Pamindo 31
Musa neruskeun sasauranana ka urang Israil.
Kieu, "Umur Bapa geus saratus dua puluh taun, moal bisa terus ngasuh ka maraneh. Jeung ongkoh dawuhan PANGERAN oge Bapa mah moal nepi ka milu meuntasan Walungan Yordan.
PANGERAN Allah maraneh engke bakal miheulaan ka ditu, ngabasmi bangsa-bangsa eta tanah, supaya tanahna bisa dicicingan ku maraneh. Pamingpin maraneh engke teh Yosua, sakumaha anu geus diandikakeun ku PANGERAN.
PANGERAN baris ngabinasakeun eta bangsa-bangsa, saperti Mantenna ngelehkeun Sihon jeung Og raja urang Emor tea sarta ngabasmi nagrina.
Maraneh ku PANGERAN baris diunggulkeun ngelehkeun maranehna, sarta ku maraneh kudu dijieun sakumaha anu ku Bapa geus diomongkeun.
Sing galede hate, sing warani! Ulah sieun ku maranehna, sabab PANGERAN Allah maraneh ku manten anu baris nulungan ka maraneh. Mantenna moal nguciwakeun maraneh, sarta moal nilarkeun."
Geus kitu Musa nyaur Yosua. Tuluy kieu lahiranana ka Yosua di hareupeun sakumna bangsa Israil, "Hidep masing gede hate, masing wani, Yosua! Nya hidep anu baris mingpin ieu bangsa pikeun nempatan nagri anu ku PANGERAN dijangjikeun ka karuhun maranehna.
PANGERAN ku manten anu baris nuyun jeung nulungan ka hidep. Mantenna moal nguciwakeun hidep, sarta moal ngantunkeun. Ku sabab kitu ulah sieun, ulah salempang."
Geus kitu saungel Hukum Allah teh ku Musa diseratkeun, tuluy dipasrahkeun ka imam-imam Lewi anu ngurus Peti Perjangjian PANGERAN, jeung ka para kokolot Israil.
Lahiranana, "Unggal-unggal tutup tujuh taun, dina taun mupus hutang, waktu Pesta Saung, ieu hukum-hukum kudu dibaca sing bedas.
Bacakeun ka urang Israil anu daratang babakti ka PANGERAN Allah maraneh di tempat parantina.
Jalma-jalma, lalaki, awewe, barudak, kitu deui nu sejenna anu marilu ngancik di maraneh kumpulkeun, sina ngabarandungan, sangkan dialajar sieun ku PANGERAN Allah maraneh, dialajar nurut kana sagala pikukuh Mantenna.
Ku jalan kitu anak incuna oge anu tacan ngadarenge ungelna Hukum PANGERAN Allah maraneh, jadi marilu ngadenge, supaya enggoning ngarancik di tanah peuntaseun Walungan Yordan teh maranehna oge dialajar sieun ku Mantenna."
Geus kitu PANGERAN ngandika ka Musa, "Umur maneh moal lila deui. Calukan Yosua, bawa marek ka Kemah Tepangan, Kami rek paparentah ka manehna." Bral Musa angkat jeung Yosua ka eta Kemah.
Breh PANGERAN nembongan dina tihang mega anu nanjeur lebah panto Kemah Tepangan.
Lajeng ngandika ka Musa, "Maneh geus tereh maot. Sanggeus maneh euweuh, bangsa Israil moal satia deui ka Kami, sarta alingkar tina perjangjian anu dijieun ku Kami jeung maranehna. Maranehna bakal naringgalkeun Kami, nyarembah ka allah-allah anu disarembah di nagri anu moal lila deui baris diasupan ku maranehna.
Geus tangtu Kami bendu. Ku Kami rek ditinggalkeun, rek dibasmi, ditarajang ku rupa-rupa kacilakaan. Sina kararasaeun yen cilakana teh ku lantaran Kami, Allah maranehna, geus henteu nyarengan ka maranehna.
Moal ditulungan, lantaran kalakuanana doraka jeung ngabarakti ka allah-allah sejen.
Ieu aya lagu, catet, ajarkeun ka sakumna bangsa Israil. Ieu lagu pikeun jadi saksi perkara kalakuan maranehna.
Sabab ana maranehna geus didatangkeun ka eta tanah anu gemah raharja sakumaha ikrar Kami ka karuhunna, ana geus sarenang cukup sagala dahareun, tangtu malurtad, ngabarakti ka allah-allah sejen, Kami mah tangtu dipiceun, perjangjian Kami ditaringgalkeun.
Ku Kami rek dicilakakeun. Ieu lagu bakal aya anu ngawihkeun, jadi pangweweleh kana kalakuan maranehna. Ti ayeuna keneh ge, samemeh didatangkeun ka eta tempat ajangna, kaayaan hatena kitu ku Kami geus kauninga."
Seug eta lagu teh ku Musa diseratkeun poe eta keneh, tuluy diajarkeun ka urang Israil.
Geus kitu PANGERAN ngandika ka Yosua putra Nun. Pangandika-Na, "Maneh masing gede hate, masing wani. Maneh kudu ngapalaan urang Israil ka tanah anu ku Kami geus diikrarkeun jang maranehna. Maneh tangtu ku Kami disarengan."
Hukum Allah tea ku Musa diseratkeun dina hiji kitab, teu aya anu kaliwat.
Sanggeus beres nyeratkeunana, Musa ngalahir ka para imam anak putu Lewi anu ngajaraga Peti Perjangjian PANGERAN, lahiranana,
"Tarima ieu kitab Hukum Allah, simpen deukeut Peti Perjangjian PANGERAN Allah maraneh, sina jadi saksi perkara kalakuan umat Mantenna.
Ku Bapa geus kanyahoan, eta jelema-jelema teh kacida bantahanana, tukang ngalawan. Cacak diasuh keneh ku Bapa ge gawena ngan ngalawan bae ka PANGERAN, komo engke lamun Bapa geus teu aya, tangtu leuwih mantangul.
Ayeuna kumpulkeun para kokolot jeung kokojo-kokojo kaom-kaom maraneh, ieu hal ku Bapa rek dicaritakeun ka maranehna, kalawan menta saksi langit jeung bumi.
Sabab geus kawangwang ti ayeuna yen lamun Bapa geus teu aya, tangtu kalakuanana teh doraka, sagala perkara anu ku Bapa geus dipapatahkeun teh moal diparake, bakal ngararempak larangan PANGERAN, nyieun pibendueun Mantenna, tangtu cilaka."
Geus kitu Musa ngucapkeun ungelna eta lagu pupujian, dibarandungan ku sakumna urang Israil.