Pamindo 22
"Upamana, maraneh nenjo sapi atawa domba batur sasama urang Israil anu leupas, ulah kajeunan. Pangnewakkeun, pulangkeun ka nu bogana.
Tapi lamun imah anu bogana jauh atawa teu nyaho boga saha, bawa balik bae. Lamun anu bogana datang mapaykeun, bikeun.
Kitu keneh lamun anu leupas teh kalde, atawa lamun nimu pakean, atawa nimu naon bae barang leuleungiteun batur sabangsa.
Upamana, maraneh nenjo aya kalde atawa sapi boga sasama urang Israil anu ngedeprek ulah diantep, nu bogana bantuan ngahudangkeun.
Awewe teu meunang make papakean lalaki, lalaki teu meunang make papakean awewe.
Upamana, maraneh kabeneran nenjo manuk dina sayang keur nyirekeman endogna atawa anakna, dina tangkal atawa dina taneuh, ulah ditewak.
Anakna meunang dicokot. Indungna mah ingkeun sina hiber, supaya maraneh panjang umur reujeung kamuktianana.
Lamun maraneh nyieun imah anyar, perelukeun sakuriling lotengna make hahalang, supaya upama aya anu ragrag ti dinya nepi ka paeh, maraneh teu disalahkeun.
Kebon anu dipake melak anggur ulah dipelakan pepelakan sejen. Lamun nepi ka kitu, boh buah anggurna boh nu sejenna ku maneh teu meunang diala.
Sapi jeung kalde teu meunang disapasangkeun narik wuluku.
Ulah make pakean anu tinunanana wol ongkoh kaci ongkoh.
Papakean opat tungtung juruna kudu make omyok."
"Upamana, hiji lalaki ngawin hiji parawan tapi heuleut teu lila lalakina enggeus beak kasukaan,
heug bae jijieunan, nuding majar pamajikanana ti barang dikawin ge geus lain parawan.
Lamun aya anu kitu, kolotna awewe tea kudu nyokot tilam panganten anu geus ceda ku getih, pikeun netelakeun yen anakna basa dikawinkeun teh sidik parawan. Eta tilam tembongkeun ka rengrengan kokolot kota.
Bapa awewe tea kudu mihatur kieu, ‘Kuring ngawinkeun pun anak awewe ka Ki Anu. Ayeuna ku Ki Anu parantos teu dipisuka,
sareng dituding majar basa dikawin teh parantos sanes parawan. Padahal leres pun anak teh parawan. Tingali ieu buktosna, tilam pangantenna ceda ku getih!’
Eta lalaki ku para kokolot kudu ditangkep tuluy rangket,
jeung dimistikeun mayar parurugi ka bapana awewe tea, lantaran geus ngahina hiji parawan Israil. Awewena tetep kudu jadi pamajikanana, saumur-umur henteu meunang diserahkeun.
Sabalikna lamun panudingna bener yen eta awewe teh henteu bukti kaparawananana,
eta awewe kudu dibawa ka lawang buruan imah bapana, tuluy baledogan ku batu ku jalma rea nepi ka paeh, sabab geus ngerakeun bangsa, memeh kawin tur cicing keneh di bapana geus nyerenkeun parawanna. Ku jalan kitu eta kadorakaan teh dieuweuhkeun ti maraneh.
Upamana, aya lalaki di hiji kota kanyahoan manjingan pamajikan batur. Tangkep duanana, paehan. Ku jalan dipaehan, eta kadorakaan teh dieuweuhkeun ti maraneh.
Upamana, di hiji kota aya lalaki kanyahoan manjingan budak parawan anu geus boga papacangan.
Giring duanana ka luareun kota, baledogan ku batu datang ka paeh. Nu matak kudu paeh duanana sabab: Nu awewe basa dianu teh sakitu di kota henteu jejeritan menta tulung; nu lalaki lantaran manjingan parawan papacangan batur. Ku jalan diparaehan, eta kadorakaan teh dieuweuhkeun ti maraneh.
Upamana, aya lalaki newak budak parawan luareun kota terus dipanjingan. Eta mah paehan lalakina bae.
Nyi lanjang mah ulah dikieu-kieu da taya dosana anu manjing dipaehan, lantaran teu beda ti nu jadi korban rajapati,
ditewak lalaki di luareun kota, upama jejeritan menta tulung ge moal aya nu bakal nulungan.
Upamana, aya lalaki kapanggih manjingan budak parawan anu tacan papacangan.
Eta lalaki kudu mayar mas kawin ka bapa nyi lanjang gedena lima puluh uang perak, nyi lanjang kudu terus dikawin sarta satutup umurna teu meunang diserahkeun.
Ulah aya anu kurang ajar manjingan salah sahiji pamajikan bapana."