:

Pamindo 16

1

"Unggal bulan Abib kudu mestakeun Paska pikeun ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh. Sabab nya dina bulan eta dina hiji peuting bareto maraneh ku Mantenna diluputkeun ti Mesir.

2

Dina waktuna, maraneh kudu arindit ka tempat ngabakti, sarta di ditu masing-masing kudu meuncit embe domba atawa sapi hiji pikeun dahar Paska, ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh.

3

Didaharna kudu jeung roti anu teu make ragi. Tujuh poe lilana ulah ngadalahar roti anu make ragi, cara bareto basa maraneh rurusuhan budal ti mesir. Roti kitu disebutna roti kabalangsakan. Maksudna pikeun jadi pangeling-eling saumur hirup kana poean maraneh budal ti mesir, ti tempat maraneh kabalangsak.

4

Di sakuliah wewengkon dina waktu eta di unggal imah ulah aya anu ngagunakeun ragi, tujuh poe lilana. Daging sato anu dipeuncit dina peutingan poe kahiji kudu beak didahar peuting eta keneh.

5

Sato-sato pikeun Paska dipeuncitanana kudu di hiji tempat bae, nya eta di tempat ngabakti, teu meunang di mana-mana di sakuliah wewengkon anu dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh. Dipeuncitanana kudu sanggeus surup panonpoe, cara dina poean maraneh ninggalkeun Mesir.

6

(16:5)

7

Dagingna kulub tuluy kudu didalahar di dinya keneh di tempat ngabakti. Poe isukna, isuk-isuk kudu baralik.

8

Ngadalahar roti teu make ragi teh kudu terus keneh genep poe deui. Dina katujuh poena maraneh teu meunang barang gawe, kudu kumpul ngabakti ka PANGERAN Allah maraneh."

9

"Dina usum dibuat gandum, ti barang ngamimitian dibuat maraneh kudu ngitung waktu tujuh minggu.

10

Geus kitu kudu ngayakeun Pesta Panen, pikeun ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh, ku jalan nyanggakeun pangbakti suka rela ka PANGERAN Allah maraneh, sakadarna nurutkeun gedena rejeki anu katarima ti Mantenna.

11

Sing barungah di payuneun PANGERAN, di tempat anu dipilih ku Mantenna tea, bareng jeung anak, para badega, urang Lewi, urang asing, para yatim pahatu, jeung randa-randa anu caricing di kota-kota maraneh.

12

Peupeujeuh ieu pikukuh-pikukuh teh gumatikeun. Ulah paroho, maraneh bareto di Mesir geus dibadegakeun."

13

"Sanggeus beres ngirik gandum jeung meres buah anggur, maraneh kudu nyieun Pesta Saung Daun lilana tujuh poe.

14

Pek saruka-suka jeung anak, para badega, urang Lewi, urang asing, para pahatu, randa-randa, batur sakota.

15

Pestana tujuh poe di tempat anu geus baku paranti ngabakti, pikeun ngamulyakeun ka PANGERAN Allah maraneh. Sing bungah lantaran PANGERAN geus ngaberkahan hasil bumi jeung pagawean maraneh.

16

Tilu kali di jero sataun sakabeh jelema bangsa maraneh kudu ngabarakti ka PANGERAN di tempat parantina, ngalaksanakeun tilu rupa pesta: Pesta Paska, Pesta Panen, Pesta Saung. Unggal jalma kudu mawa pangbakti,

17

sakumaha bae kadugana nurutkeun gedena rejeki anu katarima ku maraneh ti PANGERAN Allah maraneh."

18

"Di saban kota anu dipaparinkeun ku PANGERAN ka maraneh, kudu aya hakim sababaraha urang, kitu deui gegeden lianna, anu kudu nguruskeun perkara reujeung adil.

19

Nimbang perkara ulah sawenang-wenang, ulah beurat sabeulah, ulah kasogok, sabab pangruruba teh bisa ngabutakeun najan ka nu wijaksana jeung jujur oge, nepi ka salah mutus perkara.

20

Mana salawasna kudu lempeng satemenna, supaya bisa maratuh nepi ka tetep renggenek di eta tanah anu dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh.

21

Di sisi altar pikeun PANGERAN Allah maraneh ulah aya arca brahala tina kayu anu ngalambangkeun Asera.

22

Jeung teu meunang nyieun pilar batu pikeun ngabakti ka brahala. Barang kitu kaijid PANGERAN.

Link: