:

Lukas 7

1

Sanggeus nyaurkeun sual-sual eta, Yesus angkat ka Kapernaum.

2

Di dinya aya hiji perwira bangsa Rum, boga gandek anu kacida dipikanyaahna. Gandekna teh keur gering geus sahoseun.

3

Barang eta perwira ngadenge hal Yesus, tuluy ngutus sawatara kokolot urang Yahudi ngangkir Yesus, menta supaya gandekna dipangnyageurkeun.

4

Sanggeus daratang ka Yesus, kokolot-kokolot teh kacida nunuhunna supaya Anjeunna kersa nulungan. Pihaturna, "Eta jalmi teh pantes kenging pitulung,

5

margi nyaaheun ka bangsa urang. Malah kantos mangdamelkeun imah ibadah."

6

Yesus rujuk tuluy angkat sareng. Barang geus rek tepi ka imah anu dijugjug, Anjeunna dipapag ku sobat-sobat eta perwira, anu ngahaja diutus mawa piunjuk kieu, "Juragan teu kedah repot-repot ka rorompok.

7

Abdi isin kasumpingan, tina rumaos laip. Juragan cekap ngadawuh ti dieu bae, tangtos pun gandek teh cageur.

8

Abdi teh bawahan perwira anu langkung luhur, mung gaduh serdadu-serdadu bawahan. Upami marentah ka hiji serdadu, ‘Indit!’ teras eta teh indit; upami marentah ka nu hiji deui, ‘Ka dieu!’ tangtos eta teh nyampeurkeun. Upami marentah ka gandek, ‘Ieu pigawe!’ tangtos dipigawe."

9

Ngadangu kitu teh Yesus heran anu aya. Anjeunna nyoreang ka nu ngariring tuluy sasauran, "Kakara Kami mah manggih anu boga kayakinan nepi ka kieu, di Israil ge tacan manggih!"

10

Utusan-utusan eta perwira baralik, ari daratang kasampak gandek teh geus cageur.

11

Sanggeus kitu Yesus angkat deui, ngabujeng ka kota Nain diiring ku murid-murid jeung jalma rea.

12

Barang sumping ka gapura kota, aya aleutan anu rek ngurebkeun. Anu maotna budak lalaki, anak tunggal hiji randa. Loba urang dinya anu ngalanteurkeun maturan manehna.

13

Barang Gusti Yesus ningali ka eta randa, kacida welaseuna-Na, tuluy ngalahir ka manehna, saur-Na, "Ulah ceurik."

14

Anjeunna nyaketan pasaran terus pasaranana dicabak. Anu ngagarotongna ngarandeg. Yesus ngalahir, "Agus, Kami nitah, geura hudang!"

15

Mayit teh ngulisik, diuk tuluy ngomong. Ku Yesus diserenkeun ka indungna.

16

Anu nyaraksian jadi ngarasa sieun, tuluy maruji ka Allah, pokna, "Nabi agung sumping ka urang! Allah sumping nyalametkeun umat-Na!"

17

Beja hal Yesus terus kautarakeun ka sakuliah eta kota jeung daerah sakurilingeunana.

18

Ieu kajadian ku murid-murid Yohanes diunjukkeun ka anjeunna.

19

Yohanes tuluy nyaur muridna duaan terus diutus ka Gusti Yesus, mawa pihatur kieu, "Naha leres Juragan teh anu bakal sumping tea sakumaha anu disaurkeun ku Yohanes? Atanapi abdi-abdi kedah ngantos keneh anu sanes?"

20

Sanggeus daratang tuluy mihatur ka Yesus, "Abdi dipiwarang ku Yohanes Jurubaptis naroskeun ka Juragan, naha leres Juragan teh anu bakal sumping tea sakumaha pisaurna, atanapi abdi-abdi kedah ngantos keneh nu sanes?"

21

Harita Yesus keur nyageur-nyageurkeun anu garering, anu keuna ku kasakit, anu kasurupan roh jahat, kitu deui anu lalolong disina narenjo deui.

22

Anjeunna ngawaler ka eta utusan, saur-Na, "Jig ka Yohanes deui, caritakeun ka anjeunna sakur anu ku maraneh kadenge jeung katenjo di dieu: Nu lolong jadi bisa nenjo, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu lepra jadi setra, nu torek jadi bisa ngadenge, anu paeh dihirupkeun deui, nu mariskin diwawaran Injil Kasalametan.

23

Bagja jamuga sing saha anu henteu cangcaya ka Kami!"

24

Sanggeus utusan Yohanes marulang, Yesus nyaurkeun Yohanes ka jalma rea, saur-Na, "Basa maraneh daratang ka Yohanes di gurun keusik teh rek naon? Rek narenjo eurih anu tingarulang ku angin?

25

Cik rek naraon? Rek lalajo jelema anu pakeanana ginding? Anu garinding jeung hirupna mewah mah ayana di karaton-karaton!

26

Jadi rek narenjo naon? Rek narenjo nabi? Bener, tapi anu katarenjo ku maraneh teh leuwih ti nabi.

27

Sabab Yohanes teh nya anu ku Kitab Suci disebut kieu tea: ‘Allah ngandika, Kami rek ngajurung utusan heulaeun Hidep, sina naratas jalan keur Hidep.’

28

Sing percaya," saur-Na deui, "di dunya ieu can aya anu leuwih agung ti batan Yohanes. Tapi di Karajaan Sawarga mah anu panglaipna ge leuwih agung ti batan Yohanes."

29

Jalma-jalma kabeh ngabarandungan kana kasauran Yesus, lantaran maranehna teh, pangpangna tukang-tukang mulung pajeg, geus narurut kana pamundut Allah supaya balener, jeung geus daraekeun dibaptis ku Yohanes.

30

Sabalikna urang Parisi jeung guru-guru agama mah arembungeun narima pituduh Allah keur pisalameteunana teh, jeung arembungeun dibaptis ku Yohanes.

31

Yesus sasauran deui, "Jelema-jelema jaman kiwari teh ku Kami bisa diupamakeun kana naon? Kawas naon?

32

Kawas barudak anu keur dariuk di pasar. Nu sarombongan ngagero ka rombongan sejenna, pokna, ‘Kami maen musik paranti kawinan, maraneh teu ngarigel! Kami mangnyanyikeun lagu kapapatenan, maraneh teu careurik!’

33

Yohanes sumping, puasa, tara ngaleueut anggur, ku maraneh dipajarkeun, ‘Jelema kasurupan roh jahat!’

34

Anak Manusa datang, biasa sok dahar sok nginum, ceuk maraneh, ‘Tenjo ieu jelema! Tukang nyatu, tukang nginum anggur, sobat tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema doraka!’

35

Tapi sanajan kitu, kawijaksanaan Allah teh katembong ti jalma-jalma anu daraekeun narimana."

36

Aya urang Parisi ngangkir tuang ka Yesus. Yesus sumping ka imahna tuluy tuang.

37

Di kota eta aya hiji awewe anu hirupna pinuh ku dosa. Barang meunang beja yen Yesus keur tuang di eta imah urang Parisi, seug ka dinya bari mawa minyak seungit sabotol,

38

terus nangtung pungkureun Yesus deukeut sampeana-Na. Segruk ceurik, cipanonna nyurucud kana sampean Yesus nepi ka baseuh. Sampeana-Na ku manehna diseka ku buukna nepi ka tuhur, tuluy dicium jeung dikucuran ku minyak seungit.

39

Nenjo kitu eta urang Parisi teh ngomong dina hatena, "Mun enya ieu jelema teh nabi tangtu nyahoeun, awewe kumaha eta anu nyabakana-Na teh; tangtu nyahoeun yen eta teh awewe loba dosa!"

40

Yesus ngalahir ka manehna, "Simon, Kaula aya picaritaeun." "Mangga, Guru, mangga saurkeun," tembalna.

41

"Aya dua jelema baroga hutang ka tukang nginjeumkeun duit," saur Yesus, "nu saurang lima ratus uang perak, nu saurang deui lima puluh uang perak.

42

Ku sabab teu barisaeun mayar, hutang maranehna dibebaskeun ku nu boga duitna. Cik, anu mana anu bakal leuwih nyaaheun ka eta jelema?"

43

"Rarasaan sim kuring mah anu hutangna leuwih gede," jawabna. "Bener eta," saur Yesus.

44

Anjeunna nyoreang ka eta awewe terus ngalahir ka Simon, "Katingali ieu awewe? Kaula nyemah ka anjeun nepi ka teu ngumbah suku, sabab teu disadiaan cai. Ku ieu awewe suku Kaula dikumbah ku cipanonna, disekaan ku buukna.

45

Kaula ku anjeun henteu dipapag ku cium. Ari ieu awewe ti barang Kaula datang teu eureun-eureun nyiuman kana suku.

46

Anjeun teu nyadiakeun minyak keur sirah Kaula, tapi ku ieu awewe mah suku Kaula diminyakan ku minyak seungit mani lantis.

47

Ieu awewe nu matak bangun sakitu nyaaheunana ka Kaula teh bawaning ku tumarima lantaran dosa-dosana anu sakitu lobana geus dihampura. Lamun anu dosana teu pira mah dihampura teh bakal mikanyaahna oge moal sabaraha."

48

Geus kitu lahirana-Na ka eta awewe, "Dosa-dosa Nyai geus dihampura."

49

Nu sejen-sejen anu keur dalahar bareng jeung Anjeunna, ngaromong dina hatena, "Saha ieu jelema teh bet mani ngahampura dosa?"

50

Tapi Yesus ngalahir deui ka eta awewe, "Nyai geus salamet lantaran gede kapercayaan. Heug sing senang hate."

Link: