:

Mateus 8

1

Yesus lungsur ti gunung dituturkeun ku jalma rea.

2

Jol aya jelema anu nandangan kasakit lepra datang ka Anjeunna, sujud ka payuneuna-Na tuluy unjukan kieu, "Juragan, manawi kersa Juragan iasa nyageurkeun abdi."

3

Yesus ngantelkeun panangana-Na ka manehna, tuluy misaur, "Heug, geura cageur!" Harita keneh kasakit eta jelema teh cageur.

4

Saur Yesus deui ka manehna, "Kade, ulah cacarita ka saha-saha! Terus ka imam bae menta dipariksa, tuluy nyanggakeun kurban anu diparentahkeun ku Musa, pikeun ngabuktikeun ka nu sejen yen maneh geus cageur."

5

Barang Yesus sumping ka Kapernaum, aya hiji perwira bangsa Rum datang ka Anjeunna menta tulung, pokna,

6

"Juragan, gandek sim kuring di rorompok udur repot, parantos teu tiasa walakaya, kalintang nandanganana."

7

"Heug urang cageurkeun, Kaula rek ka ditu," waler Yesus.

8

Tapi ceuk eta perwira, "Ulah ka ditu, Juragan! Isin temen abdi kasumpingan. Saurkeun ti dieu bae, tangtos pun gandek teh tiasa cageur.

9

Abdi oge nu jadi bawahan saluhureun, upami nitah, ‘Indit!’ ka hiji prajurit, tangtos eta prajurit indit. Upami sanggem abdi, ‘Ka dieu!’ tangtos nyampeurkeun. Upami sanggem abdi ka gandek, ‘Ieu pigawe!’ tangtos dipigawe."

10

Ngadangu kitu Yesus kacida katarikna, tuluy nyarios ka anu ngariring, "Ieu jelema kacida percayaeunana. Di Israil ge Kami can manggih nu kawas ieu.

11

Kami bisa mastikeun, loba nu bakal daratang ti wetan ti kulon, milu pesta suka-suka di sawarga jeung Ibrahim, Ishak, jeung Yakub.

12

Sabalikna jelema-jelema anu kuduna jaradi warga sawarga bakal dijarongklokkeun ka tempat nu poek, careurik di dinya sarta huntuna tingkereket."

13

Ti dinya saurna ka eta perwira, "Geura mulang. Hal anu ku anjeun dipercaya tangtu laksana." Harita keneh ge gandekna nu keur gering di imah teh cageur.

14

Yesus terus ka imah Petrus. Ibu mertua Petrus harita keur ngedeng bae di enggon, muriang.

15

Ku Yesus dicepeng leungeunna, seug muriangna cageur tuluy hudang ngalalayanan ka Anjeunna.

16

Ka sorenakeun loba anu marawa jelema-jelema anu kasurupan setan ka Yesus. Ngan ku sakecap roh-roh jahatna ku Yesus diusir kalaluar. Kitu deui anu garering kabeh dicalageurkeun.

17

Pang Anjeunna midamel kitu teh ngalaksanakeun ucapan Nabi Yesaya baheula anu kieu, "Anjeunna ngangkat sagala panyakit jeung kasakit urang."

18

Ku Yesus katingalieun di sakurilingeun Anjeunna loba jelema. Seug ngajak murid-murid meuntasan talaga ka peuntas ditu.

19

Hol aya nu datang ka Anjeunna, hiji guru agama. "Pa Guru," carekna, "abdi bade ngiring ka mana bae Pa Guru angkat."

20

Waler Yesus, "Careuh baroga liang, manuk baroga sayang, ari Putra Manusa mah teu boga tempat keur ngedeng-ngedeng acan."

21

Tuluy salah saurang anu kaasup murid unjukan, "Pa, permios wangsul heula bade nguburkeun pun bapa."

22

Tapi ku Yesus diwaler kieu, "Tuturkeun Kami terus. Keun nu maot mah sina nguburkeun nu maotna sorangan."

23

Yesus tuluy naek kana parahu jeung murid-murid-Na.

24

Sabot Yesus keur kulem, gelebug aya angin ribut nebak talaga, nepi ka parahu meh tibalik.

25

Yesus ku murid-murid-Na digugahkeun, "Gusti tulungan! Abdi-abdi bade tiwas!"

26

"Ku naon sarieun? Ku naon kurang percaya ka Kami?" saur Yesus. Anjeunna tuluy ngadeg, angin jeung ombak diparentah sina eureun. Jep bae eureun, talaga jadi kacida ayemna.

27

Murid-murid-Na arolohok. "Jelema naon Guru urang teh?" ceuk maranehna. "Bet angin jeung ombak ge datang ka nurut ka Anjeunna!"

28

Sumping ka peuntas ditu, di wewengkon Gadara, Yesus papapag jeung dua jelema anu diraksuk ku setan, jolna ti astana. Duanana kacida garalakna, nepi ka taya nu wani ngalanto ka lebah dinya.

29

Eta dua jelema ngagorowok, "Rek naon ka kuring, eh Putra Allah? Naha geus rek nyiksa ka kuring samemeh cunduk waktu?"

30

Teu jauh ti dinya aya babi sabubuhan keur nareangan hakaneun.

31

Setan-setan teh nunuhun ka Yesus, pokna, "Lamun kuring sarerea rek diusir kaluar, idinan nyurup ka itu babi-babi."

32

"Jig," waler Yesus. Ti dinya setan-setan teh nyarurup ka eta babi-babi. Seug babi-babi teh lalumpatan ka sisi gawir, brus laluncatan ka talaga tuluy tingkerelep.

33

Tukang-tukang ngangonna lalumpatan ka jero kota, hariweusweus nyaritakeun kajadian anu kaalaman ku dua jelema anu diraksuk ku setan tea.

34

Ti dinya urang kota eta budal manggihan ka Yesus, tuluy ngadesek supaya Anjeunna ngantunkeun daerah maranehna.

Link: