Pamindo 20
"Lamun maraneh budal ngayonan musuh, heug musuh bogaeun pasukan kareta jeung kuda, turug-turug baladna leuwih gede, maraneh teu kudu rentag. PANGERAN Allah maraneh anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir tan wande nyarengan.
Samemeh perang campuh, imam kudu ngahatean balad. Kieu,
‘Eh bangsa Israil! Ayeuna maraneh rek indit jurit. Tong sieun ku musuh. Ulah miris mangsar-mingsir.
PANGERAN Allah maraneh bakal nyarengan. Ku Mantenna maraneh tinangtu unggul.’
Ti dinya tema ku senapati, ‘Saha anu kakara anggeus nyieun imah acan ngayakeun upacara ngaresmikeunana? Jig balik bae, bisi ana paeh di medan perang imahna dicicingan ku batur.
Saha anu kakara tas melak anggur can kaburu mupu buahna? Jig balik bae, bisi ana kasambut jurit anggurna batur nu mupu.
Saha anu eukeur babakalan tereh kawin? Jig balik bae, bisi ana tiwas kasambut, pipamajikaneunana dikawin batur.’
Jeung kieu deuih senapati kudu ngomongan ka balad, ‘Saha anu kecing taya kawani? Jig bae balik, bisi matak rentag ka sarerea.’
Mun geus anggeus senapati ngomongan balad, para pangurus kudu milih pamuk-pamuk anu kudu ngapalaan pasukan-pasukan.
Lamun maraneh pareng ngarurug ka nagara batur, pribumina sina milih heula rek nyerah atawa ngalawan.
Lamun mukakeun lawang nagarana tandaning nyerah, jieun babandan bae jaradikeun kawula, belekesekkeun kana gawe.
Sabalikna lamun arembungeun nyerah, milih perang, kepung nagarana, lingkung ku balad.
Ana nagarana ku PANGERAN geus diserenkeun ka maraneh, paehan kabeh sakur lalaki.
Awewena, barudakna, ingon-ingonna jeung sagala harta bandana cokotan jang maraneh. Naon bae urut pangaboga musuh pek parake, da ku PANGERAN geus diserenkeun ka maraneh.
Kitu anu kudu dilarapkeun ka nagara-nagara anu jarauh ti tanah maraneh anu bakal dipaparinkeun ku PANGERAN tea.
Tapi lamun ngarurug nagara-nagara anu aya di jero lingkungan tanah maraneh keneh, anu ku PANGERAN bakal dipaparinkeun tea, jelemana kabeh kudu dipaehan.
Jelema-jelemana kudu ditumpes kabeh: urang Het, urang Emor, urang Kanaan, urang Pares, urang Hiwi, jeung urang Yebus. Kitu dipiwarangna ku PANGERAN.
Paehan kabeh bisi engkena mawa maraneh migawe dosa ka PANGERAN, ngajarkeun kalakuanana anu pikagirukeun, nyembah ka allah-allahna.
Lamun maraneh ngajorag ka salah sahiji nagara, sarta kapareng ngepungna lila, maraneh ulah nepi ka ngagempur sarupaning tangkal bubuahanana. Bubuahanana pek alaan, tapi tangkalna ulah diganggu, da musuh maraneh teh lain tatangkalanana.
Kayu keur nyieun benteng paningker nagarana mah nuaran kayu sejen bae anu lain tangkal bubuahan."