:

Pandita 4

1

Heug deui kami nenjo aya aniaya di kolong langit. Murubut cipanon jalma-jalma anu dikaniaya, mana taya pisan anu ngabelaan, kawantu anu nganiayana teh jelema-jelema anu nyarekel kakawasaan.

2

Kami jadi sirik ka nu enggeus mararaot, nu geus taya di kieuna, maranehna mah leuwih bagja ti batan anu harirup keneh.

3

Komo anu teu kungsi dijuru-jurukeun acan mah kacida baragjana teh, teu kungsi ngalaman kateuadilan di alam dunya.

4

Jeung ku kami geus kaharti naon sababna jelema-jelema paropohoan malar usahana hasil. Taya lian ti sirik, kabita ku batur. Ieu oge mubadir, ibarat ngajaring angin.

5

Majar teh jelema gejul anu ngan nanangkeup harigu bae mah, ngadadago paeh kalaparan.

6

Nya bisa jadi kitu. Tapi saenyana sanajan kaboga ngan saeutik oge, ari tiis pikir mah matak leuwih bagja ti batan tihothat paciweuh ngajaring angin.

7

Aya deui laku lampah di kolong langit anu ku kami kapanggih taya gunana.

8

Aya jelema anu hirupna nyorangan, teu anak teu dulur tapi teu eureun-eureun barang gawe, teu kalis ku enggeus beunghar. Na keur saha usaha popohoan kitu nepi ka poho ka diri sorangan teh? Ieu oge mubadir, hirup teh nepi ka nyiksa maneh.

9

Digawe duaan leuwih hade ti batan sorangan, leuwih babari hasil.

10

Mun anu saurang labuh tangtu ditulungan ku anu saurang deui, dihudangkeun. Coba mun sorangan mah ana labuh teh cilaka temen, da euweuh anu pinulunganeun.

11

Atuh dina keur tiris ari duaan mah mun sare bisa silih haneutan. Coba mun sorangan, bororaah!

12

Jeung ari duaan mah leuwih kuat nadah lawan ti batan sorangan. Tali tilu rara kapan hese dipegatkeunana.

13

Teu mustahil aya jelema anu tadina miskin, atawa anu tadina dipanjara, tuluy jadi raja di nagarana. Tapi lamun dina ka kolotnakeun embung narima nasehat batur awahing ku gejul, nasibna saenyana leuwih goreng ti batan budak ngora anu miskin tapi pinter.

14

(4:13)

15

Kami sok mikiran jalma-jalma nu hirup di ieu dunya. Tetela aya hiji jajaka anu engkena bakal ngandih kalungguhan raja.

16

Teu mustahil rahayat anu diparentah ku raja teh lobana mangpirang-pirang. Tapi lamun raja geus tilar dunya, rahayat taya saurang-urang acan anu nganuhunkeun kana jasana. Mubadir, ibarat ngajaring angin.

Link: