Pandita 5
Lamun indit ka Bait Allah, masing iatna nya lengkah. Lamun ka dituna kalawan niat diajar, eta leuwih hade ti batan mere kurban tapi cara nu garejul, anu teu bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu goreng.
Lamun aya unjukeuneun pikir heula samemeh pok, jeung ulah gampang-gampang ngucapkeun kaul ka Allah. Mantenna mah di sawarga, anjeun mah di dunya, unjukan teh ulah leuwih ti saperluna.
Beuki loba kasalempang beuki loba impian goreng, beuki loba ucap beuki loba ngucapkeun omongan bodo.
Jadi lamun boga kaul ka Allah geuwat laksanakeun, sabab Mantenna teu resepeun ka jelema anu gejul. Nu matak ari geus jangji kudu bukti.
Leuwih hade entong kaul, ti batan kaul tapi henteu ditedunan.
Ucap-ucapan teh ulah nepi ka ngalantarankeun anjeun jadi dosa, anu ahirna kapaksa kudu waleh ka payuneun utusan Allah yen anjeun teh salah harti. Naha atuh ucap-ucapan teh matak pibendueun Allah, nepi ka Mantenna kudu ngaruksak bubuatan anjeun?
Sanajan sakumaha seringna oge anjeun ngalamun, sakumaha seringna oge digawe mubadir, atawa sakumaha lobana oge anjeun ngomong, kudu tetep sieun ku Allah.
Lamun anjeun nenjo pamarentah ngagencet ka kaum miskin, henteu mere kaadilan jeung teu kersaeun nguruskeun hakna, henteu kudu heran. Unggal pangagung diauban ku nu saluhureunana, tapi eta oge duanana diauban ku anu saluhureunana deui.
Malah raja oge masih keneh bae kudu gumantung kana hasil panen.
Mun anjeun mata duiteun, salawasna ge moal ngarasa cukup. Jeungna deui sanajan beunghar ge kahayang mah moal kacumponan kabeh. Eta kabeh ge mubadir.
Sabab beuki beunghar beuki loba sungut parabaneun. Minangka untungna teh sakadar nyaho yen beunghar.
Talunganan nu buburuh, najan daharna boa cukup boa henteu, tapi ari hees mah tibra. Sabalikna anu beunghar, lubak-libuk ge mindeng henteu bisa hees da melang ka bandana anu loba.
Aya anu matak ngarenjag anu kasaksi ku kami di ieu dunya: Jelema teu eureun-eureun ngumpulkeun duit, sangkan ari perlu kari make.
Ana heug bet meunang musibat, duitna ledis beresih, boro-boro nyesa keur anak.
Urang mulang ti ieu dunya teh mo beda ti waktu keur datang, ngaligincing, harta beunang popohoan ngusahakeun teh hamo kabawa.
Teu adil ieu teh! Bet urang teh datang lengoh mulang lengoh. Barang gawe ibarat ngajaring angin, naon hasilna?
Sapanjang hirup urang teh ngararampa di nu poek, susah hate, salempang, jengkel jeung gering.
Jadi ceuk kami, keur manusa mah anu panghadena teh nya dahar jeung nginum, beubeunangan usaha teh pake senang-senang, da boga umur ti Allah teh pondok, kawantu geus kitu papasten manusa.
Mun hiji jelema ku Allah dibere kamakmuran jeung harta banda, tur diidinan ngani’matanana, kudu ngarasa sukur sarta ngani’matan sagala hasil gawena. Eta teh rahmat ti Allah.
Ku sabab ku Allah diwidian senang, najan nyaho yen umur teh pondok, moal pati jadi pikir teuing.