Mika 6
Darengekeun panuding PANGERAN ka Israil. Sumangga geura ngadeg, nun PANGERAN. Sumangga lahirkeun panuding Gusti, malar karungu ku gunung-gunung, kakuping ku pasir-pasir.
Eh gunung-gunung, eh pademen-pademen bumi nu langgeng, bandungan pangdakwa PANGERAN! Mantenna kagungan perkara ka Israil umat-Na, sarta bakal ngadakwa maranehna.
PANGERAN ngandika, "Eh umat Kami, geus migawe naon Kami ka maraneh teh? Geus nyusahkeun naon Kami ka maraneh? Coba jawab!
Kami geus ngaluarkeun maraneh ti Mesir; ngajait ti tempat maraneh dijadikeun jalma beulian; Kami geus ngutus Musa, Harun jeung Miryam sangkan nungtun ka maraneh.
Eh umat Kami, sing aringet ka Raja Balak ti Moab, kumaha karepna ka maraneh, jeung kumaha dijawabna ku Balhum anak Beor. Sing aringet kana kajadian di jalan ti pakemahan di Sitim ka Gilgal! Lamun maraneh inget ka dinya tangtu ngarasa, kumaha tarekah Kami nyalametkeun maraneh."
Naon sanggakeuneun kaula ka PANGERAN, Allah nu linggih di sawarga, lamun datang ngabakti ka Mantenna? Naha kudu mawa anak sapi anu pangalusna, diduruk dikurbankeun ka Mantenna?
Na kersaeun PANGERAN lamun dihaturanan domba mangrebu-rebu, atawa minyak jetun anu ngocor teu eureun-eureun? Naha kaula teh kudu ngurbankeun anak cikal ka Mantenna, geusan nebus dosa kaula?
Teu kudu, PANGERAN ka urang geus nerangkeun naon nu hade. Anu ku Mantenna dipundut ti urang nya eta: urang kudu migawe kaadilan, kudu nembongkeun kanyaah salilana, sarta hirup ngahiji jeung Allah urang kalawan handap asor.
Sieun ku PANGERAN teh sipat anu bijaksana. Mantenna ngagentraan pangeusi kota, kieu: "Darengekeun ku maraneh, eh nu keur karumpul di kota!
Di imah jalma-jalma anu jarahat loba harta banda meunang teu jujur. Maranehna make takeran palsu, kalakuan kaijid Kami.
Pimanaeun Kami ngahampura ka nu sok marake ukuran jeung timbangan palsu!
Maraneh anu baleunghar, ngagencet ka nu mariskin. Sarta maraneh kabeh oge tukang bohong.
Ku sabab kitu, ayeuna Kami rek mimiti ngawarah sarta numpes maraneh ku karana dosa-dosa maraneh.
Maraneh bakal dahar, tapi moal teu bisa seubeuh — malah angger lapar. Maraneh bakal ngakut barang-barang, tapi moal bisa nyimpen; naon bae anu disimpen ku maraneh, ku Kami rek disina ancur ku perang.
Melak gandum hasilna moal kungsi kaala. Nyieun minyak jetun moal kungsi bisa ngagunakeun. Nyieun anggur inuman, moal kungsi kainum.
Pangna nepi ka jadi kitu teh lantaran maraneh geus nuturkeun kalakuan jahat Raja Omri jeung kalakuan anakna, Raja Ahab. Parentahna anu jahat ku maraneh dilakonan. Ku sabab kitu maraneh rek ditumpur, hinakeuneun saban jalma. Di mana-mana, jalma-jalma bakal mikaijid ka maraneh."