus. "Jeung sing percaya, saha-saha anu iklas ninggalkeun imahna atawa pamajikanana, atawa dulur-dulurna, atawa indung bapana atawa anak-anakna tina sabab Karajaan Allah,
bakal nampa sababaraha patikelaneun di jaman ayeuna, jeung bakal hirup langgeng di jaman engke."
Murid-murid ku Yesus dicandak nyisi, sarta Anjeunna tuluy ngalahir ka maranehna, "Darengekeun! Ayeuna urang keur ka Yerusalem. Di ditu, naon-naon anu geus ditulis ku nabi-nabi tina hal Putra Manusa bakal kajadian.
Anjeunna bakal diserenkeun ka bangsa anu anutna lain ka Allah, pada moyok, pada ngahinakeun, jeung pada nyiduhan,
tuluy dirangket, tungtungna dipaehan. Tapi sanggeus tilu poe ti semet eta bakal hirup deui."
Tapi murid-murid-Na teu ngalartieun naon-naon kana hal eta, maranehanana paroekeun, pilahir Yesus teh henteu kajudi maksudna.
Sanggeus Yesus meh sumping ka kota Yeriho, aya nu lolong keur diuk musapir di sisi jalan.
Ngadenge loba jelema ngaliwat manehna nanyakeun, "Aya naon?"
Dijawab, "Yesus urang Nasaret keur ngalangkung."
Gero manehna sasambat, "Nun Yesus, Putra Daud, sing hawatos ka abdi!"
Ku anu laleumpang panghareupna dicarek, dititah repeh, tapi sasambatna leuwih tarik, "Nun Putra Daud! Masing hawatos ka abdi!"
Yesus ngarandeg, nu lolong teh dipiwarang dicandak ka Anjeunna. Sanggeus aya di payuneuna-Na ku Anjeunna dipariksa,
"Hayang dikumahakeun ku Kami teh?" Jawabna, "Juragan, abdi teh hayang tiasa ningal deui."
Saur Yesus, "Heug, sing bisa nenjo deui! Maneh geus cageur lantaran percaya."
Sapada harita keneh ge bisaeun nenjo, terus ngiring ka Yesus bari muji ka Allah. Jelema rea nu harita nyaraksian oge tuluy maruji ka Allah.