Nehemia 5
Dina hiji waktu, dulur-dulur lalaki awewe loba anu rarumahuh ku kalakuan dulur-dulurna urang Yahudi keneh.
Pokna, "Parabaneun rea, gandum geus teu boga, kudu kumaha nya hirup."
Aya nu rumahuhna kieu, "Lahan, kebon anggur, imah, kapaksa digadekeun sangkan teu nepi ka langlayeuseun."
Aya oge anu ngomong kieu, "Keur mayar pajeg tanah jeung kebon anggur ka nagara ge kapaksa kudu nginjeum.
Padahal urang jeung maranehna teh tunggal keneh urang Yahudi. Barudak urang sarua balageur cara anak-anakna. Tapi naha ari barudak urang nepi ka jadi badegana. Anak nu awewe kitu keneh, kajual ka maranehna jadi badega. Urang geus teu bisa naon-naon lantaran lahan jeung kebon anggur geus leupas ka batur."
Nguping dulur-dulur rarumahuh, sim kuring jadi jengkel
ka kapala-kapala jeung pamingpin-pamingpinna. Sim kuring ihtiar. Maranehna dielingan, "Aranjeun meres ka dulur sorangan!" Sim kuring ngayakeun gempungan rek ngabarempugkeun sual eta.
Ti dinya nyarita, "Sim kuring sarerea geus satekah polah nebus dulur-dulur, urang Yahudi, anu ngajarual maneh ka bangsa batur. Ari aranjeun kalah ka ngahaja sangkan dulur-dulur teh ngajarual maneh ka aranjeun, papada urang Yahudi!" Maranehna ngabaretem teu bisa ngajawab.
Sim kuring neruskeun, "Kalakuan kitu teh salah! Cik sing sarieun ku Allah, sing bener lampah, sangkan musuh urang anu teu baroga agama nu bener teu manggih jalan keur ngagogoreng ka urang.
Eta dulur-dulur ku sim kuring sabatur-batur jeung ku nu digarawe di sim kuring geus dibarere nginjeum duit jeung gandum. Tapi urang bebaskeun bae teu kudu malayar.
Hutang-hutangna ka aranjeun oge, boh duit boh gandum boh anggur atawa minyak jetun, ku aranjeun ulah ditagih. Lahan-lahanna, kebon anggurna, pelak jetunna, imah-imahna, pulang-pulangkeun deui poe ieu keneh!"
Maranehna ngajawab, "Ngiringan kana pangersa. Sagala rupina bade dipulangkeun, hutang-hutangna bade dibebaskeun." Sim kuring manggil imam-imam. Kapala-kapala tea sina sarumpah di hareupeun imam-imam sangkan jangjina dilaksanakeun.
Geus kitu sim kuring ngudar beubeur tina cangkeng seug dikebutkeun, bari ngucap kieu, "Upama aranjeun henteu nekanan jangji, baris dikebutkeun ku Allah. Imah aranjeun saeusina baris dimusnakeun, moal aya nu disesakeun." Anu karumpul bareng nyebut, "Amin," dituluykeun ku muji ka PANGERAN. Jangji kapala-kapala tea enya dilaksanakeun.
Geus dua belas taun sim kuring jadi gupernur tanah Yuda, nya eta ti taun kadua puluh nepi ka taun katilu puluh dua Artahsasta jumeneng raja, sim kuring can kungsi ngasaan kadaharan anu pantes keur gupernur. Baraya-baraya nya kitu keneh.
Gupernur-gupernur nu tihareula mah digarawena teh sok ngabeungbeuratan rahayat, saban poe mundut ka rahayat 40 uang perak, keur meuli kadaharan jeung anggur. Pagawe-pagawena oge ka rahayat teh wani meres. Sim kuring mah jelema anu sieun ku Allah, palias kitu.
Jeung boro-boro mikirkeun hayang boga tanah, katungkulkeun kana pagawean ngawangun deui kuta tea. Anu digarawe di sim kuring oge marilu marantuan digawe.
Dina waktu-waktu anu angger sim kuring geus biasa mere dahar ka saratus lima puluh urang Yahudi jeung kapala-kapalana, can kaitung semah-semah ti bangsa-bangsa tatangga anu nyaremah ka sim kuring.
Saban poe meuncit sapi hiji, domba pilihan genep, hayam pirang-pirang, sarta sapuluh poe sakali nyadiakeun anggur rupa-rupa. Kilang kitu sim kuring tara menta ditunjang sakumaha hak gupernur, lantaran terang rahayat teh beurat tanggunganana.
Nun Allah, ieu sagala rupi ihtiar jisim abdi enggoning nalang sareng nulung dulur-dulur, disanggakeun ka Gusti.