:

Mateus 20

1

"Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji jelema, rebun-rebun indit neangan kuli rek digawekeun di kebon anggurna.

2

Sanggeus mupakat yen buruh saurangna sapoe sauang perak sakumaha ilaharna, tuluy dititah mimiti digarawe.

3

Pukul salapan neangan deui ka pasar, nawaran gawe ka nu keur ngalanggur,

4

‘Mending digarawe di kebon anggur kuring, buruhna pantes.’

5

Nu ditawaran daraekeun. Pukul dua welas jeung pukul tilu neangan deui kuli.

6

Sanggeus meh pukul lima neangan deui ka pasar. Seug nanya ka nu keur tingjaranteng, ‘Ku naon ngalanggur bae sapoe jeput, ngalelebar waktu?’

7

Walonna, ‘Teu aya nu ngulikeun.’ Tuluy ditawaran, ‘Jung digarawe di kebon anggur kuring.’

8

Waktu sareupna nu boga kebon teh ngomong ka mandor, ‘Kumpulkeun kuli-kuli, bayar. Heulakeun anu datangna pangburitna, terus nepi ka anu asup digawena pangheulana.’

9

Seug anu digarawena mimiti pukul lima sore dibayar ti heula, saurang sauang perak.

10

Barang anu pangisukna rek dibayar, panyangkana rek dibayar leuwih, ari heug sarua saurang sauang perak.

11

Bari nampanan duit maranehna gegelendeng, pokna,

12

‘Eta nu daratangna pandeuri digarawena ngan sajam, ari dibayarna bet sarua jeung kuring anu digarawe sapoe jeput bari papanasan!’

13

Jawabna ka nu saurang, ‘Dulur! Aranjeun geus mupakat buruh saurangna sapoe sauang perak. Kuring henteu jalir.

14

Tarima eta duit teh, jung baralik. Hanas ieu anu pangpandeurina ku kuring dibayar sarua jeung aranjeun, eta mah kumaha kuring.

15

Na teu meunang kuring make duit sorangan sakahayang? Atawa aranjeun sirik nenjo kuring bageur?’"

16

Saur Yesus deui, "Tah kitu, anu pangpandeurina jadi ti heula, anu pangheulana jadi pangpandeurina."

17

Di tengah jalan ka Yerusalem Yesus nyaur murid-murid dicandak nyisi, tuluy Anjeunna nyarios bari angkat,

18

"Darengekeun," saur-Na, "urang ayeuna rek ka Yerusalem. Di ditu Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung guru-guru ahli hukum agama Yahudi, bakal diterapan hukum pati.

19

Tuluy diserenkeun ka bangsa batur. Ku eta bakal dipoyok, dirangket, tuluy disalib. Tapi sanggeus maot tilu poe bakal dihirupkeun deui."

20

Sabot kitu, bojona Sebedeus ngaharempoy ka payuneun Anjeunna jeung anakna duaan, murid Anjeunna, ngunjukkeun panuhun.

21

"Rek menta naon?" Yesus mariksa. Jawab eta awewe, "Upami Bapa engke parantos jumeneng Raja, ieu pun anak duaan mugi ditempatkeun di kiwaeun sareng tengeneun Bapa."

22

Saur Yesus ka eta dua murid, "Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum eusi lumur anu rek diinum ku Kami, nya eta panganiayaan?" "Sanggem," jawabna.

23

"Memang maraneh ge bakal nginum eusi lumur Kami," waler Yesus. "Tapi Kami henteu wenang nangtukeun saha nu kudu diuk di kenca katuhueun Kami. Tempat eta mah pikeun jelema-jelema anu geus ditangtukeun ku Rama Kami."

24

Murid nu sapuluh urang deui ngadarenge pamenta kitu teh kacida arambekeunana ka eta dua sadulur.

25

Ku Yesus dipiwarang kumpul tuluy diwawadian, "Maraneh nyaho, bangsa anu teu nyaraho ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.

26

Maraneh mah ulah kitu. Malah lamun hayang jadi nu punjul kudu ngawula ka nu sejen,

27

lamun hayang jadi nomer hiji kudu daek ngawula ka nu rea.

28

Kudu sakumaha Anak Manusa, datangna lain rek menta dikawulaan, tapi rek ngawulaan jeung rek ngorbankeun nyawa-Na supaya jelema-jelema anu salamet."

29

Yesus jeung murid-murid kaluar ti Yeriho, loba pisan anu naluturkeun.

30

Di sisi jalan aya nu lolong duaan keur dariuk. Barang ngadarengeeun Yesus ngalangkung, tuluy tinggarero, "Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!"

31

Ku nu sejen disentak sina repeh, tapi ngagerona kalah ka beuki tarik, "Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!"

32

Yesus liren heula tuluy mariksa, "Aya naon nyalukan Bapa?"

33

"Hayang tiasa ningal, Juragan!" tembalna.

34

Yesus welaseun, seug panon maranehna diusap, bray bae bareunta barisa nenjo, tuluy ngiring ka Anjeunna.

Link: