:

Titus 2

1

Ari hidep mah ngajar teh sing cocog jeung asas pangajaran anu bener.

2

Lalaki anu geus karolot papatahan yen kudu nyaho ka diri, kudu nyaring pikir, kudu bisa nahan perasaan, bijaksana, bener nyekel kapercayaanana, nyaahan, tabah.

3

Awewe anu geus karolot papatahan yen tingkah polahna kudu sing sakumaha tingkah polah wanita anu ibadah, ulah upatan, ulah katagihan ku inuman keras, tina perkara nu hade kudu itung-itung jadi guru,

4

ka papada awewe anu ngarora kudu daek papatah yen kudu nyaah ka salaki jeung anak,

5

kudu bisa mawa diri, hirup kudu beresih, kudu jaradi ibu rumah tangga anu hade, ngesto ka salaki, supaya ulah aya anu nepi ka ngagogoreng warta ti Allah tea.

6

Barudak ngora papatahan yen kudu ngawasaan diri.

7

Hidep pribadi kudu nyontoan hade. Sing suhud, sing tigin ngajar teh,

8

kecap-kecapna kudu sing peryoga, ulah matak ngondang picawadeun, supaya anu ngamusuh ge eraeun lantaran teu manggih omongkeuneun, nepi ka teu bisaeun ngagogoreng ka urang.

9

Anu kumawula papatahan yen kudu ngesto ka dunungan, sing matak pikaresepeun juraganana dina sagala perkara, mun diomongan ulah nyental,

10

ulah ceceremed, sing kaciri hade watek jeung satia, sagala peta sing matak jadi puji kana piwulang hal Allah Jurusalamet urang.

11

Sabab Allah teh geus nurunkeun nugraha-Na kersa nyalametkeun sakabeh manusa.

12

Eta nugraha Mantenna teh ngadidik sangkan urang miceun kabiasaan anu doraka jeung napsu kadunyaan, malar hirup di alam dunya teh bisa ngadalian diri, jujur, ibadah,

13

ngadago Poe berkah anu ku urang dicileuk, anu ngebrehkeun kamulyaan Allah urang anu agung jeung Jurusalamet urang Yesus Kristus.

14

Anjeunna geus ngurbankeun salira-Na pipaedaheun urang, supaya urang bisa disalametkeun tina sagala kajahatan, jadi umat suci kagungana-Na ku anjeun, umat anu rajin ngalampahkeun kahadean.

15

Pek eta kabeh ajarkeun ku hidep. Ari ngajar, boh dina ngawawadian, boh dina ngaweweleh, kudu aya wibawa, ulah beunang dihahangu ku nu ngadengekeun.

Link: