:

Mateus 4

1

Ti dinya Yesus dicandak ku Roh ka gurun keusik, sina digoda ku Iblis.

2

Sanggeus opat puluh poe opat puluh peuting teu barangtuang, Yesus ngaraos lapar.

3

Jol Iblis nyampeurkeun, ngagoda, "Anjeun teh Putra Allah? Coba eta batu-batu jadikeun roti."

4

Tapi waler Yesus, "Aya dawuhan dina Kitab Suci: ‘Jelema hirupna lain ku roti bae, perlu deuih ku tiap-tiap sabda anu diandikakeun ku Allah.’"

5

Ti dinya Yesus ku Iblis dibawa ka Bait Allah, ka puncak pangluhurna, di kota suci Yerusalem.

6

Ceuk Iblis ka Yesus, "Lamun Anjeun Putra Allah, coba geura ngaragragkeun maneh. Sabab ceuk Kitab Suci: ‘Allah bakal miwarang para malaikat-Na, sina nyanggap ka Anjeun, sangkan ulah kungsi tigasruk kana batu.’"

7

Waler Yesus, "Tapi ceuk Kitab Suci: ‘Maneh ulah ngadoja ka Pangeran Allah maneh.’"

8

Yesus ku Iblis dibawa ka hiji gunung kacida luhurna, ditembongan karajaan-karajaan saalam dunya jeung sagala kaagunganana.

9

Ceuk Iblis, "Eta kabeh rek diserenkeun ka Anjeun, asal daek sujud nyembah ka kaula."

10

Ku Yesus diwaler, "Geura nyingkah, Iblis! Kieu ceuk Kitab Suci: ‘Maneh kudu nyembah ka Pangeran, Allah maneh. Ngan Mantenna anu kudu dibakti!’"

11

Iblis nyingkah ti Yesus. Geus kitu sarumping malaikat ngalalayanan ka Yesus.

12

Yesus ngadangu warta yen Yohanes dipanjara. Anjeunna terus nyilib ka Galilea.

13

Linggihna lain di Nasaret, tapi di Kapernaum, sisi Talaga Galilea, wewengkon tanah Sebulun jeung tanah Naptali.

14

Tinekanan anu baheula diucapkeun ku Nabi Yesaya:

15

"Tanah Sebulun, tanah Naptali, di jalan anu ka laut, peuntaseun Walungan Yordan, Galilea, tanahna jalma-jalma nu lain urang Yahudi!

16

Jalma-jalma nu caricing di nu poek bakal narenjo cahaya hibar. Nu caricing di tanah anu kapoekan ku ajal bakal katojo ku eta cahaya."

17

Ti semet eta Yesus mimiti ngahutbahkeun amanat-Na, "Geura tarobat tina dosa, sabab Karajaan Sawarga geus meh ngadeg!"

18

Waktu keur angkat mapay Talaga Galilea, Anjeunna ningali dua jelema keur ngala lauk ku heurap, ngaranna Simon (katelahna Petrus) jeung Andreas, adina.

19

Ku Anjeunna disaur, "Hayu, milu ka Kami. Engke ku Kami diajar ngala jelema."

20

Harita keneh maranehna milu ka Yesus, heurapna ditaringgalkeun.

21

Yesus angkat deui ti dinya, tuluy ningali deui dua jelema adi lanceuk ngaranna Yakobus jeung Yohanes, anak Sebedeus, keur ngomean heurap jeung bapana dina parahu. Ku Yesus disaur,

22

seug marilu harita keneh, parahu jeung bapana ditinggalkeun.

23

Yesus ngider ka sakuliah Galilea, hutbah di imah-imah ibadah, ngawulangkeun Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga, nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.

24

Beja perkara Anjeunna sumebar nepi ka sakuliah nagri Siria. Jelema-jelema murubul ka Anjeunna marawa anu garering, anu nandangan rupa-rupa kasakit, anu nandangan musibat, nu kasurupan, nu sakalor, jeung nu lumpuh. Kabeh ku Anjeunna dicalageurkeun.

25

Jelema-jelema ngaleut ngariring ka Anjeunna ti Yerusalem, ti Dekapolis, ti Yudea, jeung ti peuntaseun Walungan Yordan.

Link: