:

Lukas 22

1

Pesta Roti Teu Diragian anu disebutna Paska, geus deukeut.

2

Para imam kapala jeung guru-guru agama keur nareangan jalan sangkan bisa maehan Yesus, tapi hayangeun rerencepan lantaran sarieuneun ku jalma rea.

3

Ti dinya Iblis nyurup ka hiji murid anu ngaran Yudas Iskariot, nya eta salah sahiji murid ti nu dua welas tea.

4

Tuluy Yudas indit nepungan imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah, nerangkeun akal hianatna rek nyerenkeun Yesus ka maranehna.

5

Maranehanana kacida aratoheunana, sarta jangji rek mere duit ka Yudas.

6

Yudas mupakat, tuluy neangan kasempetan rek nyerenkeun Yesus ka maranehanana bari ulah kanyahoan ku jalma rea.

7

Pesta Roti Teu Diragian tea geus mimiti; domba keur jamuan Paska kudu dipeuncit.

8

Yesus miwarangan Petrus jeung Yohanes pikeun nyayagikeun eta kaperluan, saur-Na, "Geura arindit ka kota nyadiakeun kaperluan dahar Paska."

9

"Kapalay Bapa disayagikeun di mana?" pihatur maranehna.

10

Waler-Na, "Engke, barang maraneh asup ka kota, bakal papanggih jeung jelema anu mawa wadah cai. Tuturkeun nepi ka manehna asup ka imahna.

11

Kieu maraneh kudu ngomong ka nu boga imah, ‘Pa Guru miwarang mariksakeun, saur-Na: Mana kamar pikeun Kami dahar Paska jeung murid-murid teh?’

12

Maraneh bakal dituduhan hiji kamar di loteng, lega jeung sagala paparabotanana geus sadia."

13

Maranehna tuluy arindit; sakur anu disaurkeun ku Yesus teh kapanggih, tuluy maranehna nyadiakeun tuangeun keur jamuan Paska.

14

Nepi kana waktu tuang, Yesus calik tuang jeung rasul-rasul-Na.

15

Anjeunna ngalahir, "Geus lila Kami hayang dahar Paska cara ayeuna bareng jeung maraneh teh, samemeh Kami dikaniaya.

16

Sabab sabalakana mah Kami moal ngadahar deui jamuan Paska, nepi ka mangsa harti tina ieu jamuan teh engke kabuka di Karajaan Allah."

17

Geus kitu Anjeunna nyandak hiji lumur anggur, muji sukur ka Allah, tuluy ngalahir, "Ieu tampanan, bagikeun.

18

Ari Kami ti semet ieu moal nginum deui ieu anggur nepi ka waktu ngadegna Karajaan Allah."

19

Geus kitu Yesus nyandak roti, sarta sanggeusna muji sukur ka Allah, rotina disemplekan tuluy dipasihkeun ka murid-murid bari lahir-Na, "Ieu teh badan Kami, nu dipasrahkeun pikeun maraneh. Lalampahkeun cara kieu, pikeun pangeling-eling ka Kami."

20

Rengse tuang Anjeunna ngasongkeun lumur anggur ka maranehna cara tadi. Lahirana-Na, "Ieu lumur teh perjangjian Allah anu anyar anu disahkeun ku getih Kami anu dikucurkeun, pikeun kasalametan maraneh.

21

Tapi, tenjo! Di dieu, sameja jeung Kami, aya jelema anu arek ngahianat ka Kami!

22

Putra Manusa teh memang geus dipastikeun ku Allah kudu pegat nyawa-Na, tapi cilaka temen engke eta jelema anu ngahianat ka Anjeunna!"

23

Murid-murid jadi silih tanya jeung batur, saha di antara maranehna anu bakal migawe kitu teh.

24

Murid-murid parebut omong, murid anu mana anu bisa dianggap pangpunjulna.

25

Yesus ngalahir, "Raja-raja bangsa anu anutna lain ka Allah mah ka rahayatna teh nindes, ari para pangereh marenta disebut ‘Sobat Rahayat’.

26

Maraneh mah ulah kitu; benerna, anu pangpunjulna di maraneh kudu saperti anu panghandapna, nu jadi pamingpin kudu saperti anu ngawula.

27

Cik luhur mana harkatna, anu diuk dahar dilaladenan atawa anu ngalaladenanana? Tangtu anu dilaladenan. Tapi Kami mah ka maraneh teh cara anu laladen bae.

28

Maraneh teu kendat ngabaturan Kami dina sagala cocoba anu kasorang ku Kami.

29

Ku sabab eta, sakumaha Kami ku Rama Kami geus dipaparin hak marentah, maraneh oge ku Kami bakal dibere hak saperti kitu.

30

Maraneh bakal dahar nginum sameja jeung Kami di Karajaan Kami, jeung bakal dariuk dina singgasana, marentah dua welas kaom Israil."

31

"Simon, Simon! Dengekeun! Setan geus meunang idin ngagoda ka maraneh kabeh, pikeun misahkeun nu hade ti nu goreng, cara gandum dipisahkeun tina kulitna.

32

Tapi maneh ku Kami geus dipangnedakeun, Simon, supaya iman maneh ulah nepi ka luntur. Upama maneh geus ngaku deui ka Kami, kudu nguatkeun batur-batur."

33

Jawab Petrus, "Gusti, abdi mah sanaos kedah dipanjara atanapi maot sareng Gusti oge wantun!"

34

Saur Yesus, "Petrus, Kami ngabejaan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami."

35

"Basa maraneh ku Kami diutus jeung teu meunang mawa loket, kantong, atawa tarumpah tea, kumaha ngarasa kakurangan?" Yesus mariksa ka murid-murid. "Henteu," jawab maranehna.

36

Saur Yesus, "Tapi ayeuna mah lamun aya anu boga loket atawa kantong kudu dibawa; jeung anu teu boga pedang jual bae baju beulikeun pedang.

37

Sabab anu disebutkeun dina Kitab Suci ngeunaan diri Kami, anu ungelna, ‘Anjeunna disaruakeun jeung bangsat,’ tangtu kajadian; eta anu ditulis ngeunaan diri Kami teh ayeuna bakal kajadianana."

38

"Gusti," piunjuk murid-murid, "pedang parantos aya, dua!" "Cukup eta ge!" waler-Na.

39

Yesus kaluar ti kota, sakumaha biasa angkatna ka Gunung Jetun, diiring ku murid-murid.

40

Sasumpingna ka dinya Anjeunna ngalahir, "Maraneh kudu neneda supaya ulah beunang ku panggoda."

41

Sanggeus ngalahir kitu tuluy mencilkeun anjeun ti maranehna, anggangna kira-kira sapamaledog, brek tapak deku jeung neneda. Paneda-Na,

42

"Nun Ama, upami kenging, mugi ditebihkeun ieu lumur kasangsaraan ti Abdi. Nanging ulah numutkeun kahoyong Abdi, mung pangersa Ama bae anu kedah laksana."

43

Tuluy aya hiji malaikat ti sawarga nembongan, maparin kakuatan ka Anjeunna.

44

Manah Yesus pinuh ku kaketir, nenedana beuki mantep; karinget-Na mani kawas getih nyakclakan kana taneuh.

45

Tas neneda Anjeunna ngilik murid-murid, kasampak keur sarare, geus carapeeun ku kasedih.

46

Anjeunna ngalahir ka maranehna, "Ku naon sarare? Harudang, jeung kudu neneda, supaya ulah beunang ku panggoda."

47

Sabot Anjeunna sasauran keneh, burudul jalma loba, diluluguan ku Yudas, hiji ti antara dua belas murid. Manehna nyampeurkeun ka Yesus, rek nyium.

