Mateus 7
"Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah.
Sabab sakumaha maraneh ngahukuman ka batur, nya kitu keneh, maraneh ge bakal dihukumanana ku Allah. Lamun maraneh ngukur kitu ka batur, maraneh ge bakal diukur kitu ku Allah.
Ku naon nelek-nelek tatal dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan diantep?
Kumaha rek wani ngomong ka dulur maraneh, ‘Cing, eta tatal dina panon urang pangnyabutkeun ku kuring,’ padahal dina panon sorangan aya balok?
Eh nu marunapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, kakara bisa awas mangnyabutkeun tatal tina panon dulur maraneh.
Ulah mikeun barang suci ka anjing, supaya anjingna ulah malik ngarontok ka maneh. Ulah mikeun mutiara ka bagong, sabab tangtu eta mutiara bakal diidek-idek."
"Kudu menta, tangtu bakal nampa, kudu neangan, tangtu bakal manggih, kudu ngetrokan, tangtu dibuka pantona.
Sabab nu menta tangtu dibere, nu neangan tangtu manggih, nu ngetrok panto tangtu dipangmukakeun.
Di antara bapa-bapa di dieu, aya anu kalah ka mere batu lamun anakna menta roti?
Atawa lamun anakna menta lauk kalah ka dibere oray?
Sakumaha jahatna maraneh, ka anak mah tangtu merelukeun mere anu mangpa’at. Komo deui Rama maraneh nu di sawarga, moal teu maparin nu mangpa’at ka nu nyuhunkeun ka Mantenna!
Jieun kahadean ka batur, sakumaha maraneh oge hayang meunang kahadean ti batur. Kitu maksudna Hukum Musa jeung piwuruk nabi-nabi teh."
"Kudu milih asup kana lawang nu sempit. Sabab lawang anu rubak mah brasna ka naraka, jalan ka dinya gampang, nu matak loba anu ka darinya.
Sabalikna lawang nu sempit mah lawang kana pihirupeun. Jalanna memang hese, nu matak anu ka darinya mah ngan saeutik."
"Sing awas ka nabi-nabi palsu! Datangna ka maraneh make ulat domba, tapi hatena mah hate ajag.
Maraneh baris nyaho ka maranehna tina tingkah lakuna. Rungkun cucuk moal buahan anggur, tangkal cucuk moal buahan kondang.
Tangkal alus buahanana tangtu alus, tangkal goreng buahanana tangtu goreng.
Mun tangkalna sehat buahanana moal goreng, mun tangkalna goreng buahanana moal alus.
Tangkal nu goreng buahanana tangtu dituar tuluy dialungkeun kana seuneu.
Jadi nyirikeun nabi-nabi palsu teh tina tingkah lakuna."
"Lain anu ngan semet nyambat ka Kami: ‘Gusti, Gusti!’ anu bakal asup ka sawarga teh, tapi anu ngalampahkeun pangersa Ama Kami nu di sawarga.
Dina Poe Kiamat loba nu bakal ngaromong ka Kami, ‘Gusti, Gusti! Ku pajenengan Gusti abdi parantos ngadongkapkeun amanat Allah. Ku pajenengan Gusti abdi nundung setan-setan sareng ngayakeun mujijat-mujijat!’
Ku Kami bakal diwalon, ‘Kami teu wawuh ka maraneh. Geura nyalingkir, eh durjana-durjana!’"
"Jadi, anu ngabandungan ieu piwulang Kami jeung terus ngalampahkeunana, eta ibarat jelema pinter anu nyieun imah dina luhur batu.
Imahna katinggang hujan gede, kateumbrag walungan caah, katebak ku angin ribut, tapi teu daekeun rugrug sabab ngadegna dina luhur batu.
Sabalikna anu ngadenge ieu piwulang tapi henteu ngalampahkeun, eta ibarat jelema teu boga pikiran nu ngadegkeun imah dina luhur keusik.
Katinggang hujan gede, kateumbrag walungan caah, katebak ku angin ribut, brug imahna runtuh. Ruksakna kacida!"
Yesus liren nyariosna. Jalma-jalma mani harookeun ku carana Anjeunna ngawulang.
Beda ti guru-guru agama maranehna, Anjeunna mah ngajarna teh pinuh wibawa.