:

Lukas 8

1

Teu lila ti harita Yesus angkat nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah. Murid-murid-Na teu tinggal,

2

kitu deui wanita-wanita anu geus dicalageurkeun tina kasakitna jeung tina kasurupan ku roh jahat, nya eta: Maria (anu katelah Magdalena) anu cageur tina kasurupan ku tujuh roh jahat;

3

Yohana, bojo Kusa pajabat karaton Herodes; Susanna, jeung loba deui wanita-wanita sejen. Ieu wanita-wanita geus ngabarantu ka Yesus jeung murid-murid-Na ku pangabogana masing-masing.

4

Jalma-jalma ti kota-kota teu eureun-eureun daratang ka Yesus, kumpul kacida lobana. Anjeunna tuluy nyarioskeun ieu misil:

5

"Aya hiji jelema indit nebarkeun binih. Waktu nyebarkeun, binihna aya anu ragragan ka jalan, katarincakan jeung diparacokan ku manuk.

6

Aya anu ragragan kana taneuh anu cadasan, ari jadi tuluy perang lantaran taneuhna garing.

7

Sawareh ragraganana kana rungkun cucuk, bareng jadina jeung tangkal cucuk, tapi tuluyna eungapeun kaheumpikan ku cucuk.

8

Anu ragragna bener kana taneuh lendo, sanggeus jaradi tuluy baruahan jadi saratus kalieun." Saur-Na deui, "Lamun baroga ceuli, pek darengekeun!"

9

Murid-murid mihatur naroskeun harti eta misil.

10

Anjeunna ngawaler, "Maraneh bakal ngarti, sabab geus dibere kanyaho pikeun ngarti kana rasiah-rasiah Karajaan Allah. Ari anu sejen-sejen mah ngan dibere misil-misilna bae. Nu matak maranehna mah najan narenjokeun ge moal narenjoeun, najan ngadarengekeun ge moal ngalartieun."

11

"Harti eta misil kieu: Binih, nya eta pangandika Allah.

12

Anu ragragna ka jalan, nya eta pangandika teh didarenge tapi dirampas ku Iblis, dipiceun ti jero hate nu ngadarenge supaya maranehna ulah nepi ka palercaya, ulah saralamet.

13

Anu ragragna kana taneuh anu cadasan, nya eta pangandika teh didarenge sarta ditarima reujeung suka ati, tapi henteu akaran; ana datang cocoba seug murtad.

14

Anu ragragna kana rungkun cucuk, nya eta pangandika teh didarengekeun, ditarima, tapi kalimpudan ku kahariwangan, kaelehkeun ku napsu hayang beunghar jeung hayang kasenangan dunya, anu ngalantarankeun buahna teu nepi ka asak.

15

Binih anu bener ninggangna kana taneuh lendo, hartina pangandika teh didarenge, terus nyerep kana hate anu mulus jeung satuhu, tahan hirup nepi ka bisa baruahan."

16

"Moal aya anu nyeungeut lampu tuluy dituruban ku gentong atawa diteundeun di kolong dipan, tangtu diteundeun dina parantina supaya caangna katembong ku nu arasup ka imah.

17

Naon bae anu dibuni-buni bakal katembong sarta kabuka, jeung naon bae anu ditutupan bakal kapanggih sarta kanyahoan.

18

Ku sabab kitu darengekeun enya-enya; sabab sing saha anu geus boga bakal ditambahan, sabalikna anu teu boga mah barang pangleutikna ge anu ceuk rarasaanana jadi kabogana, bakal dicokot."

19

Ibu Yesus jeung saderek-saderek-Na sarumping rek nepangan, tapi teu kungsi jonghok sabab kahalangan ku jalma rea.

20

Tuluy aya anu ngunjukkeun, pokna, "Tuang ibu sareng saderek-saderek sarumping bade nepangan, itu di luar."

21

Anjeunna ngawaler, "Indung jeung dulur-dulur Kami mah nya eta sing sakur anu ngadenge kana sabda Allah reujeung ngalampahkeunana."

22

Dina hiji poe Yesus naek parahu bari saur-Na ka murid-murid, "Urang meuntas ka ditu." Tuluy mareuntas talaga.

23

Sabot keur balayar Yesus kulem. Dak-dumadak aya angin gede nebak talaga, parahu mimiti kaeusian cai, kacida bahayana.

24

Yesus ku murid-murid digugahkeun, "Pa Guru, urang tiwas!" Yesus gugah terus nimbalan ka angin jeung ombak. Jep angin jeung ombak teh leler, talaga jadi kacida leuleuyna.

25

Anjeunna ngalahir ka murid-murid, "Dikamanakeun kapercayaan maraneh?" Murid-murid ngan sieun jeung bengong nu aya, tuluy tingkarucuwes, "Saha saenyana Anjeunna teh, nepi ka angin jeung ombak nurut kana parentah-Na?"

26

Yesus jeung murid-murid kebat balayarna ka tanah urang Gerasa, peuntaseun Talaga Galilea.

27

Barang lungsur ka darat, Anjeunna kapapag ku hiji jelema urang kota eta. Eta jelema kasurupan roh-roh jahat, sarta geus lila tara make papakean, cicingna lain di imah tapi di guha-guha tempat kuburan.

28

Barang nenjoeun ka Yesus tuluy ngajerit, brek nyuuh ka payuneuna-Na tuluy ngagero, "Duh Yesus Putra Allah Nu Maha Agung! Abdi teh bade dikumahakeun? Mugi ulah disiksa!"

29

Nu matak ngomongna kitu, sabab roh jahatna ku Yesus geus ditimbalan kaluar ti eta jelema. Kacida seringna manehna dikawasaan ku eta roh jahat, nepi ka sanajan dikurung sarta leungeun jeung sukuna dirante, rantena dipegatkeun sarta manehna ku roh jahatna dikaburkeun ka gurun keusik.

30

Ku Yesus dipariksa, "Saha ngaran?" "Ngaran kuring Legiun," jawabna, sabab anu nyurupna kacida lobana.

31

Eta roh-roh jahat nunuhun ka Yesus supaya ulah dijebloskeun ka Jurang Hukuman.

32

Teu jauh ti dinya aya bagong loba pisan keur nyaratuan di lamping pasir. Roh-roh jahat teh nunuhun ka Yesus menta diidinan nyarurup ka eta bagong-bagong. Yesus ngidinan.

33

Eta roh-roh jahat kalaluar ti eta jelema tuluy nyarurup ka bagong. Bagong-bagongna tinggerebeg laluncatan tina jurang ka talaga, tuluy tingkerelep.

34

Anu ngajaragana ngan bisa narenjokeun, tuluy lalumpatan bebeja ka kota jeung desa-desa.

35

Jelema-jelema kalaluar rek narenjo eta kajadian. Ari narepi ka Yesus, nyampak jelema anu kakara waras tina kasurupan roh-roh jahat teh keur diuk deukeut sampean Yesus, geus make papakean, ingetanana geus jejeg. Kacida maranehna sarieuneunana

36

nyaraksian eta kajadian teh, tuluy ngaromong ka nu sejen, nyaritakeun kumaha dicageurkeunana eta jelema.

37

Geus kitu urang dinya kabeh menta supaya Yesus angkat ti dinya, sabab maranehna kacida sarieuneunana. Ku sabab kitu Yesus naek parahu deui ngantunkeun eta tempat.

38

Jelema anu tas diraksuk ku setan tea nunuhun, pokna, "Abdi sumeja ngiring." Tapi ku Yesus teu diwidian, saur-Na,

39

"Geura balik bae, caritakeun engke pangalaman maneh ditulung ku Allah." Bral eta jelema teh indit tuluy ngider kota, nyaritakeun pangalamanana ditulungan ku Yesus.

40

Sasumpingna deui Yesus ka peuntas sejen, dipapag ku jalma rea nu geus lila ngadaragoan.

41

Aya hiji jelema ngaran Yairus, kapala imah ibadah di dinya nepangan ka Yesus, mendek ka payuneuna-Na, nunuhun supaya Anjeunna kersa linggih ka imahna,

42

karana anakna anu awewe anu kakarek umur dua belas taun, turta ngan hiji-hijina gering geus meh maot. Sajeroning Yesus angkat, anu ngariring nyaredek ka Anjeunna ti ditu ti dieu.

43

Aya hiji awewe boga kasakit haid, ngagetih terus geus dua welas taun, geus beak sagala rupa dipake tatamba ka tabib-tabib, tapi kasakitna teu cageur-cageur.

44

Eta awewe seseleke ka pungkureun Yesus, tuluy nyabak kana kelin jubah-Na. Set ngagetihna eureun.

45

Yesus mariksakeun, saur-Na, "Saha anu nyabak ka Kami?" Teu aya anu ngaku. Pok Petrus mihatur, "Pa Guru, jalmi sakieu seueurna, sadayana ngangseg pacaket-caket."

46

Tapi saur Yesus, "Aya anu nyabak, sabab karasa aya tanaga kaluar ti Kami."

47

Awewe teh ngarasa kabitur, bruk nyuuh kana sampean Yesus, awakna ngadegdeg. Pok ngaku hareupeun anu loba, nerangkeun sababna nu matak nyabak, jeung nerangkeun yen barang nyabak oge panyakitna ngadadak cageur.

48

Yesus ngalahir ka manehna, "Anaking, Nyai geus cageur, lantaran percaya. Heug sing senang hate."

49

Sabot keur sasauran kitu, aya jurungan ti imah eta kapala. "Putra teh parantos ngantunkeun," pokna ka Yairus, "teu kedah ngarerepot deui ka Pa Guru."

50

Kadangueun ku Yesus, Anjeunna nyarios ka Yairus, "Ulah sieun, sing percaya bae, budak teh bakal cageur deui."

51

Sanggeus sumping ka imah Yairus, nu loba teu diwidian milu asup lian ti Petrus, Yohanes, Yakobus, jeung indung bapana budak tea.

52

Anu araya di imah keur reang nyeungceurikan anu maot. Saur Yesus, "Ulah careurik, budak teh lain maot, keur sare!"

53

Jalma-jalma nyaleungseurikeun Anjeunna, dumeh anu maot disaurkeun keur sare.

54

Anjeunna tuluy nyepeng leungeun eta budak, tuluy ngalahir, "Hudang, anaking!"

55

Sup nyawa budak teh asup deui, budakna terus nangtung. Ku Yesus dipiwarang dibere dahar.

56

Indung bapana mani bati melengek bengong. Ku Yesus didawuhan yen teu meunang cacarita ka saha-saha.

Link: