:

Markus 3

1

Yesus mulih deui ka imah ibadah. Di dinya aya hiji jelema anu leungeunna kemper sabeulah.

2

Jeung aya nu sejen deui, anu saenyana ngarep-ngarep supaya Yesus midamel kasalahan, rek didakwa. Maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun eta jelema harita keneh dina poe Sabat.

3

Yesus ngalahir ka nu kemper tea, "Ka dieu, ka hareup!"

4

Ti dinya saur-Na ka nu rea, "Pagawean kumaha anu ku Hukum Agama urang meunang dipigawe dina poe Sabat? Nulungan atawa nyilakakeun, nyalametkeun nyawa batur atawa mergasa?" Maranehna teu narembal naon-naon.

5

Yesus neuteup ka maranehna, manah-Na bendu pacampur jeung sedih ku anu sakitu baredegongna jeung saralahna. Tuluy ngalahir ka nu kemper tea, "Lempengkeun leungeun hidep!" Ku manehna dilempengkeun, bet leungeunna nu kemper teh jadi cageur.

6

Urang Parisi tinglaleos, terus ngabadamian jelema-jelema kaomna Herodes rek nelasan Yesus.

7

Yesus angkat ka Talaga Galilea jeung pangiring-Na. Anu naluturkeun kacida lobana, ti Galilea, ti Yudea,

8

ti Yerusalem, ti wilayah Idumea, ti wetaneun Walungan Yordan, jeung ti sakurilingeun kota-kota Tirus jeung Sidon, anu geus mareunang beja perkara anu dipidamel ku Anjeunna.

9

Ku loba-lobana jelema, Anjeunna nepi ka mundut parahu ka murid-murid supaya ulah kasedekkeun.

10

Geus loba anu gering anu dicageurkeun ku Anjeunna, sarta anu garering teh mani pasedek-sedek hayang nyabak ka Anjeunna.

11

Ari anu kasarurupan ku roh jahat mah barang ret ka Anjeunna teh terus bae sujud ka payuneuna-Na bari ngagero, "Anjeun teh Putra Allah!"

12

Tapi eta roh-roh jahat teh ku Yesus dicarek teu meunang pisan nyebut Anjeunna saha.

13

Ti dinya Yesus unggah ka hiji pasir, tuluy nyaur sababaraha jelema anu cocog jeung manah-Na. Sanggeus karumpul,

14

ku Anjeunna dipilih dua welas urang. Eta anu kapilih ku Anjeunna disebatna rasul. "Maraneh ku Kami dipilih pikeun maturan Kami salawasna," saur-Na. "Sarta ku Kami baris diutus oge pikeun ngawurukan jalma-jalma,

15

jeung bakal dibere kakawasaan ngusir roh-roh jahat."

16

Anu kapilih teh ieu ngaran-ngaranna: Simon (ku Yesus dipaparin ngaran Petrus);

17

Yakobus jeung Yohanes (adi lanceuk anak Sebedeus, duanana ku Yesus dipaparin ngaran Boanerges, hartina "Guludug");

18

Andreas, Pilipus, Bartolomeus, Mateus, Tomas, Yakobus bin Alpeus, Tadeus, Simon Patriot,

19

jeung Yudas Iskariot, anu engkena ngahianat ka Anjeunna.

20

Yesus mulih ka bumi-Na. Breg deui digimbung ku jalma rea, nepi ka Anjeunna jeung murid-murid teu kaburu tuang-tuang acan.

21

Barang wargi-wargina ngadarenge hal eta, tuluy nareang Anjeunna rek diajak mulih, sabab aya beja majar, "Anjeunna geus owah!"

22

Aya sawatara guru-guru agama anu daratang ti Yerusalem, ngaromong kieu, "Eta jelema teh kaasupan Beelsebul! Nu matak jadi bisaeun ngusir roh-roh jahat teh lantaran meunang kakawasaan ti eta kapala roh jahat."

23

Maranehna ku Yesus disaur. Geus kitu Anjeunna nyarios, tapi ku ibarat-ibarat. "Kumaha bisana Iblis ngusir Iblis?" saur-Na.

24

"Hiji kota anu pecah jadi sababaraha golongan anu silih lawan tangtu ancur.

25

Hiji kulawarga anu pecah jeung silih lawan, tangtu awut-awutan.

26

Nya kitu keneh karajaan Iblis, lamun pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila, karajaanana tangtu enggeusan.

27

Moal aya anu bisa ngabongkar imah jelema bedas sarta nyokotan harta bandana, kajaba lamun eta nu bedas teh ditalikung heula kakara imahna bisa dijarah.

28

Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura.

29

Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura, sabab nu kitu mah dosana teh langgeng."

30

(Yesus nyebatkeun kitu teh ka jelema-jelema anu nyebutkeun majar Anjeunna kaasupan roh jahat.)

31

Ibu jeung saderek-saderek Yesus geus narepi ka dinya, tapi di laluar bae, nalatahkeun supaya Anjeunna kaluar.

32

Anjeunna keur dirariung ku jalma rea. "Itu aya ibu di luar sareng saderek-saderek istri pameget, hoyongeun nepangan," ceuk maranehna.

33

"Saha ari ibu Kami? Saha ari dulur-dulur Kami?" waler-Na,

34

bari terus neuteup ka anu ngariung ka Anjeunna. "Ieu ibu jeung dulur-dulur Kami mah!" saur-Na deui.

35

"Saha-saha anu ngalampahkeun pangersa Allah, eta ibu Kami, dulur-dulur Kami awewe lalaki."

Link: