Siloka 2
Regepkeun anaking, ieu Bapa rek papatah. Poma ulah mopohokeun nu ku Bapa diucapkeun.
Sakur nu jadi piwuruk, lenyepkeun sarta hartikeun.
Enya, kudu nunuhun menta kanyaho, kudu neda-neda menta pangarti.
Pek kotektak mangka gemet, lir neangan perak atawa pependeman.
Lamun eta dipilampah, engke hidep nyaho naon hartina sieun ku Allah, sarta bakal meunang kanyaho tina hal Allah.
Karana kapinteran teh estu kurnia ti Allah. Kanyaho reujeung pangarti, asalna nya ti Mantenna.
Mantenna nyayagikeun pitulung panangtayungan, ka jalma anu bener satemenna,
ngaraksa jalma nu hade ka pada kaula, ngaping jalma anu tumut ka Mantenna.
Lamun papatah Bapa digugu, hidep bakal nyaho naon ari adil, temen jeung jujur, nyaho ka anu kudu dipilampah.
Tangtu jadi bijaksana, tur bakal ngarasa bagja dumeh sugih ku kanyaho.
Pangarti hidep bakal ngajaring, paham bakal ngajaga,
nyegah tina lampah salah, ngajauhkeun ti jelema-jelema nu sasar omonganana,
ti anu naringgalkeun jalan anu lempeng, nyorang jalan nu poek,
ti jalma-jalma anu betah dina salah, nu resep milampah jahat,
anu hirupna teu make pangered, anu teu beunang diandel.
Hidep baris kuat moal kabengbat ku awewe nu barejad ahlak, ahli ngolo-ngolo jeung ngagelo,
nu sok serong ti salakina, anu poho kana sumpah suci akad nikah.
Sakali hidep nyampeurkeun awewe kitu, sasat nyampeurkeun ajal. Indit ka awewe kitu sarua jeung indit ka enggon nu paeh.
Lalaki nu datang nemonan awewe kitu, tara bisa mulang deui, tara nyorang deui jalan anu brasna kana hirup.
Nu matak hidep kudu niru lakuning jalma satuhu, anu hirupna saestu.
Sakur anu hirupna satemenna, jalma anu taya kuciwana, baris ngancik di dieu, di tanah nagara urang.
Demi nu daroraka mah ku Allah baris didudut, nu jarahat baris dicabut ti dinya, lir tangkal anu dirabut jeung akar-akarna.