:

Rum 8

1

Pikeun anu hirupna ngahiji jeung Kristus Yesus, hukuman teh geus teu aya,

2

sabab geus dileupaskeun tina hukum dosa jeung maot ku Roh Allah, nya eta anu ngalantarankeun urang ngahiji jeung Kristus Yesus.

3

Anu henteu bisa dilakonan ku Hukum Agama lantaran manusa mah sipat lemah, dilaksanakeun ku Allah. Mantenna geus ngelehkeun dosa anu aya dina tabeat manusa, ku jalan ngutus Putra-Na ku manten, anu sumping-Na nganggo kaayaan anu sarua jeung kaayaan manusa anu dosa, pikeun ngaleungitkeun dosa.

4

Allah ngajalankeun kitu teh supaya pangersa-Na anu dinyatakeun dina Hukum Agama tea bisa dilakonan ku urang, anu hirup nurutkeun pituduh Roh Allah, lain nurutkeun tabeat sorangan.

5

Anu hirupna nurutkeun tabeat sorangan, anu dipikiranana oge dipangaruhan ku tabeatna sorangan. Sabalikna anu hirupna nurutkeun Roh Allah, anu dipikiranana oge hal-hal anu jadi pangersa Roh Allah.

6

Pikiran anu dipurba ku tabeat sorangan nungtun kana maot; pikiran anu ditungtun ku Roh Allah nungtun kana hirup jeung kanugrahaan.

7

Ku sabab kitu, anu pikiranana dipurba ku tabeat sorangan teh jadi musuh jeung Allah, lantaran henteu tunduk kana Hukum Allah, jeung memang moal daekeun tunduk.

8

Anu nurut kana tabeat sorangan moal dipikasuka ku Allah.

9

Tapi hirup aranjeun mah henteu nurutkeun tabeat sorangan, geus nurut ka Roh Allah. Kitu soteh lamun bener Roh Allah aya di jero hate aranjeun. Saha-saha anu henteu ngabogaan Roh Kristus, eta lain kagungana-Na.

10

Sabalikna lamun Kristus aya di jero hate aranjeun, najan ari badan jasmani mah baris maot ku lantaran dosa, tapi Roh Allah anu aya jumeneng dina hate aranjeun baris maparin hirup ka aranjeun, lantaran aranjeun geus diangken bener ku Allah.

11

Lamun Roh Allah, anu geus ngagugahkeun Yesus tina maot jumeneng di jero hate aranjeun, tangtu eta anu ngagugahkeun Kristus tina maot teh bakal ngahirupkeun deui badan aranjeun anu keuna ku maot tea, sabab Roh Mantenna jumeneng di jero hate aranjeun.

12

Ku sabab kitu, dulur-dulur, urang teh boga hiji tanggung jawab, tapi lain tanggung jawab kana tabeat sorangan; hirup urang ulah nurutkeun eta.

13

Sabab lamun nurutkeun eta mah aranjeun tangtu maraot. Sabalikna lamun, ku karana pitulung Roh Allah, aranjeun maehkeun kalakuan-kalakuan anu dosa, aranjeun tangtu hirup.

14

Sakur jelema anu dituyun ku Roh Allah, eta teh putra-putra Allah.

15

Sabab Roh paparin ti Allah teh moal midamel aranjeun jaradi kawula anu ngalantarankeun aranjeun jadi pinuh ku rasa kasieun, sabalikna bakal midamel aranjeun jadi putra-putra Allah, sarta ku perbawa Roh Allah, aranjeun bisa nyebut ka Allah, "Ama, nun Ama!"

16

Roh Allah ku manten jeung roh urang bareng nganyatakeun yen urang teh putra-putra Allah.

17

Ku sabab urang teh putra-putra-Na, urang bakal narima berkah anu ku Mantenna disayagikeun pikeun umat-Na. Sarta sakumaha Kristus, urang oge bakal narima anu ku Allah geus disayagikeun pikeun Kristus. Sabab lamun urang geus milu kana sangsara Kristus, tangtu oge bakal milu dimulyakeun jeung Anjeunna.

18

Dina kayakinan sim kuring, kasangsaraan anu kasorang ku urang ayeuna, lamun dibandingkeun jeung sagala kamulyaan anu bakal diebrehkeun ka urang mah taya pisan hartina.

19

Saalam dunya kacida ngarep-ngarepna kana wancina Allah ngebrehkeun kamulyaan putra-putra-Na.

20

Sabab dunya jadi ruksak teh lain kahayangna sorangan, tapi geus kitu kersana Allah. Najan kitu aya keneh anu jadi pangharepan, nya eta:

21

Hiji waktu dunya teh bakal dileupaskeun tina genggeman anu ngaruksakna, bakal nampa kamerdekaan anu agung babarengan jeung putra-putra Allah.

22

Urang terang, nepi ka wanci ieu saalam dunya humarurung ku kanyeri lir nyerina awewe nu ngajuru.

23

Anu humarurung kitu teh lain dunya bae, urang oge, anu geus nampa Roh Allah (kurnia Allah anu katampa pangheulana), humaregung sajeroning batin, ngarep-ngarep sangkan diri urang sakujur gancang-gancang dibebaskeun ku Allah sarta dijadikeun putra-putra-Na.

24

Sabab pang urang bisa disalametkeun teh ku lantaran nyekel pangharepan. Tapi lamun anu diarep-arep geus breh mah, lain ge pangharepan deui. Da saha atuh anu ngarep-ngarep keneh anu geus breh?

25

Urang henteu weleh ngarep-ngarep lantaran anu diarep-arep tacan breh.

26

Roh Allah oge kitu, sumpingna nulungan teh lantaran urang lemah. Urang mah henteu terang kumaha kuduna neneda. Nya Roh ku anjeun anu melas-melis ka Allah mangunjukkeun ucap-ucap anu henteu bisa kedal.

27

Allah anu uninga kana eusi hate urang, ka anu dipimaksud ku Roh teh ngartoseun, yen anu dipundut-Na teh pikeun umat-Na sarta sapuk jeung pangersa-Na.

28

Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.

29

Sakur anu geus kapilih ku Allah, ti samemehna keneh geus ditangtukeun sangkan jadi sakumaha kaayaan Putra-Na, ari Putra-Na bakal jadi anu kahiji ti pirang-pirang saderek.

30

Kitu carana Allah nyaur sakur anu ku Mantenna geus ditangtukeun teh. Sakur anu disaur, diangken sarta nampa kamulyaan ti Mantenna.

31

Tina hal ieu kabeh, naon ucapkeuneun urang? Lamun Allah aya di pihak urang, saha nu bisa ngalawan ka urang?

32

Allah, anu henteu ngoretkeun Putra ku Manten sangkan jadi kurban gaganti urang, moal enya ka urang moal maparinkeun perkara-perkara lianna?

33

Saha nu rek bisa ngagugat-gugat kasalahan urang, umat anu geus kapilih ku Allah, tur geus dinyatakeun teu salah ku Allah ku manten?

34

Saha nu rek bisa nyalahkeun urang? Urang bakal aya anu ngabelaan! Nya eta Yesus Kristus, anu geus pupus, anu geus digugahkeun deui kana hirup, anu linggih di tengeneun Allah.

35

Jadi, saha anu bisa megatkeun asihna Kristus ka urang? Naha kabalangsakan, atawa panganiayaan, atawa kalaparan, atawa kamalaratan, atawa bahya, atawa maot, bisaeun megatkeun?

36

Hal eta dina Kitab Suci kaungel kieu, "Ku karana Gusti, abdi-abdi salamina aya dina bahya pati, dijieun sapertos ka domba peunciteun."

37

Moal, moal bisaeun! Eta kabeh malah geus eleh, urang geus unggul ku pitulung Anjeunna anu welas asih ka urang!

38

Sim kuring estu yakin, pamohalan aya anu bisa megatkeun kaasih Anjeunna ka urang: Pati, hirup, malaikat-malaikat, pangawasa-pangawasa langit lianna, ancaman jaman nu ayeuna, nu engke,

39

nu di langit, nu di bumi — cindekna sagala ciciptan moal aya anu bisa megatkeun asihna Allah ka urang, sakumaha anu geus diterapkeun ka urang ku jalan Kristus Yesus Gusti urang.

Link: