Siloka 3
Anaking, ulah poho ka papatah Bapa. Nu ku Bapa diucapkeun, omat ku hidep ingetkeun.
Sabab eta teh matak hade untung sarta panjang umur.
Ulah tinggal ti satia jeung satuhu, kongkorongkeun eta teh dina beuheung, tulis dina sanubari.
Lamun kitu tangtu ku Allah dimanah, ku jalma dipikaresep.
Kudu temen ngandel ka PANGERAN. Ulah sok ngandelkeun kanyaho sorangan.
Dina sagala laku lampah masing inget ka PANGERAN, tangtu Mantenna nuduhkeun jalan nu lempeng.
Poma ulah boga angkeuh pinter sorangan, anggur masing sieun ku PANGERAN, nyingkah tina lampah salah.
Lamun kitu, eta teh ibarat ubar, kana raheut matak cageur, tur kanyeri oge nyingkir.
Masing hormat ka PANGERAN ku ngabaktikeun sagala rupa hasil bumi lahan hidep anu panghadena.
Engke leuit hidep buncir, cianggur ceuyah, ngaleuya mo kawadahan.
Anaking, ulah nampik lamun ku PANGERAN dipeperih. Tarimakeun ulah sungkan, eta teh pepeling.
Mana dipeperih ge tandaning hidep dipiasih, lir bapa meperih anak anu dipikanyaah.
Bagja jalma anu meunang hikmah, anu meunang pangarti.
Sabab eta leuwih untung batan boga perak, pangajina leuwih ti batan emas.
Hikmah leuwih hargana ti batan permata, sagala rupa anu dipikahayang ku hidep moal bisa nyaruaan eta.
Hikmah nungtun kana panjang umur, parek rejeki tur mulya harkat.
Hikmah matak nyenangkeun, hirup ngahenang-ngahening.
Nya bagja anu boga hikmah, hirup teh jadi milikna.
PANGERAN ngadegkeun bumi ku hikmah-Na. Ngadegkeun langit ku pangartos-Na.
Ku hikmah Mantenna, cur-cor walungan ngalocor, Mantenna ngayakeun mendung sangkan bumi meunang hujan.
Anaking, cekel sing pageuh hikmah, jeung akal budi, ulah dilesotkeun.
Eta nu baris ngalantarankeun hidep bagja jeung jamuga.
Bakal tengtrem urang nya leumpang, moal kungsi titajong-tajong acan.
Sare-sare jongjon da euweuh kakeueung, tibra nepi ka isuk.
Moal sieun kagerebeg ku bahla nu datangna jeg angin topan, moal cara nu sok kaalaman ku nu jarahat.
Sabab hidep dijaring ku PANGERAN, diraksa sangkan ulah keuna jiret.
Iraha bae ge kudu nulung ka nu butuh, sabisa-bisa.
Lamun tatangga menta tulung ulah ditembalan, "Isukan bae." Bisa harita mah harita keneh tulungan.
Ulah sok ngarancang kajahatan ka sasama, kapan manehna teh hirup bareng-bareng jeung urang sarta percaya ka urang.
Ulah cekcok taya sabab jeung jelema anu henteu nyieun kua-kieu ka hidep.
Ulah sirik ka nu telenges, jeung ulah hayang nurutan.
Sabab nu adatna jahat teh kagiruk PANGERAN. Sabalikna jalma anu satuhu mah jadi kapercayaan Mantenna.
Jalma jahat, rumah tanggana ku PANGERAN diterapan panyapa. Rumah tangga jalma satuhu mah diberkahan.
Mantenna henteu butuh ku nu adigung. Ari nu rendah ati mah ku Mantenna baris dipiasih.
Jalma bijaksana ngaranna bakal seungit. Jalma bodo bakal tambah-tambah hina.