:

Siloka 9

1

Hikmah geus ngadegkeun imahna, tihangna tujuh.

2

Keur kaperluan pesta, sasatoan geus dipangmeuncitkeun, kitu deui anggurna geus dicampur sarta idangan geus sayagi.

3

Seug miwarang lanjang-lanjang, sina cumeluk kieu ti tempat nu pangluhurna di kota,

4

"Nu barodo ka darieu!" Ari ka nu gejul, saurna teh,

5

"Hiap dahar di imah kami. Inum anggurna beunang kami nyampuran.

6

Lamun hayang jamuga, geura tinggalkeun lingkungan jalma-jalma barodo teh, taluturkeun jalan pangarti."

7

Jelema sombong dielingan teh kalah ka ngajebian, jelema jahat diingetan teh kalah ka ngambek.

8

Nu sombong mah teu kudu dipepelingan, kalah ka matak dipikangewa. Teu cara ngageuing ka nu bijaksana, tangtu ditarimakeun.

9

Keur nu bijaksana mah nasehat urang teh matak nambahan kabijaksanaanana. Naon bae anu diomongkeun ka jelema bener, tangtu matak nambahan kanyahona.

10

Pikeun jadi bijaksana, kudu boga rasa hormat jeung sieun ku PANGERAN. Nyaho ka Nu Maha Suci, baris meunang ngarti.

11

Hikmah teh bakal mere umur panjang ka maneh.

12

Mun maneh boga hikmah, nu untung nya maneh keneh. Sabalikna lamun maneh nolak hikmah, maneh keneh anu rugi.

13

Kabodoan teh ibarat awewe anu cerewed, teu boga pikiran, teu boga kaera,

14

ngalong di lawang, atawa diuk anjeucleu dina korsi, di tempat anu pangluhurna di kota,

15

ngadon gera-gero, ka nu laliwat, anu keur malikiran urusanana sorangan.

16

Ari pokna, "Heuy nu teu boga pikiran, ka dieu!" Ari ka nu gejul pokna teh,

17

"Cai beunang maling karasana leuwih amis. Kadaharan beunang maling karasana leuwih ngeunah."

18

Korban-korbanna teu nyarahoeun, yen anu nyimpang ka manehna tinemu jeung ajalna di dinya, anu geus arasup ka jero imahna ayeuna geus araya di dunyana nu paraeh.

Link: