:

Malaki 4

1

Dawuhan PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Geus tereh cunduk poena jelema-jelema anu arangkuh jeung jarahat baris diduruk kawas jarami. Dina poe eta maranehna bakal diduruk nepi ka beak moal aya nu nyesa.

2

Ari maraneh, anu narurut ka Kami, bakal kasorot ku kakawasaan Kami anu kawasa nyalametkeun, anu medal lir panonpoe meletek, sarta sinarna matak nyageurkeun. Maraneh bakal bebas, lugina jeung galumbira lir anak sapi anu kakara dikaluarkeun ti kandangna.

3

Dina poean Kami midamel kitu, maraneh bakal ngelehkeun jalma-jalma anu jarahat nepi ka diidek kawas lebu.

4

Masing aringet kana pangajaran-pangajaran Musa, abdi Kami, kana hukum-hukum jeung parentah-parentah Kami anu ku Kami diandikakeun di Gunung Sinai sangkan ditarurut ku sakumna urang Israil.

5

Tapi samemeh poena PANGERAN anu hebat pikasieuneun tea datang, Kami rek ngutus heula Nabi Elias.

6

Manehna bakal ngarukunkeun deui para bapa jeung anak-anakna. Sabab lamun henteu kitu, nagri maraneh ku Kami bakal dibasmi."

Link: