Titus 3
Jalma-jalma teh ingetan ku hidep yen kudu tunduk ka pamarentah, ka nu nyarekel kawasa nagara, ta’at tur siap ngalakonan sarupaning anu hade.
Elingan yen ulah ngagogoreng batur, kudu runtut jeung someah, ka itu ka ieu kudu darehdeh.
Urang sorangan ge bareto mah bodo, bantahan, sasar, jadi budakna hawa napsu jeung rupa-rupa kasukaan, hirup dikepung ku rasa timburu jeung dengki, batur ngewa ka urang, urang ngewa ka batur.
Geus kitu datang kasaean jeung asihing Allah Jurusalamet urang,
urang teh dijait disalametkeun. Tapi disalametkeun ge lain ku sabab urang geus migawe anu hade, tapi ngan ku perbawa sih piwelas-Na, anu dilaksanakeunana ku Roh Suci. Rereged diri urang teh ku Roh Suci dikumbah beresih, nepi ka hirup urang jadi anyar.
Allah ngalimpahkeun Roh Suci ka urang teh ku jalan Yesus Kristus Jurusalamet urang.
Ku karana kurnia-Na eta, urang teh ku Allah diangken deui, sarta dimilikan hirup anu langgeng anu dicileuk ku urang tea.
Ieu hal anu diomongkeun ku bapa teh sabenerna. Anu matak hal ieu pangpangna ku hidep kudu diterangkeun sing jentre, supaya anu palercaya ka Allah satekah polah migawe hal-hal nu hade, anu aya paedahna pikeun balarea.
Tapi mun aya anu ngabantah ku alesan-alesan anu gejul, atawa mun aya anu nyabit-nyabit turunan, anu pasea atawa gelut ku hal Hukum Agama Yahudi, singkiran bae da taya gunana, taya untungna.
Jelema anu mecah belah jamaah pepelingan sakali, dua kali, teu ngadenge keneh mah tinggalkeun ulah dideukeutan deui,
sabab tetela ana kitu mah geus ingkar. Ciri yen manehna salah, kapan eta kalakuanana kitu teh dosa.
Bapa arek ngajurung Artemas atawa Tihikus ka dieu; lamun geus datang, hidep sabisa-bisa kudu buru-buru nepungan ka bapa di Nikopolis, sabab bapa arek nganjrek di dinya satungtung usum tiris.
Senas ahli hukum tea jeung Apolos, bantu sakuat-kuat supaya bisa bral ngayakeun perjalanan, urus bekelna sing cukup.
Batur-batur urang saagama sina dialajar parigel kana panggawe hade, sangkan nyukupan anu enya-enya dipikabutuh. Harirupna ulah nepi ka teu guna.
Aya salam keur hidep ti dulur-dulur anu reureujeungan jeung bapa. Salam deuih ti bapa ka dulur-dulur sakapercayaan. Mugia anu di darieu meunang berkah ti Allah. Wassalam, Paulus