:

Rum 11

1

Pananya sim kuring, "Naha Allah teh geus miceun umat-Na ku manten?" Geus tangtu henteu! Sim kuring oge kapan urang Israil, turunan Ibrahim ti kaom Binyamin.

2

Allah henteu nolak ka umat-Na anu ku Mantenna geus dipilih ti mimiti keneh. Aranjeun terang kumaha ungelna Kitab Suci anu ngeunaan Elias, waktu anjeunna ngadukeun urang Israil ka Allah,

3

"Gusti, maranehanana parantos maehan nabi-nabi Gusti, sareng ngaruntuh-runtuhkeun altar paranti ngurban ka Gusti. Anu hirup keneh kantun abdi, keur diarah bade dipaehan."

4

Kumaha waleran Allah? "Kami boga keneh tujuh rebu jelema anu henteu nyarembah ka Baal, dewa palsu."

5

Ayeuna oge kitu, aya keneh saeutik jelema-jelema anu dipilih ku Allah ku karana rahmat-Na.

6

Dipilih soteh ngan ku karana rahmat-Na bae, lain pedah ningali kalakuanana. Ari pamilih Allah lantaran ningali kalakuan jelema mah atuh kurnia-Na teh lain ge kurnia.

7

Jadi, kumaha? Urang Israil teu bisa manggihkeun anu ditareanganana. Anu manggihkeunana ngan sagolongan leutik, jelema-jelema anu memang geus dipilih ku Allah. Nu sejenna mah geus jadi tarorek kana panyaur Allah teh.

8

Sakumaha ungel Kitab Suci, "Hate jeung pikiran maranehanana ku Allah disina nambag, nepi ka ayeuna maranehna teu barisa nenjo teu barisa ngadenge."

9

Saur Daud mah, "Sing kagubed maranehna ku pesta-pestana, sing tinggedebug, sing dihukum!

10

Sing lalolong matana, tong barisa nenjo, sing barengkung awakna balas nanggung kasusah sapapanjangna."

11

Pananya sim kuring, "Waktu urang Yahudi tinggedebug titarajong, naha maranehna tumpur?" Henteu! Malah sina paranaseun dumeh anu disalametkeun teh malah bangsa sejen, da maranehna sorangan mah nyarieun kasalahan.

12

Dosa urang Yahudi ngalantarankeun dunya meunang rahmat sakitu poharana; miskinna rohani urang Yahudi ngalantarankeun bangsa-bangsa sejen meunang kurnia sakitu jembarna. Komo lamun sakabeh urang Yahudi diarangken ku Allah, nugraha anu bakal katarima bakal leuwih ti kitu.

13

Ayeuna sim kuring hayang nyarita ka aranjeun nu lain urang Yahudi. Salila sim kuring ngalakonan gawe jadi rasul pikeun bangsa-bangsa sejen, sim kuring kacida bungahna.

14

Susuganan sim kuring bisa mapanas bangsa sorangan, malakmandar ku jalan kitu bisa nyalametkeun maranehna saeutik mah.

15

Kapan ku lantaran maranehna ditolak ku Allah, dunya anu tadina dimusuh ku Allah jadi diangken deui ku Mantenna. Komo lamun maranehna ditampi deui ku Allah, eta mah lir nu geus maot hirup deui!

16

Lamun keureutan roti anu pangheulana dihaturkeun ka Allah, roti weuteuhna oge kapan anu Mantenna.

17

Sawatara dahan tangkal jetun — nya eta urang Yahudi — ditilas. Dina urut nilasna dicangkokkeun dahan tina tangkal jetun leuweung, nya eta aranjeun, nu lain urang Yahudi. Ku sabab dicangkokkeun dina dahan anu ditilas tea, aranjeun jadi hirup-hurip ku kahirupan rohani ti urang Yahudi.

18

Ku lantaran kitu poma, aranjeun ulah ngarendahkeun maranehna, anu geus ditilas saperti dahan tea. Jeung deui rek aragul ku naon? Aranjeun mah sakadar dahan. Dahan moal bisaeun ngahirupan akar, akar anu ngahirupan dahan.

19

Tapi meureun ceuk aranjeun, "Pang eta dahan ditilas oge supaya kuring laluasa cicing di dinya."

20

Eta bener. Maranehna nu matak ditilas teh lantaran henteu percaya. Ari aranjeun pang caricing di dinya lantaran percaya. Tapi ulah dir, anggur sing sarieun.

21

Allah henteu lebareun nilas urang Yahudi anu diupamakeun dahan-dahan asal, naha baris lebareun nilas aranjeun?

22

Dina hal ieu nyata, Allah teh manah-Na kacida leuleuyna, tapi oge kacida kerasna. Ka anu dosa Mantenna keras, tapi ka aranjeun mah tangtu ngaleuleuyan, lamun aranjeun tetep tigin kana welas asih-Na. Lamun teu kitu aranjeun oge tangtu ditilas.

23

Ari urang Yahudi, lamun babalik pikir tina henteu percayana, tangtu ditempatkeun deui dina urutna ditilas, da Allah mah kawasa midamel kitu.

24

Aranjeun anu lain Yahudi, anu diupamakeun dahan jetun leuweung, geuning najan beda sipat oge bisa dicangkokkeun kana dahan jetun anu tulen. Atuh komo urang Yahudi, anu diupamakeun dahan jetun anu ditilas ti anu tulen, tangtu leuwih gampang Allah ngahijikeunana deui kana tangkal asalna.

25

Dulur-dulur, sim kuring rek muka hiji rasiah, supaya aranjeun ulah nepi ka boga rasa pangpinterna. Nya eta: Urang Israil teh murugulna moal salilana. Lamun jelema-jelema anu lain urang Yahudi anu aranut ka Allah geus jejeg jumlahna, urang Israil geus moal murugul deui.

26

Ku sabab kitu sakabeh urang Israil bakal salamet. Sakumaha ungel Kitab Suci, "Ti Sion bakal sumping Jurusalamet, anu bakal ngaleungitkeun kadorakaan turunan Yakub.

27

Kitu jangji Kami ka maranehna, mangsa Kami ngaleungitkeun dosa-dosana."

28

Ku sabab urang Yahudi nolak Injil Kasalametan, ku Allah dimusuhan. Nu untung aranjeun nu lain urang Yahudi. Tapi ku lantaran ku Allah geus dipilih, urang Yahudi tetep dipikaasih ku Mantenna, tina ngemutkeun karuhun maranehanana.

29

Sabab lamun Allah geus milih jeung ngurniaan, manah-Na moal barobah deui.

30

Aranjeun anu lain urang Yahudi, anu tadina lain jelema anu narurut ka Allah, ayeuna geus dipikawelas ku Mantenna.

31

Urang Yahudi oge kitu keneh halna. Ayeuna maranehna henteu narurut ka Allah, eta jadi lantaran aranjeun dipikawelas ku Allah. Urang Yahudi oge engke bakal dipikawelas.

32

Sabab sakabeh manusa ku Allah geus disina henteu narurut, supaya Mantenna iasa nembongkeun welas asih-Na ka maranehna.

33

Maha jembar Allah! Kawijaksanaan jeung kauninga-Na sakitu jerona. Saha anu bisa ngajugjugan putusan-putusan Mantenna? Saha anu bisa ngarti kana cara barang damel-Na?

34

Dina Kitab Suci kaungel, "Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu werat nganasehatan ka Mantenna?

35

Saha anu geus kungsi kikiriman ka Mantenna, nepi ka Mantenna kudu males ngintunan?"

36

Sabab saniskara oge Mantenna anu nyiptakeun. Sakabehna asal ti Mantenna, keur Mantenna. Sanggakeun puji ka Allah, salalanggengna! Amin.

Link: