Malaki 3
Waleran PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Kami rek ngirim utusan, geusan nyadiakeun jalan pikeun Kami. PANGERAN anu dipicangcam ku maraneh teh bakal ngadadak sumping ka Bait-Na. Eta utusan anu ku maraneh geus heubeul diarep-arep, pasti datang ngembarkeun perjangjian Kami."
Tapi saha anu baris tahan dina mangsa Mantenna sumping? Saha anu baris tagen lamun Mantenna geus nembongan? Karana Mantenna teh baris ngeuweuhkeun sagala kokotor saperti sabun, lir seuneu anu ngamurnikeun logam.
Anjeunna baris jadi hakim. Lir upama jalma nganyarkeun jeung ngamurnikeun perak, eta utusan PANGERAN teh bakal ngamurnikeun imam-imam, supaya maranehna ngahaturkeun kurban anu bener ka PANGERAN.
Lamun geus kitu, kurban-kurban ti urang Yuda jeung urang Yerusalem ku Mantenna bakal kaanggo deui saperti baheula.
Dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Kami rek ebreh ka maraneh pikeun ngahakiman, sakalian jadi saksi tina perkara tukang-tukang sihir, perkara nu ngaranyed, perkara saksi-saksi palsu, perkara jelema-jelema anu ngalicikan upah kuli-kuli, perkara jelema-jelema tukang nyokot rejeki randa-randa, barudak pahatu, jeung urang asing; cindekna perkara jelema-jelema anu henteu ngendahkeun ka Kami."
"Kami teh PANGERAN, sarta Kami tara robah. Eta sababna maraneh, turunan Yakub, henteu ditumpes sama sakali.
Saperti karuhun maraneh baheula, maraneh geus ingkar tina hukum-hukum Kami, henteu satia ka eta. Geura baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deui ka maraneh. Tapi maraneh nanya ka Kami, ‘Kedah kumaha supados tiasa wangsul deui ka Gusti teh?’
Kami arek nanya: Naha pantes jelema ngarinah ka Allah? Tangtu teu pantes. Tapi maraneh geus ngarinah ka Kami. Ceuk maraneh, ‘Ngarinah dina naon?’ Dina mayar perpuluhan jeung dina mere pangbakti.
Maraneh kabeh aya dina panyapa, lantaran sakumna bangsa maraneh geus ngarinah ka Kami.
Serenkeun sing gembleng perpuluhan maraneh ka Bait Kami, supaya di dinya teu kurang-kurang bahan dahareun. Pek Kami uji, engke maraneh narenjo Kami mukakeun jandela-jandela sawarga, ngahujanan maraneh ku sagala rupa anu mangpa’at.
Pepelakan maraneh ku Kami moal dibikeun diruksak ku hama, pelak anggur baris meuhpeuy baruahan.
Maraneh tan wande disarebut bagja ku jelema-jelema sagala bangsa, sabab nagri maraneh tempat nu hade keur tempat hirup."
Dawuhan PANGERAN, "Maraneh geus ngomongkeun Kami kacida garihalna. Tapi carek maraneh, ‘Parantos nyanggemkeun naon abdi-abdi perkawis Gusti?’
Maraneh geus ngomongkeun kieu, ‘Percumah ngabakti ka Allah ge. Naon gunana urang ngalakonan sagala dawuhana-Na, atawa usaha nembongkeun rasa kaduhung ku kalakuan urang ka PANGERAN Nu Maha Kawasa?
Urang nenjo sorangan jalma-jalma nu aradigung hirupna sarenang. Jalma-jalma jahat lain ngan beuki makmur bae, malah ngadaroja kasabaran Allah ku kajahatanana, tapi saralamet bae.’"
Geus kitu jelema-jelema anu sieun ku PANGERAN silih elingan pada batur. Omonganana didangukeun ku PANGERAN. Di payuneun Mantenna aya kitab, catetan jalma-jalma anu mikasieun jeung ngajenan ka Mantenna.
Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Maranehna bakal jaradi umat Kami. Dina poean Kami nyieun tindakan, maranehna rek dijadikeun milik Kami pisan. Kami baris mikarunya ka maranehna, saperti bapa mikarunya ka anakna anu babakti.
Umat Kami bakal narenjo deui bedana nasib anu tumiba ka jalma-jalma anu harade kalakuan jeung ka nu jarahat, ka nu ngabarakti ka Kami jeung ka nu henteu."