:

Markus 2

1

Sanggeus sababaraha poe di dinya Yesus mulih ka Kapernaum. Beja yen Anjeunna mulih nerekab.

2

Jelema-jelema daratang kacida lobana, nepi ka taya tempat deui, nepi ka lawang panto oge heurin ku jelema. Sabot Anjeunna keur nyarioskeun amanat ti Allah,

3

aya jelema opatan ngagotong anu lumpuh rek dideuheuskeun.

4

Tapi teu barisaeun asup ku heurin-heurinna. Ku sabab kitu maranehna jalan ti luhur, nyieun liang lempengan Yesus calik, nu lumpuh teh diulur tina eta liang jeung samakna.

5

Ningali kapercayaan maranehna sakitu mantepna, Yesus ngalahir ka eta nu lumpuh, saur-Na, "Anaking, dosa-dosa hidep geus dihampura."

6

Aya sawatara guru agama anu marilu kumpul di dinya. Maranehna mimiti ngaromong dina hatena,

7

"Lancang temen ieu jelema ngomong kitu! Ngahina ka Allah! Ngan Allah anu wenang ngahampura dosa mah!"

8

Yesus uningaeun kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, "Ku naon karitu pikiran aranjeun?

9

Mana nu leuwih babari ngomongkeunana ka ieu nu lumpuh, ‘Dosa-dosa hidep dihampura,’ atawa, ‘Geura hudang, angkat samak hidep tuluy leumpang’?

10

Tapi ayeuna ku Kaula rek dibuktikeun yen Putra Manusa di ieu dunya kawasa ngahampura dosa."

11

Geus kitu ngalahir ka eta nu lumpuh, "Geura hudang, angkat samakna, jung geura balik!"

12

Nu lumpuh teh cengkat, samakna diangkat, tuluy gura-giru indit ti dinya. Anu nyaraksian mani barengong, tuluy ngamulyakeun ka Allah. "Saumur ge kakara nenjo kajadian kawas kieu mah! ceuk maranehna.

13

Yesus angkat ka sisi Talaga Galilea. Jelema-jelema merul daratang ka Anjeunna, tuluy diwulang.

14

Tas ngawulang angkat deui, beh ningali aya tukang mulung pajeg ngaran Lewi, anak Alpeus, keur diuk di kantorna. Ku Yesus tuluy disaur, "Milu ka Kami!" Lewi cengkat tuluy milu.

15

Sabot Yesus keur tuang di imah Lewi, burubul tukang-tukang mulung pajeg lianna daratang jeung jelema-jelema anu dianggap jelema goreng, marilu dahar sameja jeung Anjeunna jeung murid-murid. Sabab loba anu bariluk ka Anjeunna.

16

Sawatara guru agama Yahudi golongan Parisi, narenjo Yesus tuang jeung tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema nu dianggap goreng teh naranya ka murid-murid, "Naha guru maraneh tuang jeung jelema-jelema karitu?"

17

Kadangueun ku Yesus, Anjeunna ngawaler, "Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun. Kaula datang lain rek neangan jelema anu marulya, tapi rek neangan jelema-jelema anu diaranggap hina."

18

Dina hiji waktu murid-murid Yohanes jeung urang Parisi paruasa. Aya jelema anu naranya ka Yesus, "Naha murid-murid Bapa mah henteu paruasa, henteu sapertos para panganut Yohanes sareng para panganut urang Parisi?"

19

Waler-Na, "Ari tamu dina hajat kawin naha henteu dalahar? Sapanjang panganten lalaki aya keneh jeung maranehna, tangtu maranehna dalahar.

20

Tapi bakal datang waktuna panganten lalaki dicokot ti maranehna. Geus kitu kakara maranehna paruasa.

21

Moal aya anu nambal baju heubeul ku lawon anyar, sabab lamun lawon anyarna murengked, nu heubeul kabenyeng, soehna beuki gede.

22

Jeung moal aya anu ngeusikeun anggur anyar kana kantong kulit nu geus heubeul, sabab kantong kulitna tangtu bedah, kantong jeung anggurna henteu kaarah. Anggur anu anyar kantong kulitna ge tangtu kudu nu anyar."

23

Dina hiji poe Sabat Yesus angkat ngalangkung kebon gandum. Murid-murid anu ngiring ka Anjeunna maripit gandum.

24

Ari ceuk urang Parisi ka Anjeunna, "Tingali itu murid-murid Anjeun ngarempak Hukum Agama urang, migawe anu dilarang dina poe Sabat!"

25

Waler Yesus, "Na aranjeun tacan maca, kumaha Daud waktu butuh dahareun? Anjeunna jeung pangiringna lapar,

26

tuluy anjeunna asup ka jero gedong Allah, terus ngadahar roti pangbakti ka Allah. Eta kajadianana keur jaman Abyatar jadi Imam Agung. Nurutkeun Hukum Agama urang mah anu wenang ngadahar roti kitu teh ngan para imam. Tapi Daud geuning ngadahar, malah pangiringna oge dibere."

27

Saur Yesus deui, "Poe Sabat diayakeun teh pikeun manusa, lain manusa diayakeun pikeun poe Sabat.

28

Ku sabab kitu Putra Manusa teh jadi Gustina poe Sabat ongkoh."

Link: