:

Pamindo 21

1

"Upamakeun, di nagri anu dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh teh aya jelema anu kapanggih di tegal geus paeh lantaran aya anu maehan, teu nyaho saha nu maehanana.

2

Pamingpin jeung hakim maraneh kudu kaluar, ngukur anggangna tempat korban ti kota-kota anu dareukeut ka dinya.

3

Para pamingpin kota anu pangdeukeutna ka tempat korban kudu mawa hiji sapi ngora anu tacan meujeuhna dipake magawe.

4

Bawa eta sapi ka hiji susukan anu mayeng ngocorna, sarta tanah di lebah dinya tacan pisan diwuluku atawa dipelakan; pinggeskeun beuheungna di dinya.

5

Para imam Lewi oge kudu ka darinya, sabab maranehna kudu nyieun putusan perkara-perkara anu tumali jeung sual kakerasan. Maranehna ku PANGERAN Allah maraneh geus diangkat jadi purah ngawulaan ka Mantenna, jeung purah ngaberkahan jalma rea kalawan asma PANGERAN.

6

Geus kitu para pamingpin kota anu pangdeukeutna ka tempat rajapati tea kudu ngarumbah leungeun luhureun eta sapi anu geus dipinggeskeun beuheungna,

7

bari ngucap kieu, ‘Kaula sadaya henteu maehan ieu jelema, jeung henteu terang saha anu ngarogahalana.

8

Nun PANGERAN, mugi aya piwelas ka umat Gusti Israil, kenging Gusti nebus ti Mesir. Hapunten abdi sadaya, sareng luputkeun tina perkawis patina ieu jalmi anu taya kalepatanana.’

9

Lamun eta katangtuan ti PANGERAN geus dijalankeun, maraneh leupas tina tanggung jawab kana eta urusan."

10

"Lamun maraneh, ku PANGERAN Allah maraneh diunggulkeun perang jeung meunang tawanan,

11

heug di antara tawanan teh aya awewe anu geulis, sarta maraneh bogoh, hayang ngawin.

12

Bawa eta awewe teh ku maraneh ka imah, tuluy sina ngagunting buukna, ngeureutan kukuna,

13

jeung sina salin papakean. Keun antep heula nepi ka sabulan sina nyacapkeun kaprihatinanana ku hal kolotna anu geus tariwas. Geus kitu mah taya halanganana dikawin.

14

Lamun maraneh enggeus beak kasukaan ka dirina, pirak bae sina indit ka mana karepna. Ulah dinyenyeri deui, upamana bae dibujangkeun atawa dijual, sabab ku maraneh geus dipanjingan."

15

"Upamana, aya jelema pamajikanana dua. Duanana baroga anak, tapi anakna anu lahir ti heula teh lain ti pamajikan anu jadi kanyaahna.

16

Dina waktuna ngabagi warisan ka anak, ulah nepi ka warisan hak anu cikal teh diwariskeun ka anak ti pamajikan anu pangdipikanyaahna.

17

Warisan keur anak cikal kudu dua kalieun, sanajan lain anak ti pamajikan anu pangdipikanyaahna. Anak cikal kudu diaku anak cikal, hak warisanana kudu dicumponan sakumaha hak anak cikal."

18

"Upamana, aya jelema boga anak wangkelang resep ngalawan, bedang ka kolot teu kalis ku dihukum.

19

Ku kolotna kudu diserenkeun ka kokolot-kokolot kota pamatuhanana sina diadilan.

20

Kecap nyerenkeunana kieu, ‘Ieu pun anak teh bedang, wangkelang tukang ngalawan, awuntah kana artos, sareng resep mabok.’

21

Si basangkal teh kudu dibaledogan ku batu ku jalma rea nepi ka paeh. Jadi eta anu jahat teh dieuweuhkeun ti maraneh. Perkarana sina kauar-aer supaya urang Israil anu sejenna sarieuneun."

22

"Upamana, aya jelema jahat dihukum paeh sarta mayitna digantung dina tihang,

23

eta mayit ulah diantep di dinya sapeupeuting, kudu diruang poe eta keneh. Sabab mayit anu diantep dina panggantungan teh matak ngadatangkeun panyapa Allah kana tanah. Nu matak kudu terus dikubur supaya tanah anu engke rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh teh ulah nepi ka jadi najis."

Link: