Siloka 11
PANGERAN mikangewa ka nu make timbangan curang. Mantenna misuka ka nu nimbangna bener.
Jalma adigung bakal meunang pamoyok, mending oge handap asor.
Jalma hade ditungtun ku kajujuran. Jalma curang bakal cilaka ku curangna.
Dina waktu geus nyanghareup kana ajal, harta banda taya hartina kajujuran mah matak rahayu.
Keur jalma hade mah jujur teh matak nguntungkeun hirup. Ari jalma jahat mah sok nyilakakeun maneh.
Kaadilan nyalametkeun jalma jujur. Ari tukang cidra cilaka ku sarakahna.
Jalma jahat ana paeh, harepanana ge paeh. Harta banda teu bisa dipake andelan.
Kasusahan moal datang ka jalma saleh, datangna ka jalma jahat.
Omongan jalma jahat matak binasa, sabalikna hikmah jelema saleh mah matak salamet.
Anu jujur ana meunang bagja, sanagara milu suka. Sabalikna jalma jahat mah ana paeh pada nyurakan.
Ku restuna jalma-jalma jujur, kota bisa alus. Sabalikna ku omongan jalma-jalma jahat mah kota teh ruksak.
Ngahina batur kalakuan anu gejul. Nu lantip mah sungutna repeh.
Jelema laer biwir moal bisa dibawa rasiah. Sabalikna nu satia layak dipercaya.
Bangsa bakal runtuh lamun taya anu mingpin, sabalikna bisa kuat lamun loba juru nasehatna.
Ulah sasanggupanan mangnanggungkeun hutang batur, bisi kaduhung. Leuwih aman teu pipilueun.
Istri lungguh mah hormateun, sabalikna awewe teu boga budi mah nista. Jalma kedul mustahil rek boga duit. Nu rikat usahana mah pibeunghareun.
Lamun urang bageur tangtu loba anu mikaheman. Kejem mah sarua jeung nyiksa maneh.
Jelema jahat mah najan beubeunangan ge taya mangpa’atna. Sabalikna mun pagawean urang bener, tangtu meunang ganjaran.
Boga niat rek milampah hade tangtu baris jamuga. Tapi mun keukeuh boga niat jahat, tinangtu bakal tiwas.
Angen-angen jahat kaceuceub PANGERAN, ari lampah bener nyukakeun kana manah-Na.
Sing yakin, nu jahat tangtu dihukum, nu bener tangtu luput tina siksaan.
Istri geulis tanpa kaperyogaan, saibarat anting emas dina cungur bagong.
Angen-angen jelema bener, salawasna alus jadina. Sabalikna jelema jahat, ana kahayangna laksana, matak ambek saban jalma.
Aya jalma anu bisa samemena make duitna, tapi kalah ka beuki beunghar. Ari nu pohara cecelna kalah ka tambah kokoro.
Nu balabah babari meunang rejeki. Nu resep tutulung babari meunang pitulung.
Anu sok nahan pare ngadago undakna harga bakal pada nyumpahan. Ari dijual harita mah pada maruji.
Maksud maneh lamun hade tangtu pada ngahargaan. Sabalikna neangan pisusaheun mah tangtu meunang kasusahan.
Nu umangkeuh ku kabeungharan baris ragrag ngoleang, lir daun murudul usum muguran. Sabalikna jalma bageur baris subur, lir tangkal gomplok daunna.
Nu nyusahkeun kulawarga matak moal boga naon-naon. Nu barodo salawasna kudu ngawula ka nu palinter.
Jalma bener mah ngahirupan, jalma telenges mah ngarampas nyawa.
Lamun jalma bener di dunya keneh geus meunang ganjaran, jalma jahat jeung boga dosa oge geus pasti baris dihukum.