48

Tapi saur Yesus, "Yudas, maneh teh rek ngahianat Putra Manusa ku cium?"

49

Ari murid-murid narenjo kajadian kitu teh tuluy naranya ka Yesus, "Kumaha Gusti, urang lawan bae ku pedang?"

50

Aya hiji murid anu terus ngadek ka badega Imam Agung nepi ka rampung ceulina nu katuhu.

51

Tapi Yesus ngalahir, "Geus, cukup!" Seug eta badega teh ku Anjeunna dicabak ceulina, sarta dicageurkeun.

52

Ti dinya Anjeunna ngalahir ka imam-imam kapala jeung kapala-kapala pangawal Bait Allah jeung para kokolot anu rek narangkep, saur-Na, "Aranjeun murubul ka dieu marawa pedang jeung gegendir, na Kami teh penjahat?

53

Padahal Kami unggal-unggal poe oge sok reureujeungan jeung aranjeun di Bait Allah, geuning ku aranjeun teu ditangkep. Tapi memang nya ayeuna waktuna pikeun aranjeun ngalaksanakeun pakarepan, waktuna kakuatan poek nyekel kawasa."

54

Yesus geus ditangkep, seug diiringkeun ka bumi Imam Agung; Petrus nuturkeun ti kaanggangan.

55

Di tengah buruan jero aya anu ngadurukan, seuneuna dirariung; Petrus oge milu ngariung di dinya.

56

Aya hiji gandek awewe, mureleng ka Petrus anu keur siduru, tuluy ngomong kieu, "Ieu jelema tadi bareng jeung Yesus!"

57

Tapi Petrus ngangles, pokna, "Nyi, wawuh ge henteu kuring mah ka Manehna teh!"

58

Teu lila deui, aya hiji lalaki, barang ret ka Petrus tuluy ngomong, "Andika ge salah sahiji batur Itu!" Tapi jawab Petrus, "Paman! Kaula mah lain!"

59

Kira-kira heuleut sajam, aya deui anu nuding ka Petrus nemen pisan, pokna, "Geus teu sak deui ieu jelema teh sok jeung Yesus, sabab manehna oge urang Galilea keneh!"

60

Tapi jawab Petrus, "Paman! Ngomong naon Paman teh, kuring teu ngarti!" Sabot Petrus ngomong keneh, kadenge hayam kongkorongok.

61

Gusti nyoreang, neuteup ka Petrus. Ras Petrus ingeteun yen Gusti geus nyaurkeun perkara manehna, yen, "Peuting ieu, memeh hayam kongkorongok, maneh geus tilu kali nyebutkeun teu wawuh ka Kami."

62

Petrus kaluar ti dinya, tuluy ceurik nalangsa kabina-bina.

63

Yesus ku nu ngajaraga pada moyokan, pada neunggeul.

64

Soca-Na dipeungpeunan ku lamak sarta ceuk maranehna, "Teguh, saha eta anu neunggeul ka Maneh?"

65

Rupa-rupa deui pisan ngahinakeunana ka Anjeunna.

66

Barang bray beurang, para kokolot, imam-imam kapala, jeung guru-guru agama geus karumpul. Yesus tuluy dibawa ka Mahkamah Agama.

67

Tuluy dipariksa, "Jawab, enya Maneh teh Kristus?" Anjeunna ngawaler, "Sanajan upama ku Kaula disebutkeun, aranjeun moal percaya;

68

kitu deui upama Kaula nanya, ku aranjeun moal diwalon.

69

Tapi ti semet ayeuna Putra Manusa teh bakal calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa."

70

Ceuk maranehna, "Jadi enya Maneh teh Putra Allah?" Waler Yesus, "Sakumaha saur aranjeun."

71

Ceuk maranehna, "Urang teu perlu deui saksi! Ku urang geus kadenge kitu pangakuana-Na!"

Link: