:

Pamindo 17

1

Ulah ngurbankeun sapi atawa embe domba cacad ka PANGERAN Allah maraneh, Mantenna moal kersaeun.

2

Upamana, maraneh meunang beja di salah sahiji kota maraneh aya jelema lalaki atawa awewe anu migawe dosa ka PANGERAN, ingkar tina perjangjian Mantenna,

3

ngabakti jeung ngawula ka allah-allah sejen, atawa nyembah ka panonpoe atawa ka bulan atawa ka bentang-bentang, anu papalingpang jeung pangandika PANGERAN.

4

Lamun meunang beja kitu kudu ditalengteng sing gemet. Upama enya di Israil aya lampah doraka kitu,

5

bawa jelemana ka luareun kota, tuluy tenggoran ku batu nepi ka paeh.

6

Tapi samemeh prak kudu aya saksi heula duaan atawa leuwih, anu ngaenyakeun kana dosana. Lamun saksina ngan saurang, ulah tulus dipaehan.

7

Anu kudu nenggor ti heula ku batu saksi-saksi, ti dinya kakara jalma rea nalenggoran eta jelema ku batu. Ku jalan kitu maraneh numpes eta kadorakaan.

8

Bisa jadi aya perkara anu hese diputusna ku hakim di salah sahiji kota, upamana bae urusan tanah milik, urusan anu ngarogahala, atawa perkara ngabedakeun antara anu maehan ngahaja jeung teu kahaja. Upama aya urusan kitu, hakim kudu muru ka tempat ngabakti anu dipilih ku PANGERAN Allah maraneh.

9

Bejakeun perkarana ka imam-imam Lewi jeung ka hakim anu keur tugas di dinya, sina diputus ku aranjeunna.

10

Nya aranjeunna anu baris mutusna, sarta maraneh kudu ngajalankeun sing taliti sakur anu disaurkeun ku aranjeunna.

11

Sakur anu diputuskeun jeung ditangtukeun ku aranjeunna jalankeun ulah aya anu kaliwat.

12

Sing saha anu wani-wani nolak putusan ti hakim jeung imam-imam anu keur tugas, kudu dipaehan, supaya eta kadorakaan tumpes ti Israil.

13

Jeung supaya anu ngadenge eta perkara jadi sieuneun, ambeh ulah aya deui anu wani-wani nyieun peta kitu."

14

"Lamun maraneh geus arasup ka tanah anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh sarta geus tetep tumetep, bisa jadi harayang boga raja cara bangsa-bangsa sakurilingna.

15

Lamun arek nyieun raja, kudu milih jelema anu kapilih ku PANGERAN, jeung kudu bangsa sorangan. Ulah milih pirajaeun ti urang asing.

16

Raja teu meunang boga kuda loba-loba keur baladna jeung teu meunang nitah rahayat ka Mesir meuli kuda, sabab PANGERAN geus ngandika, yen umat-Na teu meunang ka ditu deui.

17

Raja ulah loba pamajikan, bisi matak ingkar ti PANGERAN, jeung teu meunang boga perak jeung emas loba-loba.

18

Lamun geus jeneng, raja kudu dibere buku anu eusina hukum-hukum Allah jeung pikukuh-pikukuh-Na, salinan tina aslina anu disimpen ku imam-imam Lewi.

19

Eta buku salinan ulah jauh ti raja, bacaeunana saumur hirup, sangkan daek ngamulyakeun ka PANGERAN, daek enya-enya ngestokeun sakur anu kaungel di dinya,

20

jeung supaya ulah boga rasa punjul ti sasama urang Israil, ulah datang ka ingkar tina patokan-patokan PANGERAN. Sangkan awet marentahna, sarta karajaan Israil sina tumurun ka anak incuna sapapanjangna."

Link: