Mateus 3
Mangsa eta di gurun keusik di Yudea aya anu wuwuruk, jenenganana Yohanes, Jurubaptis.
"Geura tarobat," saurna, "sabab Karajaan Sawarga geus tereh ngadeg!"
Yohanes teh anu baheula ku Yesaya diwejangkeun kieu: "Aya nu cumeluk di gurun keusik: ‘Sadiakeun jalan pikeun Pangeran! Jieun jalan anu lempeng pikeun Mantenna!’"
Anggoan Yohanes tina bulu onta, nganggo sabuk kulit, ari tuangna simeut jeung madu leuweung.
Jelema-jelema ti Yerusalem, ti sakuliah Yudea, jeung ti daerah-daerah deukeut Walungan Yordan murubul ka anjeunna.
Maranehanana ngarakukeun dosa-dosana, tuluy ku anjeunna dibaptis di Walungan Yordan.
Urang Parisi jeung urang Saduki oge loba anu ka darinya rek dibaptis. Tapi saur Yohanes ka maranehna, "Eh oray-oray, jarahat! Ceuk saha aranjeun engke bisa lolos tina hukuman Allah nu bakal datang?
Tembongkeun ku lampah yen aranjeun geus tarobat.
Jeung ulah boga pangira baris lolos tina hukuman ku ngakukeun turunan Ibrahim! Kaula ngabejaan, Allah iasaeun ngadamel turunan keur Ibrahim tina ieu batu-batu!
Kampak geus sadia pikeun nuar tangkal katut akar-akarna. Tiap tangkal anu buahanana goreng tangtu dituar, tuluy dialungkeun kana seuneu.
Kaula ngabaptis aranjeun teh ku cai, pikeun tanda yen aranjeun geus tarobat. Tapi anu engke sumping pandeurieun kaula, ngabaptisna teh ku Roh Suci jeung seuneu. Anjeunna leuwih agung ti batan kaula, mangjingjingkeun tarumpah-Na ge kaula geus teu layak.
Panangana-Na nyepeng nyiru rek napi. Gandum anu geus beresih dikaleuitkeun, huutna diduruk, seuneuna moal pareum-pareum."
Yesus ti Galilea sumping ka Walungan Yordan, mundut dibaptis ka Yohanes.
Ku Yohanes diwagel, saurna, "Kedahna sim kuring anu dibaptis ku Anjeun, ieu malah Anjeun anu mundut!"
Waler Yesus, "Keun bae ayeuna mah. Ku kieu teh urang ngalampahkeun nu jadi pangersa Allah." Yohanes ngiringan.
Sanggeus beres dibaptisna, Yesus timbul ti jero cai. Bray sapada harita keneh langit muka palebah Anjeunna, sarta Anjeunna ningali Roh Allah lungsur siga manuk japati, terus eunteup ka Anjeunna.
Tuluy aya soara ti langit, ungelna, "Ieu teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami!"