Rum 10
Dulur-dulur, pohara gedena kahayang sim kuring supaya bangsa sim kuring disalametkeun. Jeung sim kuring teh bener-bener neneda ka Allah, sangkan hal eta kajadian.
Sim kuring wani nyebutkeun, maranehna teh kacida garetolna ibadah ka Allah. Hanjakal ibadahna henteu nurutkeun pituduh anu bener.
Henteu nyarahoeun jalan anu ti Allah supaya manusa bisa diangken bener. Maranehanana marake jalan sorangan bae, henteu marake jalan anu ti Allah.
Hukum Agama teh kapan enggeus rengse ditedunan ku Kristus, jadi sing saha anu percaya ka Anjeunna tangtu ku Allah diangken deui.
Hal manusa bisa diangken bener ku Allah ku jalan nedunan Hukum Agama, kieu diseratkeunana ku Musa, "Saha-saha anu nurut kana Hukum Agama, tangtu hirup."
Hal manusa bisa diangken bener ku Allah ku jalan percaya, Kitab Suci nyebutkeun kieu, "Teu perlu maraneh nanya di jero hate, ‘Saha nu baris naek ka sawarga?’ (Maksudna pikeun ngalungsurkeun Kristus ka dunya.)
Atawa, ‘Saha nu baris turun ka jero kubur?’ (Maksudna ngangkat Kristus tina maot.)"
Eta kieu maksudna, "Warta ti Allah teh geus kacida santekna ka aranjeun, geus dina biwir, di jero hate aranjeun." Eta warta teh nya eta warta anu ngeunaan hal percaya tea, anu keur diwawarkeun ku sim kuring sapara kanca.
Lamun aranjeun ngaku jeung percaya yen Yesus teh Gusti, anu ku Allah geus digugahkeun tina maot, tangtu aranjeun salamet.
Ku jalan percaya, urang bisa diangken bener ku Allah, sarta ku jalan ngaku ka Anjeunna urang tangtu salamet.
Ceuk ungel Kitab Suci, "Sakur anu percaya ka Anjeunna moal kaduhung."
Ieu teh pikeun sarerea, pikeun urang Yahudi jeung bangsa-bangsa sejen, taya nu dibeda-beda. Allah teh hiji, Pangeran sarerea, anu pitulung-Na tanpa wangenan pikeun sakur anu sasambat ka Mantenna.
Sakumaha ungel Kitab Suci, "Saha-saha anu sasambat neda pitulung ka Mantenna tangtu disalametkeun."
Tapi ari henteu percaya mah rek kumaha bisa sasambat menta tulung? Jeung kumaha rek bisa percaya lamun tacan ngadenge warta tina hal eta? Jeung kumaha eta warta bisa kadenge lamun henteu diwawarkeun?
Jeung kumaha rek diwawarkeunana lamun teu aya anu diutus? Dina Kitab Suci kaungel, "Aya ku matak resep utusan daratang marawa warta anu pikabungaheun!"
Tapi anu daek narima eta Injil Kasalametan teh henteu kabeh. Saur Yesaya ge, "Gusti, saha nu bade percaya kana warta anu diwawarkeun ku abdi-abdi?"
Jadi, percaya kana eta warta teh kudu ngadenge heula wartana, ari wartana katarimana ti jelema-jelema anu ngawawarkeun hal Kristus.
Tapi sim kuring rek nanya, "Naha enya maranehanana tacan ngadarenge eta warta? Puguh enggeus, sakumaha ungel Kitab Suci, ‘Soarana parat ka saampar jagat, ucapanana tepi ka tungtung-tungtung bumi.’"
Sakali deui sim kuring rek nanya: Naha teu ngalartieun kitu urang Israil teh? Musa ku anjeun anu bakal ngawaler pangheulana, "Kieu timbalan Allah, ‘Umat Kami sina sirik ka hiji bangsa anu teu kaasup umat, sina arambekeun ku hiji bangsa anu taya kanyahona.’"
Yesaya mah nyaurkeunana leuwih wani deui, "Kami ngahaja sina kapanggih ku jelema-jelema anu henteu nareangan, nembongan ka jelema-jelema anu tara naranyakeun Kami."
Ari ngeunaan Israil mah saurna teh, "Sapoe jeput Kami nyodoran leungeun ngahiap-hiap hiji bangsa anu wangkelang jeung bantahan."