Siloka 12
Jalma nu boga pangarti mah dibejaan salahna teh atoh. Ngan nu gejul nu embung dibebener mah.
PANGERAN misuka jelema bener. Ari jelema julig ku Mantenna dihukum.
Jalma doraka hirupna moal aman. Jalma bener mah reugreug.
Pamajikan bageur matak reueus matak bungah salaki. Pamajikan nu ngerakeun mah ibarat panyakit dina tulang-tulangna.
Jalma jujur resep terus terang. Ari tukang cidra mah ngan arek nipu.
Ucap-ucapan jelema jahat mah nyilakakeun. Sabalikna ucap-ucapan jelema bener mah ngajait nu keur kaancam.
Jalma jahat baris tumpur jeung moal boga turunan. Ari rumah tangga jelema bener mah tangtu jamuga.
Anu boga kapinteran tangtu pada ngajenan. Nu bodo mah pada nyapirakeun.
Mending jadi jelema biasa, dapon wekel kana usaha, ti batan niru-niru menak, tapi hirup seuseut seuat.
Jelema hade mah rumawat kana pipiaraan. Nu jahat mah telenges kana pipiaraan teh.
Jurutani anu wekel digawe moal kurang dahareun. Kacida bodona miceunan waktu pikeun hal nu mubadir.
Jalma jahat ngan nyiar pidorakaeun, ari nu bener mah hirupna teh reugreug.
Jalma jahat kabeulit ku omonganana keneh. Ari ku nu jujur mah pikasusaheun ge luput.
Ganjaran teh gumantung kana ucap jeung laku lampah, saimbang jeung pagawean.
Jalma gejul mah sok ngarasa bener bae. Sabalikna nu wijaksana mah daek narima pituah.
Lamun jalma palung pundung, sok terus nangarkeun maneh. Ari nu lantip mah tahan ku pangweweleh.
Lamun maneh nyarita nu saenyana, kaadilan baris jalan. Sabalikna lamun bohong, kaadilan moal jalan.
Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos, jero ngaraheutanana. Demi omongan anu make akal budi mah jadi tamba.
Bohong mah moal tahan lila-lila. Sabalikna nu saestuna mah tagen sapapanjangna.
Nu ngareka kajahatan, ngareka picilakaeun. Sabalikna anu nyieun pibenereun mah baris pinanggih bagja.
Jalma ibadah mah moal meunang mamala. Sabalikna jalma jahat tangtu meunang susah.
PANGERAN ngewa ka tukang bohong, sabalikna misuka ka nu nedunan jangjina.
Jalma lantip mah tara ieu aing nyaho, sabalikna anu palung mah nembrakkeun kabodoanana.
Wekel digawe matak boga kawasa. Nu kedul mah paling-paling jadi badega.
Ku kasusah mah jalma teh leungit kabagjaanana, tapi ku pangbeberah mah kasusahna paler.
Jalma bener jadi tuduh jalan ka nu sejen, demi nu jahat mah sabalikna, sok nyasabkeun ka batur.
Anu kedul moal bisa ngahontal udaganana, sabalikna nu rajin mah baris pinanggih jeung bagja.
Bener teh nungtun kana jalan hirup. Ari kagejulan nungtun kana jalan pipaeheun.