:

Pamindo 15

1

"Unggal-unggal tutup taun katujuh, sakur anu baroga hutang duit ka maraneh, hutangna kudu dipupus.

2

Nya eta sakur anu ngarinjeumkeun duit ka sasama Israil deui, pihutangna ulah ditagih, kudu dilubarkeun bae. Sabab PANGERAN ku manten anu ngembarkeun, yen mangsa eta hutang-hutang kudu dilubarkeun.

3

Pihutang ka nu henteu sabangsa meunang ditagih. Pihutang ka sasama bangsa mah ulah ditagih.

4

Jeung ongkoh sasama bangsa sorangan mah moal aya anu miskin, sabab eta tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh teh ku Mantenna bakal diberkahan,

5

asal maraneh saruhud ngesto ka Mantenna sarta tigin kana sagala hal anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu.

6

PANGERAN tangtu ngaberkahan ka maraneh sakumaha pangandika-Na. Maraneh moal nepi ka kudu nginjeum ka bangsa sejen, sabalikna bakal nginjeumkeun. Moal nepi ka dikawasaan ku bangsa sejen, sabalikna bakal ngawasaan ka maranehna.

7

Bisi bae di salah sahiji kota di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, aya sasama bangsa sorangan anu kakurangan, maraneh ulah koret, ulah nepi ka teu nulungan.

8

Bere nginjeum sakumaha pangabutuhna, kudu balabah.

9

Ulah nepi ka mogogan mere nginjeum pedah upamana bae dumeh geus deukeut kana taun ngalubarkeun. Ulah kaasupan pikiran goreng kawas kitu. Sabab upama maneh nepi ka embung mere nginjeum, anu nginjeum teh bakal jumerit ka PANGERAN ku hal maneh, geus tangtu matak dosa ka maneh.

10

Nu matak sing rido mere nginjeum ulah ngeked, supaya sagala usaha maneh meunang berkah ti PANGERAN.

11

Moal nepi ka teu aya urang Israil anu miskin jeung walurat, tangtu aya bae. Nu matak Bapa meupeujeuhan pisan sing balabah ka maranehna."

12

"Lamun aya sasama bangsa, lalaki atawa awewe ngajual diri kumawula ka maraneh, lamun kumawulana geus genep taun, dina mimiti taun anu katujuh kudu dilepas, sina bebas.

13

Tapi ulah disina balik kitu bae teu dibekelan naon-naon.

14

Kudu dibekelan masing loba, naon bae pangaboga maneh, domba, gandum, anggur.

15

Kudu rarumasa maraneh oge bareto bubudak di Mesir, geuning ku PANGERAN Allah maraneh dileupaskeun. Eta sababna Bapa marentahkeun kitu ka maraneh teh.

16

Tapi teu mustahil anu kumawula teh embungeun balik tina geus ngarasa betah jeung nyaaheun ka maraneh sakulawarga.

17

Lamun kitu bawa nu kumawula teh kana panto imah, tindik ceulina teueulkeun kana panto, nandakeun yen saumur hirupna seja kumawula ka maraneh. Nu awewe oge kudu dikitukeun.

18

Dina waktuna ngalepas ulah ngarasa lebar, karana sajero genep taun kumawula ka maneh, upahna ngan satengahna ti upah anu buburuh biasa. Pek arestokeun kitu, sangkan sagala usaha maraneh meunang berkah PANGERAN."

19

"Sakabeh cikal sapi jeung cikal domba anu jalu kudu disucikeun pikeun PANGERAN Allah maraneh. Sapina teu meunang dipake magawe, dombana teu meunang diala buluna.

20

Saban taun eta cikal-cikal teh sanggakeun ka PANGERAN di tempat anu baku paranti ngabakti, tuluy kudu didalahar di dinya sakulawarga, di payuneun Mantenna.

21

Tapi lamun satona cacad, cingked atawa pecak, atawa cacad leuwih ti kitu, teu meunang disanggakeun ka PANGERAN Allah maraneh.

22

Nu kitu mah peuncit bae di imah jeung bisa didahar ku saha bae, ku nu suci ku nu henteu, cara daging uncal atawa mencek.

23

(15-22b) Ngan getihna ulah didalahar, kudu dikucurkeun kana taneuh cara cai."

Link: