:

Rum 13

1

Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah, sabab henteu aya pamarentah anu teu karana widi Allah. Jadi pamarentah anu ayeuna eukeur oge geus kersaning Allah.

2

Saha bae, anu ngalawan ka pamarentah, sarua jeung ngalawan kana aturan anu geus ditangtukeun ku Allah, anu ngalawanna tangtu meunang hukuman.

3

Pikeun warga anu hade kalakuanana, pamarentah teh moal matak sieun. Matak sieun soteh pikeun warga anu jahat. Aranjeun harayang sangka henteu ngarasa sieun ku anu keur nyekel pamarentahan? Atuh masing hade kalakuan, tangtu ku itu dipuji,

4

da itu jenengna teh jadi kawula Allah pikeun kamaslahatan wargana. Ari aranjeun jahat mah puguh bae jadi sieun, da pamarentah teh boga kawasa pikeun ngahukum. Pamarentah teh kawula Allah pikeun ngalaksanakeun Hukum Allah ka wargana anu jahat.

5

Eta sababna aranjeun kudu narurut ka pamarentah. Lain ku dumeh sieun meunang hukuman, tapi pangpangna mah kudu ngarasa geus sawajibna.

6

Ieu keneh sababna pang aranjeun kudu malayar pajeg, lantaran pamarentah teh kawula Allah anu keur ngajalankeun aturan Mantenna.

7

Jadi, bayar sakur anu kudu dibayar ka pamarentah, boh pajeg lamun kudu mayar pajeg, boh cuke lamun kudu mayar cuke. Hargaan pamarentah, ajenan.

8

Ka saha bae oge ulah boga hutang salian ti hutang kanyaah ka pada batur. Sabab nyaah ka batur teh nedunan Hukum Musa.

9

Parentah-parentah anu ungelna, "Maneh ulah jinah, ulah maehan, ulah maling, ulah bogoh ka barang batur," kitu deui parentah-parentah sejen salengkepna, diringkeskeun jadi hiji parentah anu ungelna, "Maneh kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan."

10

Lamun aya rasa kanyaah ka batur, tangtu moal jahat ka batur. Ku sabab kitu, nyaah ka batur teh nedunan sakabeh parentah Hukum Agama.

11

Pek eta lalampahkeun kitu, da aranjeun ge tangtu ngarti, ayeuna teh geus waktuna kudu nyaring. Sabab kana waktu urang disalametkeun teh ayeuna mah geus leuwih deukeut ti batan bareto samemeh urang percaya.

12

Peuting geus tereh nyingkir, beurang geus tereh datang. Eureunan sagala hal anu sok dipigawe waktu poek, geura dangdan pakarang geusan nyanghareupan caang.

13

Tingkah laku masing luyu sakumaha pantesna hirup dina caangna beurang — ulah pepestaan bae, ulah mabok, ulah rucah, ulah aeb, ulah gelut, ulah dengki.

14

Cekel pakarang ti Gusti Yesus Kristus, ulah ngumbar pidosaeun ngalajur napsu.

Link: