Rut 2
Ari Naomi boga baraya ti Elimelek, jenat salakina, ngaranna Boas, jelema beunghar tur gede pangaruhna.
Hiji poe Rut ngomong ka Naomi, "Ema, abdi bade ngiring mulungan heucak ka nu dibaruat, manawi aya nu nyarikclikan tina keupeulan. Bade neda idin bae ka salah sawios nu dibaruat supados kenging mulungan pungkureunana." Walon Naomi, "Jung anaking."
Rut indit ka huma, sarta geus merenah di tukangeun anu digarawe, mulungan ranggeuy-ranggeuy gandum nu marurag tina keupeulan. Kabeneran mulunganana teh ka huma kagungan Boas, baraya Elimelek tea.
Teu lila Boas cunduk ti Betlehem, uluk salam ka nu keur digarawe, saurna, "Mugia PANGERAN nyarengan ka aranjeun!" Dijarawab, "Mugia PANGERAN ngaberkahan ka Bapa!"
Ti dinya Boas mariksa ka mandor, "Ari itu awewe ngora-ngora, saha?"
Ceuk mandor, "Sumuhun semah, dibantun ku Naomi ti Moab.
Parantos wawartos yen seja mulungan sapengkereun nu marotong. Parantos ti enjing keneh teu reureuh-reureuh dongkap ka wangkid ieu, mung ngiuhan heula sakedap."
Ti dinya Boas misaur ka Rut, "Nyai, ceuk Bapa mah mulungan teh di dieu bae ulah ka mamana deui, tuh geura jeung awewe-awewe,
tutur-tutur ka beulah mana motongna. Keun ku Bapa rek dibarejaan sangkan Nyai ulah aya nu nyarek. Jeung bisi hanaang mah pek bae nginum, tuh caina dina kendi, parinuh."
Rut mani sujud, adek beungeutna kana taneuh. Pok ngawalon, "Abdi ngaraos kalintang diperhatoskeunana. Sakitu saena Juragan ka abdi, padahal abdi di dieu teh semah. Teu kahartos naon margina?"
Saur Boas, "Nya eta Bapa teh geus meunang katerangan yen Nyai sakitu bumelana ka mitoha, mangkilang geus ditinggalkeun maot ku salaki. Nyai nepi ka lat ka bapa cul ka indung jeung ka lembur, seja hirup ngahiji jeung bangsa anyar pinanggih.
Muga eta tekad Nyai meunang pahla ti PANGERAN, meunang ganjaran utama ti GUSTI Allah panutan urang Israil, anu tangtu baris nangtayungan ka Nyai."
Piunjuk Rut, "Kasaean Juragan katampi pisan. Kasauran Juragan kalintang nyerepna, matak teger kana ati sanubari, padahal dibandingkeun sareng gandek-gandek Juragan oge diri abdi sakalintang laipna."
Ari geus waktuna dahar, Rut disaur ku Boas, saurna, "Dahar heula, ieu aya roti jeung saosna." Rut emok gigireun nu sejen tuluy dibagianan hancengan. Am dahar, sacukupna, tapi disesakeun dihaja.
Barang rek mulungan deui, Boas misaur ka nu rek maraju deui gawe, saurna, "Keun sina mulungan, masih rek tina pocongna oge ulah digeunggeureuhkeun. Anggur pek pangnyabutankeun tina pocongan sina dipulungan. Kade tong dicarek."
(2:15)
Rut jongjon mulunganana nepi ka burit. Beubeunanganana terus diirik, meunang kira-kira sapuluh kilo gandum.
Jung disuhun, dibawa balik, diserenkeun ka mitohana. Sesa daharna tea oge diserenkeun.
Ku Naomi ditanya, "Di mana mulungan teh nyai? Di saha? Bageur-bageur teuing nu bogana teh. Muga-muga sing meunang berkah PANGERAN." Ceuk Rut, mulunganana teh di sawah kagungan Boas.
Ceuk Naomi, "Muga Boas ginanjar berkah PANGERAN, anu teu tinggal ti mikaasih ka umat-Na ka nu harirup keneh kitu deui ka nu geus maraot. Saenyana anjeunna teh baraya urang, landes keneh pisan, anu aya wajibna ngabelaan ka urang."
Ceuk Rut deui, "Jabi ti kitu teh saurna abdi kenging mulungan di humana dugi ka rengse usum motong."
Walon Naomi, "Enya Nyai, mending mulungan di huma Pa Boas bae jeung awewe-awewe nu digarawe di dinya. Di huma batur mah bisi diharu-haru."
Rut tetep mulunganana di huma Boas nepi ka anggeus usum motong, sarta tetep-tetep ngawulaan mitohana.