Mika 7
Geus euweuh harepan! Kaayaan kaula ibarat jelema lapar, neangan buah atawa anggur dina tangkalna teu manggih-manggih. Buah anggur jeung buah kondang anu ngareunah, kabeh geus diala.
Di jero nagri geus taya jelema jujur, geus taya jelema anu satia ka Allah. Saban jalma ngarep-ngarep kasempetan pikeun maehan. Saban jalma silih arah jeung batur sabangsa.
Geus arahli kana kajahatan. Para pajabat jeung hakim-hakim marenta pangruruba. Nu baroga pangaruh maksa supaya kahayangna diturut. Maranehna babarengan sapongkol.
Malah anu kasebut panghadena jeung pangjujurna ge ti kalangan maranehna, sarua taya hargana jeung jukut hama. Geus cunduk waktuna Allah baris ngahukum ka umat-Na, sakumaha anu ku Mantenna geus diancamkeun ka maranehna ku perantaraan nabi-nabi. Ayeuna ge maranehna geus mimiti baringungeun.
Tong percaya ka tatangga, tong ngandel ka sobat. Ngomong kudu ati-ati, sanajan ka pamajikan.
Karana dina mangsa-mangsa ieu teh anak lalaki geus teu ngahargaan ka bapana, anak awewe ngalawan ka indungna, minantu awewe pasea jeung mitoha awewe; anggota kulawarga sorangan ge jadi musuh.
Tapi kaula mah ngaharep ka PANGERAN, sarta kalawan yakin muntang ka Allah nu bakal nyalametkeun kaula. Allah kaula tangtu kersaeun ngadangu doa kaula.
Taya alesan pikeun musuh-musuh urang ngarasa senang ku kaayaan urang. Urang geus tijuralit, tapi bakal hudang deui. Ayeuna urang nandangan poek, tapi bakal dipaparin caang deui ku PANGERAN.
Urang teh geus dosa ka PANGERAN. Ku sabab eta wayahna nandangan bendu-Na heula; ahirna Mantenna bakal ngabelaan jeung nguruskeun urang kalawan adil. Tangtu urang ku Mantenna dicandak ka nu caang; urang bakal ngalaman disalametkeun ku Mantenna.
Hal eta bakal katarenjo ku musuh-musuh urang. Maranehna bakal areraeun sorangan. Eta musuh-musuh teh anu bareto nanya ka urang, semu moyok, "Mana PANGERAN Allah maneh teh?" Engke ku urang kasaksian maranehna kasoran diidek-idek kawas leutak di jalan.
Eh urang Yerusalem! Geus deukeut mangsana maraneh bakal ngadegkeun deui kuta kota maraneh. Tur engke wilayahna bakal tambah lega.
Batur sabangsa maraneh ti mana-mana bakal marulang: Nu ti Asur ti beulah wetan, nu ti Mesir ti beulah kidul, nu ti wewengkon Walungan Eprat, anu ti peuntaseun laut, jeung ti gunung-gunung nu jarauh.
Tapi bumi bakal jadi gurun keusik, gara-gara dosa pangeusina.
Nun PANGERAN, mugi kersa ngangon ka ieu umat kenging Gusti milih. Sanaos ayeuna keur mencil aya di leuweung, nanging tanah-tanah sakurilingeunana mah subur. Mugi dicandak, diangon di sampalan anu ngemploh di Basan sareng Gilad, sapertos kapungkur.
Mugi Gusti kersa midamel kaajaiban ka abdi sadaya sapertos kapungkur nalika Gusti nyandak abdi-abdi kaluar ti Mesir.
Bangsa-bangsa bakal naringal hal eta sarta jadi areraeun, lantaran ngarasa yen kakuatan maranehna teu aya hartina. Maranehna bakal leungiteun akal, dugi ka teu tiasa ngomong, teu tiasa ngadenge.
Maranehna bakal ngalangsud dina taneuh cara oray, kalaluar ti benteng-bentengna bari ngadegdeg kasieunan, teras darongkap ka PANGERAN, Allah abdi sadaya.
Teu aya allah sanes anu sapertos Gusti, nun PANGERAN, Gusti kersa maparin hampura kana dosa-dosa umat Gusti nu ayeuna harirup keneh. Moal salamina Gusti bendu, sawangsulna malah mikaasih ka abdi-abdi teu aya watesna.
Tangtos Gusti kersa mikawelas deui ka abdi sadaya. Dosa-dosa abdi sadaya tangtos ku Gusti bakal diluluh lajeng dialungkeun ka dasar laut!
Gusti tangtos kersa mintonkeun kasatiaan sareng kaasih nu taya watesna ka ieu umat Gusti, turunan Ibrahim sareng Yakub, sakumaha anu ku Gusti parantos dijangjikeun ka karuhun abdi sadaya jaman kapungkur.