:

Nehemia 6

1

Sanbalat, Tobia, Gesyem jeung sakur anu ngamusuh ka urang mareunang beja, yen kuta geus anggeus, anu gararowongna kabeh geus katutup, kari masangkeun lawang-lawang jalan asupna.

2

Sanbalat jeung Gesyem ngirim utusan ka sim kuring, cenah sim kuring kudu nepungan di hiji kampung, di Lebak Ono. Eta teh akalna, arek nyilakakeun ka sim kuring.

3

Ku sim kuring dijawab, "Teu tiasa. Keur aya padamelan penting, bilih katunda lantaran nepangan aranjeun."

4

Mentana ditemonan teh geus opat kali, sarta unggal-unggal ku sim kuring dijawabna sarua.

5

Kalima kalina, utusanana teh mawa surat teu make amplop.

6

Kieu suratna, "Kenging wartos ti Gesyem, yen jalmi-jalmi anu disakuriling rame gehger majar anjeun sareng urang Yahudi bade barontak, eta margina anjeun ngomean kuta. Sanggem Gesyem deui, anjeun bade ngajenengkeun maneh jadi raja,

7

parantos ngajenengkeun nabi-nabi kangge ngembarkeun di Yerusalem yen anjeun jadi raja di tanah Yuda. Hal ieu tangtos parantos kadangu ku Kangjeng Raja. Kitu nu mawi perlu urang tepang ngabarempagkeun perkawis eta."

8

Ku sim kuring dijawab, "Anu disaurkeun ku anjeun taya hiji anu bukti. Jijieunan anjeun bae."

9

Maranehna nyoba-nyoba nyingsieunan ngarah pagawean bongkor. Sim kuring neneda, "Nun Allah, mugi abdi-abdi dipaparin kakuatan!"

10

Geus kitu sim kuring nganjang ka Semaya bin Delaya incu Mehetabel, lantaran manehna teu bisa ninggalkeun imah. Manehna ngomongan ka sim kuring, "Bapa, urang nyumput sareng abdi di Kamar Suci di Bait Allah, pantona urang tulakan, margi bade aya anu ka darieu seja nelasan ka Bapa. Boa wengi ieu ge darongkap."

11

Jawab sim kuring, "Bapa mah teu biasa manglumpatkeun jeung lain tukang nyumput. Naha ku nyumput di Bait Allah teh Bapa bisa salamet? Embung Bapa mah."

12

Sanggeus dipikiran, tetela eta omongan Semaya teh lain ti Allah, tapi ti Sanbalat jeung Tobia, anu geus nyogok ka manehna sina pura-pura pupulih kitu ka sim kuring.

13

Semaya ku maranehna disewa sina nyingsieunan sangkan kuring nyieun dosa, sangkan maranehna bisa ngaragragkeun ngaran sim kuring jeung ngarendahkeun martabat sim kuring.

14

Sim kuring neneda, "Nun Allah, emutkeun eta kalakuan Tobia sareng Sanbalat. Mugia maranehna dihukum ku Gusti. Sing emut oge ka awewe anu nami Nodiah, sareng ka nabi-nabi sanesna anu kapungkur nyobi-nyobi nyingsieunan ka abdi."

15

Sanggeus lima puluh dua poe, dina tanggal dua puluh lima bulan Elul, kuta teh geus anggeus pisan.

16

Barang bejana nepi ka musuh-musuh sakurilingeun, maranehna jadi kacida kaeraanana, lantaran geus katembong ku sarerea yen eta pagawean teh kalayan pitulung Allah bisa rengse.

17

Sajeroning kitu, pamingpin-pamingpin urang Yahudi geus susuratan jeung Tobia.

18

Loba urang Yuda anu ngabatur ka Tobia, dumeh mitohana urang Yahudi, nya eta Sekanya bin Arah. Turug-turug Yohanan, anakna, boga rabi ka anak Mesulam bin Berekya.

19

Sanajan Tobia teu eureun-eureun nyingsieunan sim kuring dina surat-suratna, tapi ku eta jelema-jelema teh teu weleh dialem di hareupeun sim kuring, sarta saomong-omong sim kuring ku maranehna sok ditepikeun ka Tobia.

Link: