Pandita 10
Ku bangke laleur sahiji minyak seungit sabotol bau kabeh. Ku kagejulan anu teu pira, tarekah ti nu pangpinterna ge bisa gagal.
Jalma pinter mah sagawe-gawena teh tangtu bener. Ari jalma gejul mah gagaweanana ge teu puguh. Geus lumrahna kitu,
kagejulanana ku jalma saliwat ge bakal kanyahoan. Kaciri gejulna teh tina kalakuanana keneh.
Ari diambek ku nu kawasa, ulah terus menta eureun digawe. Ku sabar mah kasalahan gede ge sok dihampura.
Kami geus nyaksian hiji kateuadilan anu dilantarankeun ku para pangereh,
jalma bodo dibere nyekel kakawasaan, ari jalma beunghar diluli-luli.
Kami kungsi nenjo jalma-jalma beulian tarumpak kuda, ari pangagung laleumpang cara jalma beulian.
Nyieun cubluk matak tigebrus, ngabongkar tembok matak digegel oray,
digawe di pangalian batu matak kabentur, meulah kayu matak kagencet.
Kampak mintul nu tara diasah, makena ge kudu sataker tanaga. Nu matak ge samemeh prak digawe kudu dipikiran heula carana.
Taya gunana boga jampe ngalilindeuk oray ge ari geus kapiheulaan dipacok mah.
Ucap-ucapan jelema lantip nungtun kana dihormat, ari biwir anu gejul mah matak nyilakakeun dirina sorangan,
ari ngong ngomong ari ngaco, dina tungtungna gejulna nataku.
Nu gejul mah sok ngeceblek. Taya jalma anu nyaho bakal aya kajadian naon engke, jeungna deui taya anu bisa ngabejaan bakal aya kajadian naon sanggeus urang paeh.
Jalma anu bodona katotoloyoh nepi ka teu nyaho jalan ka imah, hirupna teh kalah ka cape.
Cilaka nagara, lamun rajana budak kamari, lamun para pamingpinna sapeuting jeput ngan sukan-sukan.
Bagja nagara, lamun rajana pageuh kana putusanana, lamun para pamingpinna dalaharna puguh dina waktuna, jeung daraek nyaleser diri sarta nyegah kana mabok.
Jalma anu ku kedul-kedulna nepi ka sangeuk menerkeun kenteng-kenteng acan, imahna teh bocor bae, lila-lila ambrug pisan.
Pesta matak gumbira, cianggur matak hegar. Tapi duanana ge ari teu ku duit mah moal kasorang.
Ka raja mah ulah nyawad, najan ngan diharewoskeun ge ulah. Ka nu beunghar ulah nyempad najan di pangkeng sorangan ge, bisi kadenge ku cakcak, heug bae diucah-aceh.