Rum 7
Dulur-dulur! Aranjeun geus tarerang kana hukum. Tangtu tarerang, hukum teh kakuatanana ngan sapanjang urang keur hirup keneh.
Contona, awewe kabeungkeutna ku hukum ka salakina teh ngan satungtung salakina hirup keneh.
Sapanjang salakina hirup keneh, lamun eta awewe milu ka lalaki sejen, disebutna awewe serong. Kajaba lamun salakina geus maot, meunang kawin deui sarta sah, lain jinah.
Tah aranjeun oge kitu, dulur-dulur! Aranjeun tina Hukum Agama Yahudi geus maraot, sabab geus ngahiji jeung salira Kristus, jadi kagungan Anjeunna anu geus digugahkeun tina maot, supaya hirup aranjeun dipake kumawula ka Allah.
Waktu hirup urang nurutkeun keneh kahayang sorangan, eta kahayang-kahayang teh timbulna ku lantaran aya Hukum Agama anu mangaruhan diri urang. Ku lantaran kitu harita urang teh jadi ngawula kana maot.
Tapi ayeuna mah urang geus leupas tina eta Hukum Agama Yahudi, geus maot tina eta hukum anu tadina ngawasaan. Carana urang ayeuna ngawula, henteu cara ngawula kana hukum anu ditulis tea. Ayeuna mah ngawula ku cara anu anyar, nurutkeun pituduh Roh Allah.
Lamun kitu, naha ceuk urang Hukum Agama Yahudi teh jahat? Henteu, atuh! Tapi pang sim kuring terang naon ari dosa teh, nya Hukum eta lantaranana. Lamun Hukum Agama henteu nyebutkeun, "Ulah bogoh ka barang batur," sim kuring moal boga pikiran kitu.
Tapi ku lantaran aya parentah kitu, dosa teh meunang jalan pikeun ngahudang napsu kasarakahan dina hate sim kuring. Da lamun hukum teu aya mah dosa teh teu leuwih ti barang paeh.
Tadina hirup sim kuring tanpa eta hukum; sanggeus aya eta hukum, dosa jadi hirup,
sabalikna sim kuring jadi maot. Eta hukum teh maksudna pikeun ngahirupkeun, tapi keur sim kuring mah anggur maehkeun.
Nya ku eta hukum dosa teh meunang jalan pikeun nipu jeung maehkeun sim kuring.
Saenyana ari Hukumna mah suci, parentahna suci, adil, hade.
Naha eta kitu anu hade tea anu maehkeun sim kuring teh? Tangtu lain! Anu maehkeun sim kuring teh dosa tea. Eta anu hade teh ku dosa dipake jalan maehkeun sim kuring, supaya tembong kumaha saenyana sipat dosa. Ku ayana eta parentah-parentah Allah, tembong kumaha jahatna dosa.
Urang terang, Hukum Agama Yahudi teh sipatna rohani, ari sim kuring, manusa anu sipat jasmani geus dijual jadi kawula dosa.
Sim kuring jadi teu ngarti ku lampah sorangan, da anu dilampahkeun teh teu akur jeung anu dipikahayang, malah sorangan ge ijid ngalampahkeunana teh.
Ku lantaran anu dilampahkeun teh saenyana mah teu akur jeung lelembutan, ieu nandakeun yen sim kuring ngaku benerna Hukum Agama Yahudi.
Ana kitu atuh lain sim kuring, anu ngalampahkeunana teh saenyana mah dosa anu murba dina diri sim kuring.
Sim kuring ge ngarasa, diri teh henteu kaancikan ku anu hade. Buktina najan hayang oge nyieun kalakuan hade, ngalampahkeunana mah teu mampuh.
Anu dilampahkeun teh lain anu hade sakumaha kahayang hate, tapi anu teu panuju jeung hate.
Ku sabab anu dilampahkeun teh lain anu panuju jeung hate, ieu nandakeun yen anu ngalampahkeunana teh lain sim kuring, tapi dosa anu ngancik dina diri.
Jadi kacindekan sim kuring, dina hal ieu anu jadi bibit pangaruhna nya hukum tea: ana sim kuring hayang migawe anu hade, ari anu timbul dina hate ngan anu goreng.
Batin mikasuka parentah-parentah Allah,
tapi ngarasa dina diri aya deui pangaruh hukum sejen, anu pasalingsingan jeung hukum anu diaku ku budi rasa. Ku sabab kitu sim kuring jadi kabeungkeut ku hukum dosa anu mangaruhan diri sim kuring.
Jelema cilaka sim kuring teh! Saha anu bakal nyalametkeun sim kuring tina ieu badan anu baris ngagusur kana maot?
Rebu laksa nuhun ka Allah, Mantenna kersa nyalametkeun sim kuring ku jalan Gusti urang Yesus Kristus. Kieu kaayaan sim kuring teh: Ari batin tunduk kana Hukum Allah, ari tabeat taluk kana hukum dosa.