:

Pandita 9

1

Nya lila nya bangga mikiran hal eta teh. Seug bae ngarasa yen polah jelema palinter jeung balener teh, kitu deui kanyaah jeung kangewana, kabeh aya dina cangkingan Allah. Taya nu bisa nyaho naon nu bakal kasanghareupan teh.

2

Saurang ge taya bedana, sarua pada keuna ku papasten anu sarua, nu jahat, nu bageur, nu hade, nu goreng, nu nyekel agama, nu henteu, nu mere kurban, nu henteu. Nu hade taya leuwihna ti nu doraka, nu ngangkat sumpah taya bedana ti nu henteu.

3

Kabeh jelema papastenna sarua. Tah nya ieu pisan nu mawa apes kana sagala kajadian di dunya teh. Sapanjang hirupna pikiran jelema teh pinuh ku rupa-rupa kadorakaan jeung paniatan anu garelo, nyaho-nyaho hos paeh ngadadak.

4

Tapi sing saha anu kaasup kana mahluk hirup, eta aya keneh harepan. Sabab mending keneh anjing hirup ti batan singa paeh.

5

Nu hirup mah nyaho yen bakal paeh. Ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon, geus taya pangajina, geus les kapopohokeun.

6

Kanyaahna, kangewana, timburuna, kabeh kabawa paeh, moal bisa cumarita deui dina sagala anu kajadian di dunya.

7

Anu matak mending bek dahar, pek geura senang-senang, leguk inum anggurna, geura sukan-sukan, da ku Allah ge diridoan.

8

Sing senang, sing gumbira sapapanjangna.

9

Enggoning ngalakonan hirup anu mubadir teh — hirup paparin ti Allah tea — pek pake senang-senang jeung pamajikan. Poe-poe anu mubadir teh anggur pake ngabagjakeun awak, sabab ngan eta buruhna tina hese cape.

10

Naon anu dipigawe, pigawe enya-enya, da ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter. Pasti kasorang eta teh engke.

11

Aya deui anu kasaksi ku kami: Di dunya mah nu tarik lumpatna ge tara salawasna meunang balap. Nu gede wawanen tara salawasna unggul tarung, anu pinter tara salawasna bisa nyiar kipayah, anu encer uteukna tara salawasna bisa beunghar, anu boga kamampuh tara salawasna meunang pangkat luhur, kawantu aya apesna masing-masing.

12

Manusa taya nu nyaho kana papastenna. Ibarat manuk anu kajiret ku tataheunan, ibarat lauk anu karungkup ku heurap, urang oge nyaho-nyaho geus kacerek ku apes.

13

Aya nu ku kami kasaksi, conto alus ngeunaan anggapan jelema kana kapinteran.

14

Aya hiji kota leutik, jelemana ge saeutik, diperangan ku hiji raja anu gagah. Eta raja geus ngepung rek ngamimitian ngagempur kuta.

15

Di dinya teh aya hiji jelema miskin, kacida pinterna. Ku kapinteranana manehna bisa nyalametkeun eta kota. Tapi manehna taya pisan anu malire.

16

Ceuk kami mah kapinteran teh ngungkulan kagagahan. Tapi kapinteran Ki Miskin teh bet taya anu malire, ucap-ucapanana taya anu ngabandungan.

17

Padahal ti batan ngadengekeun hahaokna hiji pangereh ka anu garejul, mending ngadengekeun pituah anu leuleuy ti anu pinter.

18

Sabab kapinteran teh leuwih seukeut batan gobang. Sabalikna nu doraka mah najan ngan saurang ge matak ruksak saniskara anu hade.

Link: