Rut 1
Baheula, jaman bangsa Israil can boga raja, tanahna katarajang bahla kalaparan. Harita aya hiji jelema ti kaom Eprata, urang Betlehem, tanah Yuda, indit ninggalkeun lemburna seja ngumbara heula saanak rabi ka Moab,
ngaranna Elimelek. Ari ngaran bojona Naomi, ngaran anak-anakna Mahlon jeung Kilyon, duanana lalaki. Sabot ngumbara,
Elimelek maot ninggalkeun Naomi jeung anak.
Ari anakna terus baroga bojo ka mojang urang Moab, nu saurang ngaranna Orpa, nu saurang deui Rut. Sanggeus ngumbara meunang sapuluh taun,
Mahlon jeung Kilyon oge maraot deuih, kari Naomi sorangan, teu anak teu salaki.
Rada lila ti harita, Naomi meunang beja yen PANGERAN geus nurunkeun berkah ka umat-Na, hasil panenna mucekil. Sanggeus tarapti bral Naomi mulang, minantu-minantu dibawa,
bareng ngajugjug ka tanah Yuda.
Tapi di tengah jalan Naomi ngomongan ka minantu-minantu, pokna, "Nyai mah mending baralik bae ka nu jadi indung. Didoakeun, kabageuran Nyai ka Ema jeung ka nu geus teu araya, sing dibales ku PANGERAN.
Mugi-mugi deuih ku PANGERAN diparengkeun baroga deui salaki, barisa deui imah-imah." Sanggeus digalentoran tuluy dijurung marulang. Tapi kalah ka careurik,
ngalengis ka mitoha pokna, "Ema, abdi mah bade ngiring ka Ema bae, ka bangsa Ema."
"Nyai," ceuk Naomi, "mending ge marulang. Keur naon harayang milu? Da Ema teh hamo boga deui anak keur pisalakieun nyai.
Jadi mending ge marulang. Jeung moal kawin deui Ema teh, geus kolot teuing. Dina aya keneh harepan oge, nepi ka bisa kawin deui ceuk cohagna engke peuting, nepi ka bisa buru-buru boga anak deui,
piraku ku Nyai rek didaragoan bae nepi ka galede, moal karawin ka nu sejen! Piraku atuh, Nyai! Jeung deui kapan Ema mah jelema anu geus dibuang ku PANGERAN. Lain teu karunya Ema ka nyai teh."
Segruk deui nu diomongan teh careurik. Gabrug Orpa ngarangkul ka mitoha bari pamitan, tuluy mulang. Ari Rut ngajanteng keneh.
Ceuk Naomi, "Rut, itu baraya Nyai geus mulang ka bangsana, ka batarana. Nyai ge atuh geura jung."
Ari ceuk Rut, "Abdi mah alim pisah ti Ema, hoyong sareng, ka mana ge bade ngiring, di mana bae bade ngiring cicing. Bangsa Ema bangsa abdi, Allah Ema Allah abdi.
Ema pupus, abdi ngiring dikubur di dinya. Sing dihukum ku PANGERAN upami abdi tega ngantunkeun Ema. Mung maot anu tiasa misahkeun abdi ti Ema."
Sanggeus tetela yen Rut enya-enya hayang milu, Naomi teu ngomong nanaon deui.
Ti dinya duanana neruskeun laku, sarta geus nepi ka Betlehem. Ari jol teh urang dinya mani ibur. Ceuk kaom wanitana, "Enya ieu teh Naomi?"
Naomi ngawalon, "Tong disebut deui Naomi kuring mah, sebut wae Mara, lantaran hirup teh ku Allah Nu Maha Kawasa disina pinuh ku papait.
Basa miang ti dieu bareto, kuring teh mani rebo, ari balik ku Mantenna disina nepi ka ngaligincing kieu. Keur naon disebut deui Naomi, lantaran ku PANGERAN Nu Maha Kawasa geus dikeunaan hukuman, disina balangsak."
Kitu lalakon Naomi mulang deui ti Moab jeung Rut minantuna. Daratangna ka Betlehem kabeneran geus mimiti usum dibuat.