Siloka 8
Dengekeun, hikmah teh cumeluk, budi akal menta dipirosea.
Nangtungna di tempat nu laluhur, di sisi jalan jeung di parapatan.
Lebah kaca-kaca nagara, gigireun lawang ka kota, cumelukna:
"He umat manusa! Kami sumeja pepeling. Kami cumeluk ka unggal jalma pangeusi dunya.
Sangkan nu acan sawawa jadi sawawa, anu burung ngajadi jelema luhung.
Regepkeun! Pitutur kami kabeh pinunjul, saestuna, satemenna.
Anu dipedar ku kami perkara anu sayakti, sabab bohong teh kacua kami.
Pitutur kami kabeh saestu, taya nu palsu, jeung lain geusan nipu.
Pikeun anu nyaring pikir tangtu eces. Pikeun anu asak warah, tangtu bruh-breh.
Ti batan milih perak, mending milih pitutur kami. Ti batan milih emas, mending milih kanyaho.
Kami teh hikmah, punjul ti batan permata. Kabeh panyileukan maneh, moal ngungkulan ka kami.
Kami teh hikmah, boga akal budi, kanyaho jeung panalar anu sehat.
Sieun ku PANGERAN, eta cua kana dosa. Adigung reujeung gumede kacua kami, kitu deui adat jahat reujeung omongan palsu.
Kami nu ngarang tarekah, kami anu ngajalankeunana. Kami nu boga pangarti. Tur kami digjaya.
Kami nyokong raja-raja, ngaping ngatur karajaan, ngabantu para pangagung nyusun hukum kaadilan.
Pamarentah-pamarentah di dunya, ahli-ahli nagara jeung para gegeden, jarenengna teh ku lantaran kami.
Kami nyaah ka anu nyaah ka kami. Sing saha nu neangan kami, tangtu bisa papanggih.
Kami bisa mere kasugihan, harkat, kaharjaan katut kayaktian.
Sagala perkara anu ti kami, punjul ti emas nu pangendahna, punjul ti perak nu pangmurnina.
Kami nyorang jalan anu bener, nuturkeun jalan kaadilan.
Jalma nu nyaah ka kami, ku kami diwaris kakayaan, imahna dipinuhan dunya brana.
Di antara ciciptan PANGERAN katut dadamelana-Na, kami anu pangheulana dicipta ti jaman purwa.
Kami digelarkeun pangheulana, memeh gumelarna alam dunya.
Samemeh aya sagara, samemeh aya cinyusu-cinyusu, kami geus lahir ti jaman beh ditu.
Medal saheulaeun gunung-gunung, lahir memeh pasir-pasir tingjalegir.
Nya samemeh PANGERAN ngadegkeun bumi jeung daratanana, samemeh aya taneuh sakeprul.
Kami nyaksian Mantenna ngadegkeun langit, nyaksian Mantenna mentangkeun cakrawala luhureun sagara.
Nyaksian Mantenna ngayakeun mega di langit, nyaksian Mantenna mukakeun sumber-sumber cai sagara.
Nyaksian Mantenna marentah ka laut, sangkan ulah pasang liwat ti misti. Nyaksian Mantenna masangkeun pademen bumi.
Kami nyarengan Mantenna lir ahli adegan. Kami jadi sumber kasugemaan manah-Na sapopoe. Kami bagja aya di payuneuna-Na.
Kami sugema nenjo alam dunya, sarta kataji ku umat manusa.
Para nonoman, raregepkeun! Turutkeun pitutur kami, tinangtu bagja.
Lenyepkeun sakur anu ku kami diwurukkeun. Hikmah teh ulah dimomorekeun.
Sing saha anu ngagugu ka kami, tinangtu bagja hirupna, sapopoe ngajaga dina panto kami, ngadago dina lawang ka imah kami.
Jelema nu bisa manggihkeun kami, ngamilik hirup, sarta kamanah ku PANGERAN.
Anu teu bisa manggihkeun kami, eta teh nyangsara maneh. Anu ngewa ka kami, tandaning cinta kana paeh."