:

Pamindo 30

1

"Ayeuna maraneh meunang milih antara berkah jeung panyapa, sakumaha anu geus diterangkeun ku Bapa ka maraneh. Lamun hal-hal ieu ku maraneh geus kaalaman, sarta maraneh hirup di bangsa-bangsa asing tempat maraneh dipabalencarkeun ku PANGERAN Allah maraneh, tangtu maraneh bakal aringet kana ieu piliheun anu bieu ditawarkeun ku Bapa.

2

Tapi lamun engke maraneh saanak incu harayang balik deui ka PANGERAN, enya-enya ngesto kana sagala pangandika-Na anu ku Bapa diwurukkeun ayeuna,

3

tangtu ku PANGERAN Allah maraneh dipikawelas, dipulangkeun ti bangsa-bangsa tempat maraneh dipabalencarkeun, sarta disina mukti deui.

4

Sanajan dibuang nepi ka tungtung jagat nu pangjauhna, tan wande dikumpulkeun, dipulangkeun deui

5

ka tanah pangancikan karuhun maraneh, tur bakal leuwih mukti sarta bilanganana leuwih loba ti batan karuhun maraneh ti heula.

6

Tabeat maraneh saanak incu ku PANGERAN Allah maraneh dirobah jadi nurut, ka Mantenna jadi enya-enya nyaahna, sarta bakal tetepi tumetep ngancik di eta tanah.

7

Sagala panyapa tea ku Mantenna bakal dibalikkeun ka musuh-musuh anu bareto mikaijid jeung nyangsara ka maraneh.

8

Maraneh bakal ngesto deui ka Mantenna, narurut deui kana sagala pangandika-Na anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu.

9

Sagala usaha maraneh bakal mulus, bakal laloba anak, laloba ingon-ingon, lahan-lahan hasilna bakal mucekil. Kalawan bingah Mantenna bakal maparin kamuktian ka maraneh cara ka karuhun maraneh baheula.

10

Saratna, maraneh kudu ngesto ka Mantenna, nurut kana sagala pikukuh-Na anu kaungel dina buku papakon Mantenna. Kudu madep deui ka Mantenna reujeung suhud.

11

Sagala hal anu ku Bapa dipapatahkeun poe ieu, moal hese-hese teuing ngalampahkeunana, lain hal anu moal kataekan,

12

da lain di langit ayana. Jadi maraneh teu kudu tingtaranya, ‘Saha nu sanggup nurunkeunana sangkan ku urang kadenge, sangkan urang bisa nedunan?’

13

Jeung lain di peuntaseun laut, jadi teu kudu patanya-tanya, ‘Saha nu bisa meuntas laut mawa eta ka dieu, sangkan ku urang kadenge, supaya urang bisa nedunanana?’

14

Ayana lain di mana-mana, di dieu keneh, di maraneh, katembong, bisa dipetik. Nu matak geura tarurut.

15

Poe ieu maraneh ku Bapa dibere piliheun antara nu hade jeung nu goreng, antara pijamugaeun jeung picilakaeun.

16

Lamun narurut kana sagala pangandika PANGERAN Allah maraneh anu ku Bapa diwurukkeun ayeuna, lamun nyaraah sarta ngesto ka Mantenna, tangtu bakal mukti tur jadi bangsa gede, bakal meunang berkah ti PANGERAN di tanah anu bakal dicicingan engke.

17

Sabalikna lamun henteu narurut, arembung ngadenge, kagembang ngabarakti ka allah-allah sejen,

18

Bapa ngingetan ti ayeuna, maraneh tangtu cilaka, moal panjang nya ngancik di tanah peuntaseun Walungan Yordan teh.

19

Ayeuna Bapa menta disaksian ku langit jeung bumi, mana anu rek dipilih ku maraneh ti PANGERAN, berkah-Na atawa panyapa-Na, rek milih hirup atawa rek milih paeh. Pilih anu pijamugaeun!

20

Sing sumujud madep mantep ka PANGERAN Allah maraneh, sangkan bisa tetep renggenek saanak incu di tanah anu ku Mantenna geus diikrarkeun ka karuhun maraneh, Ibrahim, Ishak, jeung Yakub."

Link: