:

Rum 14

1

Jelema anu kurang panceg kayakinanana kudu dima’lum, pamadegan-pamadeganana ulah diutik-utik.

2

Jelema teh aya nu yakin yen sagala kadaharan meunang didahar, tapi aya oge anu ngan ngadahar sayur-sayuran, lantaran ngarasa kurang yakin.

3

Anu yakin meunang ngadahar sagala rupa, ulah moyok ka anu tara. Anu ngan ngadahar sayur-sayuran bae oge ulah nyalahkeun ka anu sok ngadahar naon bae, da masing-masing geus ditarima ku Allah.

4

Saha kitu ari aranjeun, wani-wani nyalahkeun badega batur? Kumawulana rek kapake rek henteu, eta urusan dununganana anu boga hak nangtukeun. Jeung tangtu eta kawula teh bisa kapake, da Pangeran mah kawasa midamel kitu.

5

Aya jelema anu nganggap mulya kana hiji poe, tapi aya oge anu nganggap poe mah kabeh ge sarua. Keun bae kumaha ceuk anggapanana masing-masing.

6

Anu nganggap mulya kana hiji poe, kituna teh pikeun ngamulyakeun Pangeran. Anu sok ngadahar naon bae, eta oge pikeun ngamulyakeun Pangeran, tanda narimakeun geus dipaparin eta dahareun. Anu nolak ngadahar salah sahiji kadaharan, kitu keneh pikeun ngamulyakeun Pangeran, nandakeun panarimana ka Allah.

7

Saurang ge urang teh henteu aya anu hirupna atawa maotna ngan keur sadirieunana bae.

8

Keur hirupna, hirupna teh pikeun Pangeran, geus maotna, maotna teh pikeun Pangeran. Jadi, hirup jeung maot teh kagungan Pangeran.

9

Kapan Kristus pupus jeung gugah hirup deui teh supaya jadi Gustina anu harirup jeung nu geus maraot.

10

Ku sabab kitu aranjeun anu ngan ngadahar sayur-sayuran, ku naon nyalahkeun ka pada dulur? Sarta aranjeun anu yakin meunang ngadahar naon bae, ku naon moyok ka pada dulur? Urang kabeh bakal jogo di payuneun Allah pikeun diadilan.

11

Sabab ceuk ungel Kitab Suci, "Satemenna," pilahir Pangeran, "ieu Kami Allah anu jumeneng, sakabeh jelema bakal sarujud ka Kami, jeung ngaraku yen Kami Allah."

12

Ku hal eta urang teh kudu nyanggakeun tanggung jawab ka Allah tina kalakuan urang masing-masing.

13

Ku sabab kitu enggeus urang teh ulah silih cawad deui. Anggur sabalikna sing sabisa-bisa ulah nyieun lantaran dulur tikosewad labuh kana dosa.

14

Tina ngahiji jeung Gusti Yesus teh sim kuring meunang kayakinan, yen dasarna mah kadaharan teh teu aya anu najis. Tapi pikeun jelema anu nganggap aya sawatara kadaharan anu najis, tangtu bae pikeun manehna mah eta kadaharan teh jadi najis.

15

Lamun aranjeun nganyerikeun hate dulur tina sual kadaharan, kalakuan kitu teh nandakeun aranjeun geus taya kanyaah. Ulah ngaruksak hate dulur ku sual anu didahar ku aranjeun, da Kristus pupus teh kapan keur manehna oge!

16

Hal anu ku aranjeun dianggap hade teh ulah matak jadi goreng kasebutna.

17

Di Karajaan Allah mah nu penting teh lain hal anu didahar jeung diinum, tapi nya eta bener lampah, hirup rukun, narimakeun reujeung suka sakur anu dipaparinkeun ku Roh Suci.

18

Anu ngawulana ka Kristus kieu, bakal kamanah ku Allah sarta diajenan ku pada jelema.

19

Ku sabab kitu anu kudu dijieun tujuan teh salilana kudu hal-hal anu matak pirukuneun jeung anu baris bisa dipake silih tunjang pada batur.

20

Ulah ku lantaran sual kadaharan hal anu geus dipidamel ku Allah jadi ruksak. Kadaharan naon bae kabeh ge meunang, tapi lamun matak ngalantarankeun batur labuh kana dosa, salah lamun didahar teh!

21

Ti batan matak ngalantarankeun dulur sakapercayaan dosa, leuwih hade ulah ngadahar daging, atawa nginum anggur.

22

Hal anu diyakinan ku aranjeun tea lakonan ku aranjeun bae sorangan di payuneun Allah nyalira. Anu ngarasa yen hal anu diyakinanana teh bener, eta jelema bagja.

23

Sabalikna lamun hamham ku anu rek didahar tapi tetep bae didahar, tangtu ku Allah disalahkeun, lantaran ngadaharna teh pasalingsingan jeung kayakinan imanna. Sagala rupa anu henteu make dasar iman, eta dosa.

Link: