:

Lukas 23

1

Anu sidang tuluy kabeh narangtung, saterusna mawa Yesus ka Pilatus,

2

sarta di dinya didakwakeun kieu, "Ieu jalmi katangkep waktos nyasabkeun ka bangsa sim kuring, ngalarang mayar pajeg ka Prabu, sareng ngaku-ngaku Kristus, nya eta raja."

3

Pilatus mariksa ka Yesus, "Anjeun teh raja urang Yahudi?" Waler Yesus, "Leres pangandika."

4

Pilatus ngalahir ka imam-imam kapala jeung ka jalma loba, "Kami teu manggih sabab pikeun ngahukum ieu Jelema."

5

Tapi maranehna beuki ngadesek, pokna, "Pangajarana-Na parantos ngarusuhkeun rahayat di sakuliah Yudea. Ngawitan di Galilea teras dongkap ka dieu."

6

Barang Pilatus ngadangu kitu, anjeunna mariksa, "Jadi ieu Jelema teh urang Galilea?"

7

Sanggeus kauninga yen Yesus asalna ti wilayah cepengan Herodes, tuluy dikintunkeun ka Herodes, anu harita keur aya di Yerusalem.

8

Herodes kacida atoheunana barang ningali ka Yesus teh, sabab geus ti bareto hoyongeunana ningali ka Anjeunna, lantaran geus sering ngadangu beja hal Anjeunna, jeung hoyongeun ningali Anjeunna ngadamel kaajaiban.

9

Herodes papariksa rupa-rupa ka Yesus, tapi taya nu diwaler.

10

Imam-imam kapala jeung guru-guru agama hantem bae ngadakwakeun.

11

Geus kitu mah Herodes jeung serdadu-serdaduna ngulinkeun jeung maroyokan ka Yesus nista pisan; ti dinya Yesus ku maranehanana dijubahan ku jubah alus, tuluy dikintunkeun deui ka Pilatus.

12

Ti semet harita Herodes jeung Pilatus jadi nyobat, tadina mumusuhan.

13

Pilatus nyaur imam-imam kapala, para pamingpin, jeung jalma loba, sina kumpul.

14

Tuluy ngalahir, "Ieu Jelema ku aranjeun dibawa ka kami, didakwa nyasabkeun rahayat. Ku kami geus dipariksa di dieu, kasaksian ku aranjeun, tetela taya kasalahana-Na atawa kajahatana-Na naon-naon sakumaha dakwaan aranjeun.

15

Ku Herodes nya kitu keneh teu kapanggih yen salah, nu matak dipulangkeun deui ka kami. Taya kasalahana-Na naon-naon anu manjing hukuman pati.

16

Ku sabab kitu ku kami arek dirangket bae, tuluy dibebaskeun."

17

[Unggal-unggal hari raya Paska Pilatus sok ngabebaskeun hiji sakitan anu dipenta ku rahayat.]

18

Jelema-jelema tingharaok, "Eta paehan! Barabas bebaskeun!"

19

(Barabas teh dipanjarana lantaran nyieun huru-hara di kota jeung maehan.)

20

Pilatus, anu palayeun ngabebaskeun Yesus, sasauran deui ka maranehanana.

21

Tapi maranehanana tinggarero deui, "Salib! Salib eta jelema!"

22

Pilatus ngalahir deui katilu kalina, "Tapi naon kajahatana-Na? Kami teu manggih salah-Na anu satimpal jeung hukuman pati! Anu matak ngan rek dirangket bae tuluy dibebaskeun."

23

Tapi jelema-jelema teh beuki tarik tinggarerona meak-meakkeun tanaga, menta supaya Yesus disalib. Tungtungna digugu.

24

Pilatus ngaragragkeun hukum pati ka Yesus, ngabulkeun kahayang maranehna.

25

Sakitan anu dosana nyieun huru-hara jeung maehan tea dibebaskeun sakumaha pamenta eta jelema-jelema. Ari Yesus ku Pilatus diserenkeun kumaha karep maranehna bae.

26

Yesus geus dibawa ku serdadu-serdadu. Di jalan papapag jeung hiji jelema urang Kirena ngaranna Simon anu tas ti tegalan rek ka kota. Ku serdadu-serdadu dicerek, tuluy dipaksa kudu manggul salib pungkureun Yesus.

27

Anu marilu ngiringkeun Anjeunna kacida lobana, malah aya wanita-wanita anu sapapanjang jalan careurik nyeungceurikan Anjeunna.

28

Yesus nyoreang ka eta wanita-wanita, pok ngalahir, "Ulah careurik, wanita-wanita Yerusalem! Ulah nyeungceurikan Kami, anggur kudu nyeungceurikan diri sorangan jeung anak.

29

Sabab engke dina hiji mangsa ka hareup, jelema-jelema bakal ngaromong kieu, ‘Kacida untungna awewe anu can boga anak, anu can kungsi ngajuru, anu can kungsi nyusuan!’

30

Jalma-jalma dina mangsa eta bakal cumeluk ka gunung-gunung, ‘Gunung! Kuring urugan!’, jeung ngajerit ka pasir-pasir, ‘Pasir! Kuring tindihan!’

31

Sabab lamun kayu anu seger keneh geus dikieu-kieu, komo kayu anu geus garing!"

32

Anu rek dihukum pati harita teh aya deui duaan, penjahat, rek dibarengkeun jeung Yesus.

33

Sanggeus narepi ka hiji tempat anu disebut "Tangkorek", Yesus disalib di dinya jeung dua penjahat tea, kiwaeun jeung tengeneuna-Na.

34

Yesus ngalengis, "Duh Ama, hapunten kalepatan ieu jalmi-jalmi, reh teu tarerangeun naon-naon kana kalakuanana kieu." Anggoan Anjeunna dilotrekeun dibagi-bagi.

35

Jelema-jelema ngadareugdeug, ari pamingpin-pamingpin urang Yahudi maroyokan ka Anjeunna, pokna, "Manehna sok nyalametkeun batur. Keun sina nulungan diri-Na ari enya mah Manehna Kristus pilihan Allah!"

36

Serdadu-serdadu oge maroyokan, tuluy ngasongan anggur haseum ka Anjeunna,

37

bari ngomong kieu, "Lamun enya Maneh raja urang Yahudi, pek geura upayakeun diri salamet!"

38

Di luhureun mastaka Yesus aya tulisan kieu, "Ieu Raja urang Yahudi."

39

Penjahat anu keur digantung oge nu saurang milu ngahina, pokna, "Maneh teh Kristus? Tulungan atuh diri teh, jeung dewek ongkoh!"

40

Tapi disentak ku baturna, pokna, "Ari maneh teu sieun ku Allah? Lain sarua dihukum?

41

Urang dihukum oge pantes satimpal jeung kalakuan; ari Anjeunna mah euweuh dosana!"

42

Geus kitu ngalengis ka Yesus, "Nun Yesus, sing emut ka abdi upami parantos jumeneng Raja!"

43

Yesus ngawaler, "Sing percaya! Poe ieu maneh bakal reureujeungan jeung Kami di Pirdus."

44

Sanggeus kira-kira pukul dua welas beurang, panonpoe ujug-ujug pareum, reup poek sakurilingna nepi ka pukul tilu sore,

45

jeung reregan anu ngagantung di jero Bait Allah ngadak-ngadak bedah dua.

46

Yesus ngajerit, "Nun Ama, ka panangan Ama, Abdi masrahkeun nyawa abdi!" Kereles Anjeunna pupus, puput nyawa.

47

Aya kajadian kitu ngan pok bae perwira pasukan muji ka Allah, omongna, "Bener ieu Jelema teh hade!"

48

Jelema-jelema anu keur lalajo, aya kajadian kitu teh alundur baralik, bangun kacida kadaruhungeunana mani nareunggeulan harigu.

49

Ari kawawuhan-kawawuhan Yesus, jeung istri-istri nu ngariringkeun Anjeunna ti Galilea keneh mah, araya keneh narangtung narenjokeun sakabeh perkara ti kajauhan.

50

Aya hiji jelema jenenganana Yusup, asal ti Arimatea, hiji kota di Yudea, jelema hade hate tur kaajen, jeung ngarep-ngarep kana ngadegna Karajaan Allah. Anjeunna enya oge anggota Mahkamah Agama, tapi teu nyatujuan kana putusan jeung kalakuan para anggota sejenna.

51

(23:50)

52

Anjeunna ngadeuheus ka Pilatus, mundut layon Yesus.

53

Layon diturunkeun tina salib, dibungkus ku lawon linen, tuluy diebogkeun di hiji pajaratan, guha anu ditatah dina gunung batu, tacan aya nu ngeusian.

54

Harita teh poe Jumaah, geus meh mimiti poe Sabat.

55

Wanita-wanita anu sok ngiring ka Yesus ti Galilea keneh marilu ngurebkeun jeung Yusup, narenjokeun peta anjeunna ngebogkeun layon di jero pajaratan.

56

Geus kitu baralik, terus nyaradiakeun rampe jeung minyak seungit pikeun ngaminyakan layon. Sabot poe Sabat rareureuh heula nyumponan Hukum Agama.

Link: