:

Rum 3

1

Jadi naon leuwihna urang Yahudi ti anu sejen? Atawa ari sunat aya paedahna?

2

Puguh bae aya, loba! Pangpangna kapan urang Yahudi teh ku Allah dititipan pangandika-Na.

3

Tapi upama sabagian maranehanana henteu tigin, naha Allah oge bakal kitu?

4

Moal! Najan kabeh jelema bohong, Allah mah tetep tigin. Ceuk Kitab Suci, "Samangsa maneh ngomong, kudu saenya-enyana, sangkan meunang samangsa maneh diuji."

5

Tapi upama kalakuan urang anu goreng teh malah matak leuwih netelakeun kaadilan Allah, kumaha? Naha bisa ceuk urang, atuh ari kitu mah teu adil Allah ngahukum kagorengan urang teh? (Pananya kieu di manusa mah lumrah.)

6

Lain teu adil! Ari teu adil mah iasa kumaha Mantenna nerapkeun kaadilan ka ieu dunya?

7

Tapi upama sim kuring teu bener, tapi matak leuwih nganyatakeun agungna kaadilan Allah, naha eta dosa sim kuring teh tetep bakal disalahkeun?

8

Ku naon teu ngomong kieu, "Hayu urang goreng kalakuan ngarah bijil anu hade." Memang aya jelema-jelema anu ngagorengkeun sim kuring, majarkeun sim kuring memang kungsi ngomong kitu. Eta jelema-jelema pantes lamun dihukum.

9

Anu matak, urang jadi urang Yahudi teh naon leuwihna ti anu sejen? Taya leuwihna naon-naon. Ku sim kuring geus disebutkeun yen boh urang Yahudi boh nu lain, kabeh oge sarua papada dikungkung ku dosa.

10

Sakumaha ungel Kitab Suci, "Saurang ge taya nu bener,

11

saurang ge taya nu bijaksana, taya pisan nu nyembah ka Allah.

12

Kabeh geus jarauh ti Allah, kabeh geus salasar; taya nu hade lampahna, teu saurang-urang acan!

13

Omonganana pinuh ku tipu daya ngandung bahla, nu luncat tina letahna bohong jeung jahat, biwirna murakeun pibahlaeun lir peurah oray.

14

Omonganana wungkul nyumpahan.

15

Gampang teuteunggeul, gampang maehan.

16

Ka mana bae inditna ngan nimbulkeun karuksakan.

17

Geus teu nyarahoeun kana jalan karahayuan,

18

jeung teu dialajar hormat ka Allah."

19

Ayeuna geus tetela, yen sakur anu dituliskeun dina Hukum Musa teh pikeun jelema-jelema anu kabawah ku hukum eta. Jadi moal aya jelema anu bisa ekol, saalam dunya pasti dijagragkeun ka pangadilan Allah.

20

Sabab di payuneun Allah mah saurang oge moal aya anu dibenerkeun dumeh geus nedunan Hukum Agama. Sabab eta mah maksudna keur mere terang yen manusa teh geus dosa.

21

Tapi ayeuna mah Allah geus maparin pituduh, kumaha jalanna supaya manusa bisa diangken bener deui ku Mantenna. Ari jalanna teu aya patalina jeung Hukum Agama. Hukum Musa kitu deui nabi-nabi netelakeun kitu.

22

Allah kersa ngangken manusa bener deui teh lamun manusa anut ka Yesus Kristus. Allah kersaeun kitu teh pikeun sakabeh anu percaya ka Kristus, lantaran manusa mah teu aya bedana;

23

kabeh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun.

24

Jadi pang manusa bisa diangken bener deui ku Allah teh estu ngan ku karana rahmat Mantenna, ku jalan manusa teh dibebaskeun heula ku Kristus.

25

Yesus ku Allah didamel kurban, supaya ku karana pupus-Na, manusa bisa dinyatakeun bebas tina dosa jeung dihampura, asal percaya ka Anjeunna. Ku jalan kieu Allah teh kersa-Na rek mintonkeun sipat adil-Na. Di jaman-jaman anu geus kaliwat, dosa manusa teh ku Allah disabaran bae henteu dihukum.

26

Tapi ayeuna dosa teh ku Mantenna dibalitungkeun, pikeun netelakeun yen Mantenna adil. Ku jalan kieu Mantenna netelakeun yen Mantenna sipat bener, sarta kersa ngangken bener deui ka sing saha anu percaya ka Yesus.

27

Jadi urang rek bisa agul kumaha, da taya agulkeuneunana! Naha? Pedah nurut kana Hukum Agama? Lain pedah kitu, tapi ku lantaran urang percaya.

28

Jadi kieu: Jelema bisa diangken bener deui ku Allah teh ngan ku jalan percaya, lain ku karana nekanan Hukum Musa.

29

Naha Allah teh ngan pikeun urang Yahudi bae? Lain Allah teh Allahna bangsa-bangsa sejen oge? Puguh bae!

30

Sabab Allah teh ngan hiji. Urang Yahudi ku Mantenna diangken bener deui teh ku karana kapercayaanana. Sarua kitu keneh bangsa-bangsa sejen oge.

31

Naha ku lantaran urang percaya teh hartina miceun Hukum Musa? Henteu, henteu! Sabalikna malah ngajungjung Hukum Musa.

Link: