Titus 1
Titus anaking! Ieu bapa, Paulus, abdina Allah, rasulna Yesus Kristus, nyuratan ka hidep. Bapa dipilih jeung diutus kudu ngabantu ngadegkeun kapercayaan jalma-jalma anu ku Allah geus dipilih jadi umat-Na, kudu ngawanohkeun kayaktian anu diajarkeun ku agama urang,
nya eta agama anu ngarep-ngarep kana hirup anu langgeng. Eta hirup langgeng teh geus dijangjikeun ku Allah ti barang mimiti Mantenna ngayakeun waktu. Eta jangji pinasti bukti, da Allah mah tara jalir tina jangji,
tangtu nyata dina amanat-Na, lamun geus cunduk waktuna. Bapa diparentah ku Allah Jurusalamet urang, dipercaya ngembarkeun eta amanat Mantenna.
Titus anaking, hidep jadi anak bapa teh lantaran sakapercayaan jeung bapa. Mugia hidep ginanjar rahmat rahayu ti Allah Rama jeung ti Kristus Yesus Jurusalamet urang.
Hidep ku bapa ditinggalkeun di Kreta, kudu nganggeuskeun sakur anu kudu dipigawe, jeung kudu ngangkat tua-tua jamaah di unggal kota. Gumatikeun ieu sarat-saratna. Nu kudu diangkat teh nya eta:
jalma nu taya celana; anu bojona ngan hiji; anu anak-anakna palercaya ka Kristus, henteu baragajul atawa bangkawarah.
Ku sabab tua-tua teh pamingpin jamaah anu nguruskeun padamelan Allah, tangtu ulah aya codekana, ulah gumede, ulah barangasan, ulah pamabokan, ulah bengis, ulah mata duiteun.
Kudu someah ka semah, resep migawe nu hade. Kudu bisa nahan diri, jujur, suci, ta’at kana aturan.
Tuhu kana warta amanat Allah anu wajib dipercaya, nurutkeun pangajaran anu geus katarima ku dirina. Lamun kitu tangtu bakal bisa nganasehatan ka batur ku eta pangajaran anu sayakti, jeung bisa nuduhkeun kasalahan batur anu ingkar tina eta pangajaran.
Sabab loba jelema anu sok barontak, babakuna anu parindah ti agama Yahudi, nyebarkeun omongan panipuan anu taya eusina, nyasabkeun ka nu sejen.
Omonganana ku hidep kudu dibungkem, sabab ngaliarkeun pangajaran teu uni, ngabarubahkeun jalma-jalma katut sakulawargana masing-masing, bari nyiar kauntungan pribadi nu teu pantes.
Samalah kungsi aya hiji nabi, urang Kreta keneh, nyarita kieu: "Urang Kreta mah sapapanjangna barohong bae, jeung rarakus saperti sato galak, turug-turug ngaredul!" Da saenyana atuh! Nu matak ku hidep kudu diweweleh, sina sehat deui imanna,
(1:12)
sina ulah nganut deui dongeng-dongeng Yahudi jeung papakon anu diayakeun ku jelema-jelema anu ngalawan kana piwulang anu bener nu asalna ti Allah.
Di jelema anu suci mah sagala rupa oge suci. Sabalikna di jelema anu pikiranana kotor jeung teu percaya ka Allah mah moal aya sipat suci, lantaran pikiran jeung batinna oge geus kotor!
Ari ngakuna mah nyaho ka Allah, ari kalakuanana ingkar ti Allah, pinuh ku kangewa, tukang baha, pamohalan bisa migawe nu hade.