:

Mateus 21

1

Yesus jeung murid-murid geus dareukeut ka Yerusalem, geus aya di Betpage di Gunung Jetun. Ti dinya Yesus miwarang dua murid sina ti heula,

2

sarta dilahiran kieu, "Maraneh kudu ka kampung itu di hareup. Engke bakal manggih kalde keur dicangcang jeung anakna. Buka talina, bawa ka dieu duanana.

3

Mun aya anu ngomong kitu kieu bejakeun, ‘Rek dianggo heula ku Gusti,’ harita keneh ge tangtu mikeun eta kalde dibawa."

4

Hal ieu teh supaya laksana ucapan nabi anu kieu:

5

"Bejakeun ka Sion, Itu Raja maneh sumping! Ngarendahkeun anjeun nitih kalde, kaldena anakna keneh."

6

Dua murid indit ngalakonan piwarangan.

7

Kalde geus dibawa jeung anakna. Nu anakna disasarapan tonggongna ku jubah maranehna, Yesus terus nitihan eta kalde.

8

Jalma-jalma loba anu ngalamparkeun jubahna di jalan, sawareh deui ngampar-ngamparkeun dangdaunan beunang ngala harita,

9

tuluy ngaleut di payuneun jeung di pungkureun Anjeunna. Nu di tukang tinggarero, "Wilujeng Putra Daud! Mugia anu sumping kalawan pajenengan Pangeran dirahmat ku Allah! Puji Allah!"

10

Barang Yesus lebet ka Yerusalem, sakuliah kota geunjleung. "Saha eta?" urang Yerusalem tingtaranya.

11

Tembal nu ngarak, "Nabi Yesus ti Nasaret di Galilea!"

12

Yesus lebet ka Bait Allah. Anu keur jual beuli di dinya diusiran. Meja-meja tukang nalukeuran duit jeung bangku-bangku tukang dagang japati dibalik-balikkeun.

13

Saur-Na, "Dina Kitab Suci disebut, kieu dawuhan Allah: ‘Bait Kami bakal disarebut tempat paranti sembahyang.’ Ari ku maraneh dijieun sayang begal!"

14

Jelema-jelema anu lolong jeung nu cingked daratang ka Anjeunna di Bait Suci, ku Anjeunna dicalageurkeun.

15

Imam-imam kapala jeung guru-guru agama narenjo Anjeunna midamel kaahengan teh arambekeun, turug-turug barudak salusurakan di jero Bait Allah, "Wilujeng Putra Daud!"

16

Tuluy maranehna negor ka Yesus, "Kadenge ku Anjeun kecapna eta barudak?" "Puguh bae," waler-Na. "Na aranjeun tacan maraca ayat Kitab Suci anu kieu: ‘Barudak sareng orok ku Gusti diajar ngucapkeun pamuji anu sampurna.’"

17

Geus kitu maranehna dikantun. Anjeunna terus ka Betania, ngawengi di dinya.

18

Poe isukna isuk-isuk keneh, waktu keur angkat deui ka kota, Yesus ngaraos lapar.

19

Di sisi jalan aya tangkal kondang tuluy dicaketan. Tapi teu aya buahna, daun wungkul. Ti dinya saur-Na ka eta tangkal, "Maneh moal buahan-buahan deui!" Dadak sakala eta tangkal teh jadi garing.

20

Murid-murid mani arolohok. "Ku naon enggal-enggal teuing garing eta tangkal teh?" ceuk maranehna.

21

Waler Yesus, "Maraneh ge, asal percaya jeung henteu cangcaya, bisa nyieun kitu cara Kami bieu ka eta tangkal kondang. Malah leuwih ti kitu. Pek ieu gunung titah kieu, ‘Geura ngangkat, terus nyeburkeun maneh ka laut,’ tangtu bukti.

22

Nya kitu deui, neneda menta naon bae, asal hate percaya, tangtu dikabul."

23

Yesus lebet deui ka Bait Allah. Sabot keur ngawulang, jol imam-imam kapala jeung para kokolot daratang ka dinya tuluy nanya, "Naon hak Anjeun migawe kitu? Meunang hak kitu ti saha?"

24

Waler Yesus, "Kaula ge rek nanya ka aranjeun saperkara. Lamun kajawab, kakara pertanyaan aranjeun perkara hak Kaula dijawab.

25

Ari Yohanes kagungan hak ngabaptis ti saha? Ti Allah atawa ti manusa?" Maranehna jadi patanya-tanya pada batur, "Kudu kumaha jawabna? Lamun dijawab, ‘Ti Allah,’ tangtu ceuk Manehna, ‘Ku naon aranjeun teu percaya ka Yohanes?’

26

Lamun dijawab ‘Ti manusa,’ sieun ku rahayat, sabab rahayat yakin Yohanes teh nabi."

27

Tungtungna ngajawabna teh, "Duka teuing!" Saur Yesus, "Ari kitu mah Kaula moal ngabejakeun make hak naon Kaula migawe kieu."

28

"Ayeuna kumaha ieu ceuk aranjeun. Aya hiji jelema boga anak lalaki dua. Ngomong ka anakna nu kolotan, ‘Ujang, poe ieu kudu digawe di kebon anggur.’

29

Jawabna, ‘Ah, alim!’ tapi lila-lila kaduhungeun, tuluy bae digawe.

30

Bapana tuluy nitah ka anakna nu ngoraan cara tadi. Jawabna, ‘Mangga, Bapa,’ tapi henteu digawe.

31

Tah, nu mana anu ngalampahkeun parentah bapana?" "Nu kolot," walon maranehna. Saur Yesus, "Aranjeun bakal kapiheulaan asup ka Karajaan Sawarga ku tukang-tukang mulung pajeg jeung ku awewe tuna susila.

32

Sabab aranjeun heunteu palercaya ka Yohanes Jurubaptis anu nuduhkeun jalan bener. Sabalikna tukang-tukang mulung pajeg jeung awewe-awewe tuna susila mah percayaeun. Ari aranjeun sakitu geus nenjo hal eta, pikiran teu robah-robah, ka anjeunna teu palercaya."

33

"Aya deui misil. Aya tuan tanah muka kebon anggur, sakurilingna dipager, nyieun bak pameresanana jeung munara jaga. Tuluy disewakeun sina digarap ku nu sejen, ari manehna terus nyaba.

34

Dina usum metik manehna nitahan bujang-bujangna sina narik hasil sewa kebonna ti nu nyarewa.

35

Tapi bujang-bujangna teh ku anu nyarewa kebonna dipahala, diparaehan, aya nu diteunggeulan, aya nu dibaledogan ku batu.

36

Tuan tanah nitahan bujang-bujang sejen leuwih loba, tapi sarua nasibna jeung nu ti heula.

37

Tungtungna nu dititah teh anakna, pamikirna, ‘Ku anak aing mah tangtu sarieuneun.’

38

Tapi barang eta datang, nu nyarewa kebon teh baradami, pokna, ‘Ieu mah anakna. Urang paehan, warisanana jang urang!’

39

Tuluy dicerek, dijongklokkeun ka luaran kebon, tuluy dipaehan.

40

Cik, lamun eta tuan tanah datang sorangan, bakal dikumahakeun eta nu nyarewa kebonna teh?"

41

Tembalna, "Eta jelema-jelema jahat teh tangtu ditumpes, kebonna disewakeun deui ka nu sejen, anu pibenereun mere hasil sewa kebonna dina waktuna."

42

Saur Yesus, "Kumaha aranjeun geus maraca ayat Kitab Suci anu kieu? ‘Batu anu teu kapake ku tukang ngadegkeun, ngajadi batu anu pangutamana. Kitu dipidamelna ku Pangeran, endahna kabina-bina!’"

43

Saur Yesus deui, "Ku sabab kitu Kaula ngabejaan, hak aranjeun kana Karajaan Sawarga bakal dicabut, dibikeun ka bangsa sejen anu daraekeun ngajalankeun pangersa Allah.

44

[Anu ninggang kana eta batu tangtu remuk, anu katinggang tangtu bubuk.]"

45

Karasaeun ku imam-imam kapala jeung ku urang Parisi yen eta misil teh ku Yesus dianggo nyindiran maranehna.

46

Seug maranehna alihtiar rek nangkep Yesus. Tapi teu waranieun prak, sarieuneun ku jalma rea anu nganggap Yesus teh nabi.

Link: